wa'alaikum salaam wr. wb.
Hatur nuhun ka Kang Deni Wahyu nu parantos ngakoordinir hijrahna ramatloka 
Kusnet, oge Akang-akang nu parantos angkut-angkut ngalebetan ramatloka.

Sim kuring aya ide-ide/usul ngeunaan penampilan ramatloka:
1. Di TEPAS (halaman muka), nu pangluhurna atanapi jajaran kahiji dianggo keur 
napelkeun WILUJENG SUMPING sst-na (sababaraha kalimah pangbagea ti sesepuh 
Kusnet ka tamu nu nganjang ka ramatloka) dianggerkeun pangluhurna/teu 
katindihan deui ku entry tina kategori "News" nu sanesna, teu ditanggalan, oge 
teu dipotong (teu nganggo "salajengna")
2. Komponen Newsflash diaktifkeun kanggo berita singkat (sababaraha kalimat) nu 
haneut keneh boh ti lembur oge mancanagara nu aya patalina sareng kasundaan 
(show budaya sunda, kagiatan inohong sunda, sareng sajabina kenging mulungan 
tina koran-koran nu haneut keneh), oge warta anggota Kusnet (nu nikah, nu 
pupus, nu orokan, ssjb-na).
3. Footer Joomla dipupus.
4. Flickr.com/foto, linkna dilebetkeun kana komponen Wrapper, sapertos di-Frame 
janten kabungkus sapertos aya dina lebet situs kusnet.
Mung saukur usul, kanggo dipertimbangkeun, katampi henteuna mah teu langkung 
kumaha saena pangemut Akang-akang.

Perkawis desain, hapunten bade nyobian ngamodikasi template joomla kanggo 
kusnet teh teu acan kapidamel, kaleresan kabujeng aya pidamelan nu kedah 
dipayunkeun. Upami aya baraya Kusnet sanesna nu tiasa sareng keresa ngadamel 
atanapi ngamodifikasi template joomla husus kanggo situs kusnet, langkung sae. 
Upami engke kusnet janten gaduh 2 atanapi 3 template teu aya lepatna, malih sae 
janten tiasa gentos-gentos, nu nganjang teu bosen ningalina desain-na.

baktos,
pun Lies



  
Assalaamu'alaikum wr. wb.
Baraya kusnet utama na para sepuh, ulah kirang hapunten, ceuk paribasa mah
pleng less, ti mimiti kuncen loka (gan Eko) mundur (eureun heula meureun,
piraku ari mundur mah), ngan kakara dua kali ngirim berita teh, maklumlah
sim kuring "sok sibuk tea" hahaha. Ah moal papanjangan bisi hoream maca na,
da sanes jejer nu menarik siga ngawayuh, kieu baraya (titik dua) :

Kahiji
Ngaran, alias domain name. Ayeuna bakus ngabogaan 3 domain, enya tilu,
beunghar yeuh, nyaeta :
1. urang-sunda.or.id - ieu nu tos matuh
2. urangsunda.or.id - pedah ceuk mj, cobaan di piceun setripna, nya ngumaha
ka depkominfo salaku lembaga nu ngurus domain .id, alhamdulillah di tedunan,
sa enggeus ngirim akta jeung KTP MJ (siga na mah helok ku KTP, matak di
tedunan ge, hehehe)
3. urangsunda.net - tah ieu mah hasil badami sim kuring sareng teh lies,
supaya urangsunda tambah gaya, hahaha. harita kungsi ngaran ieu leungit di
database internet, padahal tos di registrasi, duka kumaha, aya nu sirik
pidik jail kaniaya kitu? nya di registrasi deui di indonesia, beres.

urang-sunda.or.id eusina masih keneh nu heubeul. nu dua urangsunda.or.idjeung
urangsunda.net tos di hijikeun, mangga we cobian :

http://urang-sunda.or.id
http://urangsunda.or.id sami sareng http://urangsunda.net

engkena, nu urang-sunda.or.id ge bakal di hijikeun

Kadua
Koropak alias alamat surelek. tilu ngaran eta geus di hijikeun, jadi
[EMAIL PROTECTED] [EMAIL PROTECTED] jeung
[EMAIL PROTECTED] mawon, mangga we cobian. Alamat akses na ge
jadi tilu :
http://koropak.urang-sunda.or.id
http://koropak.urangsunda.or.id
http://koropak.urangsunda.net

Mangga nu teu acan gaduh, bilih bade ngiringan ginding, seueur keneh jatah
yeuh.

Katilu
Hosting. Desember ieu hosting di indoglobal, seueup waktosna. Tapi teh lies
tos masihan tempat nu lega pisan. Beres pisan ieu mah.

