Numawi abah teh hoyong ngagaleuh ,kanggo icaleun deui .
Nya tangtos bae ari anu teu hobby kana batu ali ,moal patos ngartos .
Nanging rupina upami kaleresan naroskeun batu asli Kaimantan  rupina 
diuningakeun batu kucubung kupemilik Toko Batu.
Anu sae warnana ungu tua .

wassalam abah,

----- Original Message ----
From: Budyana Yogaswara <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Thursday, December 14, 2006 12:06:10 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] " Nepangan warga Kusnet anu aya di Kalimantan "

Seueur abah didieu mah anu icalan batu, mung abdi mah teu patos apal anu kumaha 
kucubung teh da saleresna mah teu ngartos-ngartos acan kana babatuan teh. Dupi 
ieu teh maksadna abah bade ngical atanapi meser? ke, iraha-iraha upami 
kaleresan ngulampreng kapaliih dinya urang taroskeun. 
 
Salam,
Budyana

 
On 12/14/06, dirman surya <dirmansurya@ yahoo.com> wrote: 
Kahatur ayi Budyana Y di Balikpapan,
 
Hatur nuhun kana perhatosan sareng bantosanana, kersa ngawaler serat ti abah.
Numawi ari isinamah nataku kumawantun ngawagel anu nuju sibuk damel? 
Numawi mamanawian uninga atanapi aya toko anu icalan batu ali asli Kalimantan 
upami teu lepat mah kucubung ? Abah teh hoyong alit2an
bisnis kana batu ali,neda dibantos kumaha saena .
Nanging omat ulah ngawagel kana padamelan ieu mah iraha bae upami aya waktos 
luang,
Hoyong dihubungkeun sareng pemilik Toko ,
 
wassalam abah ti sukabumi,

 
----- Original Message ----
From: Budyana Yogaswara < [EMAIL PROTECTED] sunda.or. id>
To: [email protected]
Sent: Monday, December 11, 2006 1:54:40 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] " Nepangan warga Kusnet anu aya di Kalimantan " 


Abdi di Balikpapan, ngan sok tara aya dibumi :) 


On 12/10/06, dirman surya < dirmansurya@ yahoo.com> wrote: 
Assallamualaikum wr wb,
 
Dulur- dulur anu aya dilembur,baraya- baraya anu aya di kota,saderek- saderek 
anu aya dipasisian,mamanawi an kagungan wargi atanapi kenalan
anu nganjrek,linggih di Kalimantan .
Pribados hoyong kenalan, saha anu terang enjing jaganing pageto upami
dipanjangkeun yuswa ,tiasa amengan kadaerah luar Jawa Barat .
Manawi ulah kurung batok,ngotok ngowo dilembur sorangan,saba daerah lain .
Langkung tipayun ngahaturkeun rewu-rewu nuhun,laksana kabingahan
kana bantosan sareng perhatosan warga Kusnet saalam Dunya .
 
wassalam,
abah ti sukabumi
 
 
 

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger .yahoo.com 



 

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 




Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke