Baraya,
Geus meh aya 3 bulanna ieu awak jeung pipikiran asa pasiksak,
katalingkung ku pagawean. Boh pagawean di kantor atawa pagawean
cacandungan (rumasa ngan kana pagawean anu wani moligami teh). Dina
bulan-bulan oktober nepi ka desember ieu mokaha pagawean teh jugala
ngageserkeun karesep sejen: tuang-toong jeung tulas-tulis di milist.
- Pardu kalaku, sunah kalampah
Keur conto wae, 2 minggu ka tukang aya kagiatan rapat di Surabaya.
Samemehna nyanghareupan pangawas ti inspektorat. Minggu kamari rapat
di Garut (bari sakalian nganteurkeun buku keur pabukon Kusnet di
Bungbulang tea. Rumpad-rampid naon wae nu kasampeur, anu penting pardu
kalaku, sunah kalampah).
Poe Saptu - Minggu geus biur ka Panaruban nepungan kanca-kanca anu
seja ngabaladah tatanen organik. Kandaga, ngaran beungkeutan eta
kanca-kanca dina eta kagiatan, dimimitian ku anu patarepung di alam
maya. Sugan wae hiji mangsa ieu wadah teh kaijabah jadi paimahan keur
anu haat aya perhatian nyata ka patani urang, ngajanggelek jadi
panaratas usaha anu manfaat boh keur ekonomi rahayat, nagara, katut
lingkunganana.
- Jurus elmu hikmah anu nganteurkeun titirah di hotel red top Jakarta
Minggu ayeuna, Senen nepi ka Rebo kabeneran dititah titirah di hotel
Red Top, Jakarta. Enya, sanajan indit ka eta patempatan mewah hotel
kelas binis babah A Ciong teh nedunan pangogan rapat dines ti
departemen, tapi enas-enasna mah ukur titirah. Sabab, panitia rapat
ngararancang eta kagiatan teh dihijikeun jeung kagiatan sejenna ti
departemen anu lain hancengan si kuring keur ngaluuhanana. Nya acara
teh dibagi sababaraha jeurangan. Kabaneran teu kabeneran, acara anu
kudu dihadiran ku si kuring aya dina jeurangan kahiji, isuk-isuk, poe
kahiji, jeurangan kadua poe kadua, jeung jeurangan akhir poe katilu.
Lah...aing mah, ngahesekeun pisan acara teh, cekeng teh na jero hate.
Matak nararafsu. Rek balik heula ka Bandung - da kebeneran dibekelan
"munding" keur tutumpakanana mah - kagok pisan kudu balik deui ka Jkt
isukna. Untung geus ngalap elmu hikmah tina postingan anu
madungdengkeun soal aa Gym nyandung, jadi teu laju ngambek teh. Anu
dimaksud elmu hikmah teh kieu: mindeng pisan mucunghul tulisan anu
ngomentaran hiji perkara - kaasup perkara aa Gym ngawayuh - ku kalimah
kieu: "ayeuna mah urang nyandak hikmahna wae...jst". Tah, anu tiasa
nyarios kitu teh ku kuring mah dianggap guru elmu hikmah kalawan
macaan postingna kaasup ngalap elmu hikmah :). Sabab, tiasaan
aranjeunna juragan guru teh, sakabeh kajadian bisa dicandak hikmahna.
Elmu hikmah anu geus kacangking teh - paduli teuing upama hakekatna
mah lain hikmah, balikta pagawean anu teu dibarengan ku rarancang anu
hade; departemen eta mah, lain kuring - dilarapkeun di hotel red top.
Tinimbang bulak-balik Bandung - Jakarta mah nya mendingan titirah wae
di kamer. Apan geus disadiakeun kamer hotel haratisan. Ana der
rapat-rapat dilakonan, nepi ka poe kadua oge kabuktian, materi rapat
geus rengse kagarap sagemblengna (bari cenah kacindekan pimpinan
rapat, saterusna si kuring rek dijadikeun nara sumber kagiatan jejer
rapat. Hehehe....sugan kabaruang ku pamairan-pamairan anu teu siap
rapat panitia teh?). Nya titirah di kamer hotel kelas bentang 4 -
cenah- teh nepi ka malem Rebo. Sabab poe Rebona geus kudu asup hotel
Panghegar, Bandung, pikeun ngaluuhan rapat (sejenna) ti departemen
keneh (edas....akhir taun di lingkungan PNS, teu wudu jadi mindeng
saba hotel).
Tulisan ATUM
Isukan geus kudu hiber deui ka Jogja. Aya rapat ti kantor sorangan anu
dilaksanakeun di Jogja. Naha bet di Jogja? Ah, ulah sok loba tatanya,
eta mah "dosa" dirjen anggaran jeung anu ngarencanakeun di pusat.
