Teh Iva, bareto mah, rai abdi nuju alit keneh oge pamabokan. tah, ari ku pun bapa mah, sateuacan angkat2an sok dipiwarang ngaeueut Sprite, coke atawa fanta sateuacan numpak mobil teh.lami2 mah, biasa weh, tara pamabokan deui. duka leres duka henteu ieu teh, ngan ka pun adi mah manjur...
-Bohay- 2006/12/12, mojang_akank <[EMAIL PROTECTED]>:
Geuning kang kumi teh "mantan" jalma pamabokan jiga abi.....hehehe Ubarna kunaon kang ? da geuning ku sampeu atah ge ari mabok mah ngaorolo bae, kesang lembut kesang badag, mual dina jero patuangan asa digulang gapeh, lieur, teu bisa nanaon, nuang itu nuang ieu teu asup, kadieu salah kaditu salah...kitu nya mun tos jadina heuheuheu Neng Iva