Kaopat
Eusi na, urang berelekeun hiji-hiji, bae panjang ge, wayahna macana
piboseneun, naha atuh pipilueun maca, hehehe

PROFIL atawa about sunda na ma Ngeunaan atawa prakata, meureun.
Teu acan di kupi pes. Ari kahayang sim kuring mah di poles deui. Cik para
sepuh, inohong, aya nu ikhlas rido ngeusian nu ieu? Di antos pisan.

BARAYA US
Nu kapikir teh kieu. Nu heubeul jadi halaman statis we, atawa arsip. Ti
semet ayeuna jadi siga Profil, tapi khusus keur baraya Kusnet. Conto, Profil
ngeunaan Kuncen, Ua Sas, MJ, eusina siga Riwayat Hidup, khususna ngeunan
ulubiung na di Bakus. Kumaha? Satuju? Mangga nyanggakeun kanu ahlina, da sim
kuring mah ngan bisa ideu hungkul, hehhee.

BUKU TAMU
Jadi modul Buku tamu. Ceuk agan Kumi mah cenah, nu heubeul di jadikeun arsip
we. Kitu sugan? aya ideu deui?

CARPON
Aya dina menu Ngadu Bako (pangalaman paramitra), sastra (carpon) - beres

KASUNDAAN
Aya dina menu Kasundaan (budaya, esei, kaislaman, KIBS, sajarah) - beres

PARIBASA
Bade janten modul nu bakal muncul di luhur, unggal nu akses, eusina
beda-beda, ceuk urang sabrang mah Random Quote tea. Tapi can beres, ngedit
manual, ngalempeng-lempengkeun heula kalimah na.

DONGENG
Sabab kosong. nya teu akutan.

SAJAK
Aya dina menu Sastra (sajak) - beres

BOBODORAN
Aya dina menu Sastra (banyol) - beres

e-PUPUH
Di gabung dina halaman wiki - hanca

KOROPAK
Da kosong.

KAMUS-ONLINE
Nu ieu asa rada lieur, teu acan aya ideu. Nu kapikir teh jadi halaman statis
heula. Baraya gaduh ideu?

SISINDIRAN
Dina menu Sastra (sisindiran), tapi can beres da teu acan aya nu nyepeng

PANTUN
Aya dina menu Sastra (pantun) - beres

NGADU CATUR
Aya dina menu Ngadu bako (umum) - beres

RESEP KATUANGAN
Aya dina menu Unak-anik (katuangan) - beres

HARIRING SUNDA
Aya dina menu Unak-anik (tembang) - beres

SEJARAH TEMPAT
Aya dina menu Kasundaan (sajarah) - can beres

INOHONG
Aya dina menu Urang Sunda (inohong) - beres

PEMANDANGAN
Poto pemandangan bakal di angkut ka filckr, tapi can beres

PUSAKA SUNDA
Aya dina wiki. Can beres da hasil na teu nyepeng

AL-QUR'AN
Aya dina wiki. Can beres da hasil na teu nyepeng

DOWNLOAD
Can beres. Teu acan aya nu nyepeng

LENYEPANEUN
Aya dina menu Kasundaan (kaislaman) - beres

CARITA TI LEMBUR BABAKAN KUSNET
Teu acan aya nu nyepeng

MIELING MANG KOKO
Di kana menu Urang Sunda (inohong). Tapi can beres da teu acan aya nu
nyepeng

LINK
YAYASAN PERCEKA
tadi na mah rek di jieun sub domain, tapi jatah di teh lies tos pinuh, jadi
we direktori. Tapi ceuk sim kuring mah, sabab eusina statis. Kumaha lamun di
jadikeun halaman statis, napel dina menu Urang Sunda? Diantos.

NGICAL BUKU SUNDA
Ah ieu mah kumaha nu nga geugeuh we, agan kumi, tos di sadiakeun
tempat nahttp://urangusunda.net/bs

MANGLE
Di pupus da teu di apdet

GALURA
Di pupus da teu aya

SUNDANET
Di alihkeun ka Tmbu ramat

LANGARI
Di pupus da teu aya

WIKIPEDIA SUNDA
Dina menu Pakait http://su.wikipedia.org

CUPUMANIK
Di alihkeun ka Tumbu Ramat

LSS ITB
Di pupus dan teu aya

RADIO ONLINE
Di pupus da teu aya

Tambah kanggo menu Pakait
Wiki Urangsunda http://wiki.urangsunda.net
Kotak Surat http://koropak.urangsunda.net

Nuhun ka
MJ, Teh Lies, Kang Kumi, Kang Dudi, Kang Budhi, Kang Emod, Kang Boim. Mangga
nu bade ngiringan, diantos.

Sakitu nu ka pihatur. Nyuhunkeun pang rojong na, mudah-2 an desember ieu
beres sadaya.

[nga renghap heula ah....]

-- 
wassalam
d_wahyu - http://ngacapruk.bom - duka blog duka naon, mangga we toong

Kirim email ke