Geuning kang kumi teh "mantan" jalma pamabokan jiga abi.....hehehe Ubarna kunaon kang ? da geuning ku sampeu atah ge ari mabok mah ngaorolo bae, kesang lembut kesang badag, mual dina jero patuangan asa digulang gapeh, lieur, teu bisa nanaon, nuang itu nuang ieu teu asup, kadieu salah kaditu salah...kitu nya mun tos jadina heuheuheu
Neng Iva --- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Baheula, basa keur leutik, sigana mah kuring teh asup kana istilah jalma > pamabokan. Tuda eta we, teu kaur indit2an tumpak mobil, gawe teh mabok jeung > mabok bae. Padahal teu pira, lalampahan tumpak mobil teh, misalna, ukur ti > Garut ka Cikajang, atawa jauhna ka Tasik atawa ka Bandung. Geus teu kudu > didongengkeun ari basa ngilu rombongan kulawarga ka Jakarta mah > (ngabageakeun Enin & para uwa anu balik munggah haji, taun 80-an, da uing ge > can sakola2 acan), da ongkoh kuringna ge poho deui, naha kumaha harita > kajadianana. Anu inget teh kungsi naek ka Monas we... hehe (punten ah ka Den > Roisz & nDen Iva anu kakara manggih Monas taun2 kamari). > > Kuring teu pati inget iraha kuring tobat tina pamabokan, nu puguh mah, basa > geus kuliah teh kungsi keneh mabok, nepi ka 'dibuang' di Cileungsi ku kenek > beus. Mabok soteh sabenerna mah lain ku alatan beuki2 teuing, tapi memang > awak keur teu walagri, keur loba nu karasa. Da lamun keur jag2 mah, tong > boro bari diuk, dalah ti Jakarta ka Garut ngaliwatan Jonggol bari nangtung > ge teu ieuh lieur (jadol teh, dina mangsa mudik mah supir beus jeung kenek > teh saradis pisan, maenya genep jam teu dibere diuk sakeudeung2 acan, jaba > ongkosna nikel deuih). Oh enya, pernah tigebrus deui kana 'dunya hitam' > pamabokan teh taun 90-an basa ulin ka Singajaya. Tapi da eta mah enyaan > atuh, euy. Lamun ceuk nu heureuy tea mah, jalanna teh mani naudzubillaah, > keur heureut teh pungkal-pengkol & turun-naek disakalikeun. Nyaho kitu mah > kajeun muruhkeun we, heuheu... > > Pas tadi isuk2, keur anteng2 nundutan bari nyerangkeun tetempoan sapanjang > jalan tol Cipularang, jol-jol... oroloooo....... panumpang awewe utah > gigireun pisan. Untung bae manehna mekel keresek (sigana mah geus taki2, > boa2 jalma pamabokan oge), jadi bukur pamabokan teh teu kamana- mendi. Barang > ngadenge nu o... tadi, kuring langsung meureumkeun maneh, da sieun > gehgeran... heheh... bari ngagerentes na jero hate (na jero sumur mah sieun > beakeun oksigen), "Ieu jelema kunaon, sih... Jalan salempeng2 ngadon > mabok... Ah, keun bae ketang... Nu penting mah teu kaambeu bauna, da > kabeneran geus sababaraha poe irung teh kapeungpeuk leho." > > Kela... na pikiran teh aya keneh dongengkeuneun, tapi bet ngadadak poho deui > euy... Duh, hapuntenna bae. Keur mah dongeng teh teu rame, kalah ngabuntut > bangkong deuih... > > On 12/11/06, Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Bérés upacara Juhé langsung ka warung nu tadi bari ambek- ambekan⦠> > > > Juhé : "Pak, ubar nu diinum kukuring téh palsu nyaaa?!" > > > > Tukang Warung : "Naha kitu Pak?" > > > > Juhé : "Geus nginum 2 angger teu cageur lieur téh!" > > > > Tukang Warung : "Bapak ti Kepolisian nyaaaâ¦?" > > > > Juhé : "Enya, naha kitu mun ti Kepolisian???" > > > > Tukang Warung : "Paingan atuh, ubar téh teu matih da Antimo mah keur mabok > > Laut, Darat jeung Udaraâ¦..Kepolisian mah teu aya Pakâ¦" > > > > Juhe : "????!!!!?????....hhhhhrrgggggghhhhrrrrhhhhh............." > > >

