ih aing mah, boro di bandungan, kataji ku jejer na, Ka Ajaiban Waktu,
horeng teh horeng
hahaha ....
On 12/14/06, oman abdurahman < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Baraya,
>
> Geus meh aya 3 bulanna ieu awak jeung pipikiran asa pasiksak,
> katalingkung ku pagawean. Boh pagawean di kantor atawa pagawean
> cacandungan (rumasa ngan kana pagawean anu wani moligami teh). Dina
> bulan-bulan oktober nepi ka desember ieu mokaha pagawean teh jugala
> ngageserkeun karesep sejen: tuang-toong jeung tulas-tulis di milist.
>
> - Pardu kalaku, sunah kalampah
>
> Keur conto wae, 2 minggu ka tukang aya kagiatan rapat di Surabaya.
> Samemehna nyanghareupan pangawas ti inspektorat. Minggu kamari rapat
> di Garut (bari sakalian nganteurkeun buku keur pabukon Kusnet di
> Bungbulang tea. Rumpad-rampid naon wae nu kasampeur, anu penting pardu
> kalaku, sunah kalampah).
>
> Poe Saptu - Minggu geus biur ka Panaruban nepungan kanca-kanca anu
> seja ngabaladah tatanen organik. Kandaga, ngaran beungkeutan eta
> kanca-kanca dina eta kagiatan, dimimitian ku anu patarepung di alam
> maya. Sugan wae hiji mangsa ieu wadah teh kaijabah jadi paimahan keur
> anu haat aya perhatian nyata ka patani urang, ngajanggelek jadi
> panaratas usaha anu manfaat boh keur ekonomi rahayat, nagara, katut
> lingkunganana.
>
> - Jurus elmu hikmah anu nganteurkeun titirah di hotel red top Jakarta
>
> Minggu ayeuna, Senen nepi ka Rebo kabeneran dititah titirah di hotel
> Red Top, Jakarta. Enya, sanajan indit ka eta patempatan mewah hotel
> kelas binis babah A Ciong teh nedunan pangogan rapat dines ti
> departemen, tapi enas-enasna mah ukur titirah. Sabab, panitia rapat
> ngararancang eta kagiatan teh dihijikeun jeung kagiatan sejenna ti
> departemen anu lain hancengan si kuring keur ngaluuhanana. Nya acara
> teh dibagi sababaraha jeurangan. Kabaneran teu kabeneran, acara anu
> kudu dihadiran ku si kuring aya dina jeurangan kahiji, isuk-isuk, poe
> kahiji, jeurangan kadua poe kadua, jeung jeurangan akhir poe katilu.
>
> Lah...aing mah, ngahesekeun pisan acara teh, cekeng teh na jero hate.
> Matak nararafsu. Rek balik heula ka Bandung - da kebeneran dibekelan
> "munding" keur tutumpakanana mah - kagok pisan kudu balik deui ka Jkt
> isukna. Untung geus ngalap elmu hikmah tina postingan anu
> madungdengkeun soal aa Gym nyandung, jadi teu laju ngambek teh. Anu
> dimaksud elmu hikmah teh kieu: mindeng pisan mucunghul tulisan anu
> ngomentaran hiji perkara - kaasup perkara aa Gym ngawayuh - ku kalimah
> kieu: "ayeuna mah urang nyandak hikmahna wae...jst". Tah, anu tiasa
> nyarios kitu teh ku kuring mah dianggap guru elmu hikmah kalawan
> macaan postingna kaasup ngalap elmu hikmah :). Sabab, tiasaan
> aranjeunna juragan guru teh, sakabeh kajadian bisa dicandak hikmahna.
>
> Elmu hikmah anu geus kacangking teh - paduli teuing upama hakekatna
> mah lain hikmah, balikta pagawean anu teu dibarengan ku rarancang anu
> hade; departemen eta mah, lain kuring - dilarapkeun di hotel red top.
> Tinimbang bulak-balik Bandung - Jakarta mah nya mendingan titirah wae
> di kamer. Apan geus disadiakeun kamer hotel haratisan. Ana der
> rapat-rapat dilakonan, nepi ka poe kadua oge kabuktian, materi rapat
> geus rengse kagarap sagemblengna (bari cenah kacindekan pimpinan
> rapat, saterusna si kuring rek dijadikeun nara sumber kagiatan jejer
> rapat. Hehehe....sugan kabaruang ku pamairan-pamairan anu teu siap
> rapat panitia teh?). Nya titirah di kamer hotel kelas bentang 4 -
> cenah- teh nepi ka malem Rebo. Sabab poe Rebona geus kudu asup hotel
> Panghegar, Bandung, pikeun ngaluuhan rapat (sejenna) ti departemen
> keneh (edas....akhir taun di lingkungan PNS, teu wudu jadi mindeng
> saba hotel).
>
> Tulisan ATUM
>
> Isukan geus kudu hiber deui ka Jogja. Aya rapat ti kantor sorangan anu
> dilaksanakeun di Jogja. Naha bet di Jogja? Ah, ulah sok loba tatanya,
> eta mah "dosa" dirjen anggaran jeung anu ngarencanakeun di pusat.
