cing saha ngarana eta PNS teh kang?
urang teluh ti dieu geura
teu kudu nu beurat, cukup beuteungna dieusian bedug we he..he..he..

Duka teuing atuh kang, beuki dieu asa beuki harengheng nya.

Pangagung ku pangagungnya ngarasa boga kawasa rek kitu rek kieu teh meni asa
laluasa.
Aparat ku aparatna ieuh aing loba balad boga pangkat, padahal kalakuan teu
beda jeung preman, garong jeung bangsat.
Anu karunya mah rahayat, keur mah hirup masakat, keur mah bumi alam keur teu
nyobat, ditambah kalakuan  wakil rakyatna bejat.

Arina kitu keun we nya kang, da melak cabe mah moal jadi bonteng.
Keun wae sa pelakna-sa pelakna.

Mendingan urang ngadoa, mudah-mudahan hate jalma-jalma anu kararitu teh
dibukakeun ku Pangeran. Sina sadar.
amiiiiinnnnn


On 12/12/06, Iwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:


Punten, bade ngiring curhat.. Manawi kenging..

Nembe abdi nepangan tamu, saurna teh ti "Dinas Tenaga Kerja Kotamadya",
bari ngagigiwing surat tugas ti atasanana, pajarkeun the kedah ngayakeun
training PPHI di kantor sim kuring.

Teras ku Abdi di taros, naha ieu teh wajib?
"Betul" saurna teh, kulantaran ieu teh ageung mangpaatna kangge karyawan
cenah.
Teras ti pihak kantor kedah ngayakeun naon? Jawabna kieu:
- Waktu & Tempat
- Materi
- Akomodasi untuk 4 orang
Teras ku abdi di taros, naha bet kedah disayogikeun ku kantor ari
program ti Depnaker mah?
Eh, jawabanana langkung 'mencengangkan':
"Kalo misalnya nggak mau ngadain juga ya nggak apa-apa, tapi tolong lah
kami minta 'akomodasi' untuk 4 orang ini.. Terserah berapa aja.." Pokna
teh bari ngomong yen si PT.Anu mah mere sakitu ratus rebu saurang..

Euleuh..
Asa hookeun urang mah..

Kabeneran, di kantor teh harita geus kungsi ngayakeun sosialisasi PPHI,
tapi keukeuh da dibejakeun siga kitu ge pokna teh "itu kan beda" cenah.
Malah aya cariosan beliau, duka naon maksadna, nyarios kieu:

"PPHI ini penting buat karyawan, tapi kalau saya mah PNS, nggak perlu.
Saya mah mau nggak masuk kerja TIGA BULAN juga nggak bakalan dipecat...
Beda sama kamu.."

Asa lieur nyanghareupan nu kieu uing mah..

Cikan, naha enya PNS teh aturanana kitu? Atawa di Lampung wungkul? Lamun
enya teh, paingan negara teu maju-maju...

Cag ah.

iwan
(rada keuheul keneh)

Kirim email ke