Wilujeng kang akos. Do'ana sami sareng kang iim. Tiasa nitip doa henteu kang ? hehehe....heureuy ketang. Mugi ditampi amal ibadahna ku Alloh SWT, mugi janten Haji mabrur.
Neng Iva --- In [email protected], "kang boim" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Wa'alaikumsalam wr, wb. > Alhamdulillah....... > Haturan kang Akos..., > sim abdi sakulawargi ngaturkeun wilujeng angkat mugia dipaparin kakiatan, > kasehatan, kagampangan sareng kalancaran salami ngajalankeun ibadah haji, > anu utami mugia janten haji nu mabrur mungguh Allah Swt....amin. > sim abdi oge sami-sami neda sihapunten tina sagala kalepatan sareng > kakhilafan salami ieu, insya Allah sim abdi ngahapunten kana sagala > kalepatan sareng kakhilafan kang Akos miwah tuang rai (bojo). > bral....geura miang do'a baraya sadaya salawasna marengan kang Akos > sakulawargi, teu hilap do'akeun abdi sadaya mugia tiasa nyusul kanggo > ngalakonan ibadah haji di taun nu bade dongkap....amin. > > wassalam, > > "kkbm'69" > -pami teu lepat teh Netty oge angkat ngalaksanakeun ibadah haji taun ieu, > mudah-mudahan tiasa tepang. > > > On 12/13/06, Akos Kosasih <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Assalamu'alaikum Wr. Wb. > > Para wargi milis Kusnet sadayana, > > dina poe Senen ping 18 Des minggu payun, sim kuring sareng pun bojo > > insyaAllah bade angkat ka tanah suci kanggo ngajalankeun ibadah haji. > > Kukituna, sim kuring sareng pun bojo nyunkeun pidu'a ti para wargi > > sadayana sangkan ibadah haji anu baris dilakonan ku sim kuring oge pun > > bojo dipaparinan haji anu mabrur. > > Teu hilap, ka kadang wargi anu tos meh 3 taun ieu pagilinggisik boh > > babakan maya oge dina sarupaning kopdar, kempelan, HBH jsb, sim kuring > > nyunkeun pangampura boh bilih aya kecap anu teu ka tata atanapi laku > > anu teu ukur. > > Mangga urang silih duakeun, mugia Alloh ngahampura dosa urang sadaya. > > > > Sakitu heula anu tiasa kapihatur, > > Wassalam, > > > > baktosna akos > > > > >

