Pasanggiri
Dina raraga mieling tepung taun, dihiji pasanggrahan diayakeun pasanggiri 
"polygami award" hadiahna teu tanggung tanggung, salian hadiah utama bulan madu 
ka bulan,oge peserta anu pamajikan panglobana meunang hadiah tambahan, honda 
jazz, hiji sewang. Jadi mun pamajikanana aya sapuluh, teu dicoceng honda 
jazz-na ge sapuluh sapuluhna dibikeun.

Cunduk kana waktu ninggang kana mangsa, pasanggiri polygami award dimimitian. 
Minangka bubuka, dipidangkeun lagu pangbagea ka nu kadedemes kana nyandung 
nyaeta lagu "beger mindo" jeung "beger pakokolot" teu kaliwat dipidangkeun oge 
lagu "alim dicandung, tongtolang nangka, jeung talak tilu" minangka lagu 
panggeuing pikeun para istrina. Rengse midangkeun lalaguan, panyatur acara 
langsung nyalukan para peserta titah naek ka podium.
"Peserta kahiji, mangga dihaturanan kapayuuuuunnnn!" sorana aweuhan kawantu 
make sound sistem jeung toa anu dipasang diunggal juru. Teu kungsi lila, 
kalacat saurang lalaki tegep,kasep ngalempereng koneng, naek kana panggung 
diiringkeun ku para istrina.
"Nepangkeun abdi asev gumasev, asli legok hangseur, tah nu ngaderet dipayun teh 
sanes sasaha, ieu teh sadayana bojo abdi, punten nu dicandak mung sapuluh, lima 
urang deui teu tiasa hadir, abis lagih ginih!" pokna bari ngabureuteukeun 
beuteungna. Ngadenge kitu nu narongton langsung surak eak eakan.
"Kayungyun euy, ngora ngora geus reuay pamajikanana!" ceuk nu lalajo bari cruk 
crek.
"Sanes kayungyun, tapi teu uyahan!" nu gigireunana ngengklokan bari jebi.

Rengse midangkeun peserta kahiji, burudul peserta kadua datang, ku salakina 
titah ngajejer baris, rapih pisan.
"Berhituuunnng.....mulai!" gorowok salakina anteb.
"Cieeeee....duooooo.....teluuuuuu.....opaaaatttt!"
Dipungkas ku nu panungtung "Lima likuuuuuuurrrrr.....lapor! Sapuluh deui nuju 
on the way...laporan selesai!" atuh ger nu lalajo surak deui ager ageran tambah 
tarik.

Ayeuna giliran peserta ka tilu, pangawakanana lintuh bayuhyuh, leumpangna 
ngagegag, naek ka panggung ge teu sirikna dibeyeng, loba teuing kilir sigana 
mah. Ngan aneh, teu ngiringkeun pamajikanana saurang saurang acan, ngan basa 
nepi kapodium manehna langsung nyorowok.
"Nepangkeun sikuring, siraja goda tea, samemehna, sikuring bade tumaros ka 
parawargi anu ngahadiran ieu acara. Sing saha anu rumasa jadi bojo sikuring 
mangga geura ngaracuuuuunnnng!" na atuh ari bereyek teh ampir satengahna anu 
lalajo ngaracung, bari ting gorowok patembalan.
"Hiduuuppp apana si teueul.....hiduuuuuupppp honey....hiduuuupppp 
si-aa......muaaachhhh!" reang patembalan
"Yi....abdi mah sedih tos sasasih langkung teu dikilir kilir ku si-aa!" ceuk 
salahsaurang nu lalajo anu tadi pipi lueun ngacung.
"Sanasib atuh sareng abdi ari kitu mah!" tembal nu gigireunana ngalimba.
"Har....da abdi mah benten geuning, ari dikilir saban dinten, ari diajak ka 
naib geuning teu acan wae!" ceuk saurang wanoja anu keur sumedeng sumeueul.

Mireungeuh pamajikan peserta katilu sakitu ngaleutakna, panyicia polygami award 
langsung birat lantaran geus kasawang pisakumahaeun reana honda jazz anu kudu 
dipasrahkeun kamanehna. 
"Daripada bandar tekor......mendingan buron yuuuuuu...itu geura kalahka pura 
pura maca imel...geuwat kabur!" ceuk ketua panyicia bari ngajewang baturna.

syam ridwan
nu teu aya dinu sanes, aya didieu www.keomsakedap.multiply.com

Kirim email ke