Geus rada lila ngagulang gaper maca naskah Sanghyang Siksakandang Karesian (SSK), nu dibaca teh lain naskah asli, da pimanaeun ari maca nu asli mah, keur mah naskahna teu nyaho kumaha rupana, jeung deuih kapan nu asli mah make aksara Sunda. Ieu mah maca teh tina buku Transkripsi jeung tarjamahna beunang Saleh Danasasmita saparakanca. Enya aya benerna anu nyebutkeun yen naskah SSK teh ensiklopedis, lamun hayang nyaho kaulinan barudak aya, lamun hayang nyaho carita pantun, lamun hayang nyaho aturan hirup ge aya. SSK teu kanyahoan saha anu nyieunna, saha anu ngarangna mimiti, ngan dina tungtung naskah aya titimngsa dijieunna dina ucapan candrasangkala : "Ini kawuwusan siksakandang karesian ngaranya, ja na pustakanipun sang ngareungeu pun. Mula nibakeun sastra duk ing teja (di)wasa, wuwus ing wulan katiga pun. Ini babar ing pustakanipun : nora catur sagara wulan"( Nya ieu nu disebut siksakandang karesian,mugi bae jadi cecekelan nu ngadengena, mimiti dipigawe dina poe anu hade, anggeus dina bulan katilu, taun anggeusna nora catur sagara wulan). Candrasangkala nora catur sagara wulan bisa dihertikeun nora(0) catur(4) sagara(4) wulan(1) hartina taun 1440 taun Saka, lamun dikonversi kana masehi jadi taun 1518 M, sawaktu jeung raja Sri Baduga Maharaja di Pakuan Pajajaran. Dina bab kalakuan manusa nu salah aya nu disebut : burangkak, marende, mariris jeung wirang. Geura urang cutat sagemblengna harti burangkak, marende, mariris jeung wirang :
"Kalingana burangkak ma ngaranya gila. Nu kangken maka gila ta ma twah janma ; dengki,tungi,torong, gasong, campelak sabda,gopel twah, panas hate, tan yogya ngarana. Nya keh nu kangken maka ta twah janma sakitu. Jadina ta raksasa, durgi, durga, kala, buta, geusan ta di mala ning lemah. Mala ning lemah ngarana; sodong, sarongge,cadas gantung, mungkal pategang, lebak, rancak, kebakan badak, catang nunggang, catang nonggeng,garunggungan, garenggengan, lemah sahar, dangdang waryan, hunyur, lemah laki, pitunah celeng,kalomberan,jaryan, sema; sawatek lemah kasingsal" (kira kira pihartieunana : hartina burangkak nyaeta nu pikagilaeun, nu dianggap pikagilaeun nyaeta kalakuan anu dengki, tungi,ngomong songong,cempelak, goreng kalakuan, panas hate, tah eta nu teu pantes ngaranna jst...) Marende ma ngarana dibeka tiis nya karah panas.Dihemankeun, dikarunyaan, diipuk, dineneh,dibere suka boga hulun kuring; nya karah dikirakirakeunana, byakta keuna ku na kapapaan eusi tegal si pantana, syajnyana lohna. jst.....(marende disangka tiis ari pek teh panas. Dipikadeudeuh, dipikanyaah, diogo, dibere badega, kitu tah direncanakeunana,nyatana keuna ku karusakan.....jst) Mariris ma ngaranna camah,jiji manan tahi,camah manan wangke ambeu. Kitu twah janma cacarokot, barang cokot. Anggeus ma barang ala hamo menta,maling, numpu,meor, ngarebut,song sawatek curaweda ka nu bener.....(mariris hartina pikageuleuheun, leuwih geuleuh manan tai, leuwih geuleuh batan bau bangke.Nya kitu pagawean nu cocorokot,barang cokot barang batur. .Barang ala teu menta, maling,ngarampog,ngabobodo,sagalarupa bohong kana bebeneran. Wirang ma ngaranna; mumul tuhu,mumul bener, mumul yogya, mumul duga duga, mumul bema. Lamun carut ma harema, haremsa, bogoh gawok....jst (wirang hartina teu jujur,teu bener, embung saperti batur..prah jeung batur, mumul usaha. Lamun geus nirca, ngancam, maehan, beuki gawok..) Nu nyieun ieu naskah sigana bujangga karaton, sabab karasa parentahna pikeun hulun (rahayat biasa), malah aya dina bab sejen saperti rek kiih (kahampangan) atawa ngising aturanana kudu tilu deupa ti sisi jalan keur kiih, keur ngising kudu 7 deupa jauhna ti sisi jalan, sabab bisi kaambeu ku raja lamun ngaliwat kadinya. Lamun kitu meureun kaayaan jaman harita nu disebut jalan ge encan loba, sabab masih keneh ka saba ku raja. Kaayaan jaman harita ibu kota karajaan geus rame, eta kapanggih dina berita Tome Pires (1512-1515), kurang leuwih 3 taun saencan SSK dijieun. Ayana istilah burangkak, marende, mariris jeung wirang, tangtu panyakit masarakat harita geus aya, geus loba kajadian kagorengan, numatak ditulis dina SSK sigana tujuanana keur nyengker rajayat harita supaya jadi apal kana aturan jeung nyaho naon bae laku lampah anu goreng, hukumanana lamun ngalakukeun kalakuan goreng bakal asup ka naraka. Nilik kaayaan ayeuna, meh sarua, kalakuan goreng ayeuna ge loba, nu loba kabejakeunana nyaeta korupsi, kira kira anu rada pas lamun dibandingkeun jeung korupsi nya meureun mariris jeung wirang. Heup ah......teuing iraha dituluykeunana. Kahayang mah : kira kira aya teu hubunganana jeung naon hartina Sunda. lajeng sok loba nu nyebut budaya Sunda luhur ajena (adi luhung), kabeungharan alam, sakola (pendidikan), sikep jeung kalakuan menak/PNS, panghasilan/lifestyle, korupsi. Bener fisik urang geus merdeka tina jajahan walanda, tapi pikiran...? Naha perlu dekolonisasi, cara narima pagae, cara survey, cara maca sajarah.....jst....he he....lieur euyyyyyy......!! MSas

