Manawi teh wargi enggal ninggal alamat e-mailna, sihoreng teh ...heuheuheu..
Perkawis maen panah, waktos harita, biasana dilapangan maen bal, dinten
Juma'ah sonten atanapi dinten Saptu sonten, anu sok ngiringanan (pamilon)
paling seueur welasan jalmi (upami nuju lengkep sadayana) mung seseringna mah
5~7 jalmi, carana, para pamilon caralik ngajajar dina samak upami henteu dina
kulit embe/domba.
Ngajajarna dina garis pinalti, teras inceranana (sasaranana) di simpen di
garis tengah lapangan maen bal, tiasa mangrupi berendol atanapi tampir.
Berendol, didamelna tina tapas kalapa dibuleudkeun, dibungkus ku karung goni
teras di cet warna warni tingawitan beureum (nu pangalitna) koneng (nu rada
alit), hejo (nu rada ageung) sareng bodas (nu pangageungna), eta bal-balan
tina tapas (berendol)) teh diruntuy ku kawat
nu pangalitna palih luhur, rada alit, rada ageung teras pangageungna palih
handap.
Anu pang alitna ukuranana saageung peureup budak, anu pang ageungna mah
kinten-kinten saageung jeruk bali, masang na digantungkeun antawis dua tihang.
Tampir, saleresna mah nyiru alit palih pengkerna (anu kerungna) di jejelan
tapas kalapa, teras dibulen (dibungkus karung goni), teras dicet bodas sadaya,
di tengahna digambar buleudan, tengah-tengahna buleudan alit beureum, teras
diluar buleudan beureum didamel buleudan koneng, diluar buleudan koneng
dibuleudan ku warna hejo, masangna disarandekeun (nangreu) kana tilu tihang.
Saparantos sayagi sadayana, teras we dipiriwitan, kangge tanda ngadu panah
dingawitan, oge tanda ka para panonton supados nyarisi, ulah aya dina garis
udagan paser.
Tos kitu mah pating belesat we paser, ngincer kana berendol atanapi tampir,
unggal pamaen biasana 10 paser, saparantos seep 10 paser unggal pamaen, teras
dipiriwitan deui
breng we sadaya pamaen mapah nyampeurkeun berendol/tampir, biasana sok aya
tukang catet, kanggo nyatet peunteun, paser anu keuna kana berendol pang
alitna (beureum) atanapi paser anu keuna kana buleudan pang alitna (beureum)
pang ageungna peunteunna, duka sabaraha-sabaraha peunteunna mah.
Tah waktos piriwit tanda paser seep, barudak tukang mulung paser riab,
nyandakan/
mulungan paser anu teu keuna kana berendol/tampir, tara pahili da tos terang
anu saha anu sahana.
Kitu sareng kitu we dugika sababaraha geprakan mah, beres tos sababaraha
geprakan, (anu kasaluyuan tiwaktos ngawitan), teras dietang peunteunna,
kadang-kadang oge sok aya tumpanganana (sok sanaos henteu sabaraha), jaman
harita paling ageung nu kenging teh mung ukur saperak (sarupia).
Anu mucekil mah budak anu mulungan paser, upami jagoanana kenging, sok
kaperesen dugi ka satalen, budak anu sanes mah paling-paling oge saketip (10
sen) atanapi 15 sen.
Waktos harita pangaji 5 sen tiasa meser karedok atanapi lotek sapincuk, upami
henteu pisang horeng atanapi jala (jalabria) kenging dua.
Perkawis kecap paser, tiasa dianggo kanggo paser sumpit sareng paser panah.
Bentenna, paser sumpit langkung pendek dibanding sareng paser panah.
Paser sumpit didamelna tina awi atanapi harupat kawung (nyere injuk anu
rupina hideung)
saparantos dirautan (awi) teras tungtungna hiji diseukeutan, tungtung anu
hiji deui dibalur ku leugeut (geutah lem) tiasa geutah teureup atanapi geutah
kajujaran, saparantos dibalur leugeut/lem teras diantelkeun kana gundukan
kapas/kapuk (kapas buah randu), teras weh diputer-puter bari rada dikeupeul
supados rapih sareng rada padet, kinten-kinten salebetna kana liang sumpit.