Bapenas jeung dpr oge dosa lamun eta kagiatan dianggap ngawur-ngawur
duit. Kuring mah rahayat biasa ukur ngalaksanakeun parentah. Lamun
tetep wae kabawa salah, sabab satemenna rapat di Jogja teh bisa
dilaksanakeun di kantor di Bandung, nya atuh nururtan Kang Maman wae:
"Oh my Lord, please forgive me".
Poe ieu balik ti hotel Panghegar aya waktu seutik keur mukaan mailbox.
Teu wudu, postingan jeung japrian geus ngahunyud. Aya waktu sakeudeung
memeh nyiapkeun materi di Jogja, dopake ngalongokan milist.
Barasat-barasat, postingan dibukaan hiji-hiji. Lolobana mah ukur
dibuka saliwatan, terus ditinggalkeun wae. Enya, rumasa boga waktu
ngan saemet, mukaan milist teh lolobana mah ngan mencet "older" dina
alamat anu di gmail atawa "next" dina mailbox anu di yahoo. Sakapeung
mencet "delete" lamun tepung jeung postingan/japrian anu teu aruni.
Pangampura dulur-dulur, lamun si kuring mencet "delete" lebah
postingan ngeunaan (anu masih neruskeun) jejer poligami (hakekat eta
postingan, asana, ngeunaan aa Gym). Lain wae karunya ka aa Gym, sabab
terus-terusan diomongkeun - tapi sabenerna mah (husy, ulah nulis
"hayang", peupeujeuh, apan loba anu nyebut "mama" sanajan nolak oge
..hehehe...ngadon nyaritakeun alewohna hate, punten da teu kitu hate
kuring mah, swear) teu pati loba gunana mairan postingan poligami mah.
Enya teu rek kitu kumaha, ari miluan satuju kana poligami, pasti pada
maledogan, utamana ku pasutrianpo (pasukan para isteri anti poligami);
sedengkeun lamun nolak poligami geus tangtu dikekesek ku pasulepepo
(pasukan para lelaki peminat poligami, anggotana: sakabehna lalaki
hehehe dina darajat minatna sewang-sewangan). Nyaan, sabaraha wae
gedena duit payogok, kuring mah rek absen wae lamun aya poling soal
poligami teh. Teu kabita mairan masing geus jadi anggota peca dpr oge
(pengusaha cafe dibawah pohon rindang). Moal kabita oge ku iklan "ga
ada loe ga rame" dina lebah jejer poligami. Far away jejer poligami
(bari nyurucud cipanon, nyeungceurikan nasib jadi .....lalaki hahaha).
Mana tulisana ATUM-na? Sabar pamirsa sadaya....Nyantai wae, na rek
kamana atuh? Dina hiji kasempetan mukaan postingan anu geus ngalayah
can karoris, ngolebat tulisan kang "reksagantra" anu jejerna test.
Satadina mah rek mencet delete oge kana eta surelek teh, tapi bet
kataji ku id "reksagantra". Sanggeus diintelan, si horeng simana
horeng, eta anu gaduh id teh juragan Maman Gantra, inohong Kusnet anu
tulisanana mibanda ajen sorangan. Enya Kang MGT tea nelahna mah,
tulisanana kasaksian ku sarerea, ngeusi dina tangtungan, puguh entep
seureuhna, andalemi dina rundayan guaranana. Seratan-seratan Kang Mgt
siga karya Mj jeung Kang Syam, sakapeung jadi tulisan ATUM. Lain atum
nuklir, komo amunisi keur baruntak mah, tapi ATUM "amengan tamba urat
murungkut" tea. Teu loba netters anu bisa nulis dina wanda tulisan
ATUM teh, salah sahijina nya kang Mgt. Atum jeung ngeusi, lempay jeung
andalemi.
Wilujeng ka Kang Mgt anu nembe gaduh id enggal : reksagantra. Tetela,
dina panangan kang anjeunna, wasta "maman" tiasa direvitalisasi jadi
ngaran anu gede kacida udaganana:. Enya, apan "reksa" teh hartina
"ngaping ngajaring" atawa anu salawasna ngajaga. Kahareup, moal boa
katuliskeun dina kamus Sunda, yen harti "maman" teh eta sarua jeung
"ngaraksa" atawa "ngariksa". Hehehe...punten Kang, ATUM wae ieu mah.
Mana Kaajaiban waktuna? sarantos heula, apan titadi ge geus dibejaan,
keur sakitu pakepukna. Naha atuh bet tulas-tulis jeung panjang deuih?
Ih, pan aya kahayang manusa mah sanajan keur sibuk (sanes sibuk da'wah
:) ). Keun wae atuh, ngamalirkeun adrenalin sajongjonan mah. Para
wargi, upama teu aya terasna pedaran ngeunaan kaajaiban waktu, wajar
wae da si kuring mah teu acan - boa moal saendeng mureleng oge -
nyangking elmu ajaib. Komo elmu ajaib ngeunaan waktu mah.
Cag.
baktosna,
manAR