> Bapenas jeung dpr oge dosa lamun eta kagiatan dianggap ngawur-ngawur
> duit. Kuring mah rahayat biasa ukur ngalaksanakeun parentah. Lamun
> tetep wae kabawa salah, sabab satemenna rapat di Jogja teh bisa
> dilaksanakeun di kantor di Bandung, nya atuh nururtan Kang Maman wae:
> "Oh my Lord, please forgive me".
>
> Poe ieu balik ti hotel Panghegar aya waktu seutik keur mukaan mailbox.
> Teu wudu, postingan jeung japrian geus ngahunyud. Aya waktu sakeudeung
> memeh nyiapkeun materi di Jogja, dopake ngalongokan milist.
> Barasat-barasat, postingan dibukaan hiji-hiji. Lolobana mah ukur
> dibuka saliwatan, terus ditinggalkeun wae. Enya, rumasa boga waktu
> ngan saemet, mukaan milist teh lolobana mah ngan mencet "older" dina
> alamat anu di gmail atawa "next" dina mailbox anu di yahoo. Sakapeung
> mencet "delete" lamun tepung jeung postingan/japrian anu teu aruni.
>
> Pangampura dulur-dulur, lamun si kuring mencet "delete" lebah
> postingan ngeunaan (anu masih neruskeun) jejer poligami (hakekat eta
> postingan, asana, ngeunaan aa Gym). Lain wae karunya ka aa Gym, sabab
> terus-terusan diomongkeun - tapi sabenerna mah (husy, ulah nulis
> "hayang", peupeujeuh, apan loba anu nyebut "mama" sanajan nolak oge
> ..hehehe...ngadon nyaritakeun alewohna hate, punten da teu kitu hate
> kuring mah, swear) teu pati loba gunana mairan postingan poligami mah.
>
> Enya teu rek kitu kumaha, ari miluan satuju kana poligami, pasti pada
> maledogan, utamana ku pasutrianpo (pasukan para isteri anti poligami);
> sedengkeun lamun nolak poligami geus tangtu dikekesek ku pasulepepo
> (pasukan para lelaki peminat poligami, anggotana: sakabehna lalaki
> hehehe dina darajat minatna sewang-sewangan). Nyaan, sabaraha wae
> gedena duit payogok, kuring mah rek absen wae lamun aya poling soal
> poligami teh. Teu kabita mairan masing geus jadi anggota peca dpr oge
> (pengusaha cafe dibawah pohon rindang). Moal kabita oge ku iklan "ga
> ada loe ga rame" dina lebah jejer poligami. Far away jejer poligami
> (bari nyurucud cipanon, nyeungceurikan nasib jadi .....lalaki hahaha).
>
> Mana tulisana ATUM-na? Sabar pamirsa sadaya....Nyantai wae, na rek
> kamana atuh? Dina hiji kasempetan mukaan postingan anu geus ngalayah
> can karoris, ngolebat tulisan kang "reksagantra" anu jejerna test.
> Satadina mah rek mencet delete oge kana eta surelek teh, tapi bet
> kataji ku id "reksagantra". Sanggeus diintelan, si horeng simana
> horeng, eta anu gaduh id teh juragan Maman Gantra, inohong Kusnet anu
> tulisanana mibanda ajen sorangan. Enya Kang MGT tea nelahna mah,
> tulisanana kasaksian ku sarerea, ngeusi dina tangtungan, puguh entep
> seureuhna, andalemi dina rundayan guaranana. Seratan-seratan Kang Mgt
> siga karya Mj jeung Kang Syam, sakapeung jadi tulisan ATUM. Lain atum
> nuklir, komo amunisi keur baruntak mah, tapi ATUM "amengan tamba urat
> murungkut" tea. Teu loba netters anu bisa nulis dina wanda tulisan
> ATUM teh, salah sahijina nya kang Mgt. Atum jeung ngeusi, lempay jeung
> andalemi.
>
> Wilujeng ka Kang Mgt anu nembe gaduh id enggal : reksagantra. Tetela,
> dina panangan kang anjeunna, wasta "maman" tiasa direvitalisasi jadi
> ngaran anu gede kacida udaganana:. Enya, apan "reksa" teh hartina
> "ngaping ngajaring" atawa anu salawasna ngajaga. Kahareup, moal boa
> katuliskeun dina kamus Sunda, yen harti "maman" teh eta sarua jeung
> "ngaraksa" atawa "ngariksa". Hehehe...punten Kang, ATUM wae ieu mah.
>
> Mana Kaajaiban waktuna? sarantos heula, apan titadi ge geus dibejaan,
> keur sakitu pakepukna. Naha atuh bet tulas-tulis jeung panjang deuih?
> Ih, pan aya kahayang manusa mah sanajan keur sibuk (sanes sibuk da'wah
> :) ). Keun wae atuh, ngamalirkeun adrenalin sajongjonan mah. Para
> wargi, upama teu aya terasna pedaran ngeunaan kaajaiban waktu, wajar
> wae da si kuring mah teu acan - boa moal saendeng mureleng oge -
> nyangking elmu ajaib. Komo elmu ajaib ngeunaan waktu mah.
>
> Cag.
>
> baktosna,
> manAR
>
--
wassalam
d_wahyu - http://ngacapruk.bom - duka blog duka naon, mangga we toong