Punten, bade ngiring curhat.. Manawi kenging..

Nembe abdi nepangan tamu, saurna teh ti "Dinas Tenaga Kerja Kotamadya",
bari ngagigiwing surat tugas ti atasanana, pajarkeun the kedah ngayakeun
training PPHI di kantor sim kuring.

Teras ku Abdi di taros, naha ieu teh wajib?
"Betul" saurna teh, kulantaran ieu teh ageung mangpaatna kangge karyawan
cenah. 
Teras ti pihak kantor kedah ngayakeun naon? Jawabna kieu:
- Waktu & Tempat
- Materi
- Akomodasi untuk 4 orang
Teras ku abdi di taros, naha bet kedah disayogikeun ku kantor ari
program ti Depnaker mah? 
Eh, jawabanana langkung 'mencengangkan': 
"Kalo misalnya nggak mau ngadain juga ya nggak apa-apa, tapi tolong lah
kami minta 'akomodasi' untuk 4 orang ini.. Terserah berapa aja.." Pokna
teh bari ngomong yen si PT.Anu mah mere sakitu ratus rebu saurang..

Euleuh..
Asa hookeun urang mah..

Kabeneran, di kantor teh harita geus kungsi ngayakeun sosialisasi PPHI, 
tapi keukeuh da dibejakeun siga kitu ge pokna teh "itu kan beda" cenah.
Malah aya cariosan beliau, duka naon maksadna, nyarios kieu:

"PPHI ini penting buat karyawan, tapi kalau saya mah PNS, nggak perlu.
Saya mah mau nggak masuk kerja TIGA BULAN juga nggak bakalan dipecat...
Beda sama kamu.."

Asa lieur nyanghareupan nu kieu uing mah..

Cikan, naha enya PNS teh aturanana kitu? Atawa di Lampung wungkul? Lamun
enya teh, paingan negara teu maju-maju...

Cag ah.

iwan
(rada keuheul keneh)

Kirim email ke