Kang Maman, Anu sok dianggo ku abah Surya dina leresan ayat Al Qur'an kanggo mikawanoh budaya nyaeta Surah Al Hujurot (surah ka 49) ayat 13: "Satemenna Kami ngajadikeun aranjeun mangpirang-pirang bangsa jeung kabilah-kabilah (seler-seler) teu aya lian iwal ti keur silih pikawanoh (lita'arafuu). Satemenna jalma anu pangmulyana ti antara aranjeun eta anu pangtaqwana". Ayat ieu jembar kacida maksudna. Ngan, mataholangna, miwarang urang silih hargaan, ulah "fundamentalis" teuing dina harti tekstual teuing, tapi henteu sae oge upami kontekstual (hermeneutisme) teuing. Di tengah-tengah wae, sakumaha ceuk ayat nu sejen: ummatan wasathan. Ke manawi ka payun aya waktos urang guar deui.
baktos, manAR. On 12/16/06, Reksa Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Para wargi sadaya. Manawi aya nu tiasa ngabantos sim kuring: Ayat2 mana bae dina Al Qur an nu pakait sareng kabudayaan (khususon kabudayaan lokal). Oge Hadist sareng pamendak para ulama nu pakait sareng eta. Aya budak nu naroskeun. kaleresan sim kuring teu terang. Milari buku indeks Al Quran. duka nyelap di mana. Baktosna. Pun Maman __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com