Paser panah didamelna tina awi anu tos kolot anu uratna semu cokelat (biasana
awi anu dianggo; awi temen, awi wulung sareng awi gombong) aya oge anu didamel
tina tangkal jambe (pinang, bhs. Indonesia) saparantos dirautan kirang langkung
saageung batangan roko Marlboro, tungtung nu hiji diseukeutan (dipencoskeun)
namung henteu seukeut pisan mung saukur kanggo lebet kana "paksi", tuntung nu
sapalih deui diraut sakedik kanggo disampung sareng ??? (hilap deui) didamelna
tina tanduk mangrupi huruf "Y" kanggo napak kana tali gondewa, sateu acanna,
rada katungtung ditempelan ku bulu tilu jajar, buluna tiasa bulu hayam, bulu
entog, bulu soang sareng bulu manuk sanesna.
Masang buluna oge henteu gampil, salambar bulu hayam (aya 2 baris bulu)
disebit sabaris-sabaris, teras dielem ditempelkeun kana paser, saparantos
nempel tilu jajar nembe dibeulitan ku benang kanteh (benang kanggo ninun, biasa
kanggo ngadamel sirib atanapi kecrik/heurap jaman kapungkur), beres dipasang
bulu nembe dipasang "paksi" seuseukeut paser, didamelna tina seng dipincukkeun
(sapertos tarompet) tungtungna dapasihan paku teras dipatri, saparantos
dipasangan paksi nembe paser di pernis atanapi di cet, namung seuseurna mah
dipernis.
Maksadna dipasangan paksi, sajabina supados awet seukeutna, oge kanggo
ngabeungbeuratan kapalih payun, janten lajuna paser tiasa kebat henteu
galuang-galeong atanapi ngagibeg.
Halaahhhh...geuning nembe sakitu oge tos ngagebay ieu teh, teu acan waleran
anu sanesna, sanes waktos we nya anu sanesna mah.....insya Allah..
Pihatur,
ssw
reksagantra [EMAIL PROTECTED]
Perkawis "rurukan", kenging mulung ti urang Rancakalong, Sumedang.
Nu kahartos ku abdi: Lembur atanapi kempelan bumi nu meh sa-RW-eun,
upami di kota mah. Naha perkawis jarak -- hiji rurukan patebih
sareng rurukan sanesna -- abdi teu paos. Teu tetelepek siga ayeuna,
Pih. Hehehe...
Wangsul deui kana posting Apih, aya sawatara hal nu ku abdi bade
ditaroskeun:
1. Dina posting Apih tadi, oge nu sateuacanna, nu pangheulana (upami
teu lepat), Apih nyebat-nyebat perkawis panah sareng maen panah.
Patarosan abdi: Kumaha prak-prakannana maen panah eta teh, Apih?
Naha sapertos menak-menak Solo nu kantos katingali ku abdi: Bari
sila. (Siga nu pangangguran. Hehehe...).
2. Masih ngeunaan panah, dina posting kamari, Apih nyebat "gondewa
panah sareng paserna (aya 4 set upami teu lepat mah)". Sakaterang
abdi, paser mah sanes kangge maen sumpit? (Jaman abdi budak
mah, "paser"na tos digentos ku taneuh sareng...ciduh). Oge, naha eta
janten kaulinan budak jaman Apih harita? Atanapi kamonesan sepuh?
Hartosna, harita, masih aya keneh urang Sunda nu sok janten
panyumpit? (Siga Aki Balangantrang dina komik Ciung Wanara -- abdi
keur budak).
Eta bae heula, Apih. Hatur nuhun pisan kana walerannana.
Baktos,
Pun Maman
Recent Activity
19
New Members
Visit Your Group
SPONSORED LINKS
Culture change
Corporate culture
Cell culture
Organization culture
Tissue culture
Y! Messenger
Quick file sharing
Send up to 1GB of
files in an IM.
Yahoo! Mail
Get it all!
With the all-new
Yahoo! Mail Beta
Yahoo! Photos
Upload & Order
Same-day pickup
at Target
.
http://cikundul3.multiply.com
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda