lamun lalaki urang sunda ngomongkeun lalaki sunda tukang nyandung pastina pan ngomongkeun diri manehna... pan manehna lalaki sunda lain? kecuali mun manehna lain lalaki sunda tah uing salaku lalaki sunda sok sanajan tara nyandung tapi kuring teu anti kanu sok nyandung, kuring anti kajalam2 anu tara ngarampa diri sorangan modal kitu... model kieu "padahal manehna urang sunda ari gorowok teh ngomong " " aing ijid pisan ka urang sunda" pan sarua jeng ijid ka diri sorangan
On 12/18/06, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Asana nyandung teh dicontoan ku presiden anu urang Jawa, BK tea hehehe. > Atawa BK teh teu kungsi nyandung ngan ukur gunta-ganti jikan? Anu jelas, > kahayang kuring mah kasimpulanana teh dirobah jadi kieu : lalaki urang Sunda > kararasep atawa garentle hehehe. Geura loba anu ngarojong kacindekan siga > kitu mah. > > manAR > > On 12/18/06, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Poe jumaah kamari kuring papanggih jeung babaturan sakola, awewe. > > Geus lila teu papanggih, sanajan kantorna di Bandung, tapi nanehna > > ayeuna keur kuliah deui nyokot S3 di Jakarta. Biasa si eta mah > > carahal-cirihil, ngobrol kaditu-kadieu, lila-lila obrolan teh > > nyaritakeun soal nyandungna Aa Gym. Cakakak manehna teh seuri ....ah > > da biasana cenah urang Sunda mah karesepna nyandung teu kaop maju > > saeutik. Ceuk kuring teh ulah kitu, kawas lain urang Sunda wae, > > maneh teh. > > > > "Heueuh da loba contona", pokna teh. "Dulur sayah ge hiji oge euweuh > > nu boga salaki ka urang Sunda. Ngan sayah we nu boga salaki ka urang > > Sunda deui teh" > > "Tah pan salaki teu nyandung lain?", ceuk kuring teh > > "Heueuh, kabeneran we bageur, teuing lamun beunghar mah", cenah bari > > nyakakak. > > > > Naha bener urang sunda beuki nyandung? meureun. Ngan katingali > > stereotyping lalaki Sunda beuki nyandung, cukup kuat. Teu kurang MAW > > Brouwer baheula nulis di Kompas di taun 1970'an, waktu manehna > > ngasuh "Kontak Psikologi", Lamun hayang boga salaki anu nurut, > > bageur, kawin jeung Urang Jawa. Tapi upama hayang nu "hot", kawin > > jeung lalaki Sunda, ngan kudu kuat engkena sok dipangnyandungkeun. > > > > Pamajikan kuring geus 8 taun ngurus gedong di kantorna ( di Bandung) > > nu sok dipake resepsi kawinan. Nu matak kaget, salila 8 taun > > nguruskeun gedong, ampir 80% nu kawin, awewena urang Sunda, lalakina > > lain urang Sunda!. Kadang kuring sok nanya ka pamajikan, kunaon eta > > teh, awewe Sunda loba2 teuing kawin jeung etnik sejen. Jawab > > pamajikan teh sangeunahna, " Da urang Sunda mah beuki nyandung!", > > kawas salakina lain urang Sunda wae. > > > > Enya kitu, lalaki Sunda boga bakat jadi polygamer? > > > > Baktos, > > WALUYA > > > > > > > > -- ---------------------------------------------------------------------- AGUS PAKUSARAKAN 08128377662 www.hr-uwj.com (mangga geura deu2l dulur urang rek manggung ---------------------------------------------------------------------- Koperias Amanah Sunda www.inkas.wordpress.com www.azzoman.wordpress.com www.azzoman.indonetwork.co.id www.indonetwork.co.id/azzoman --------------------------------------------------------------------- http://aguspakusarakan.blogspot.com/ http://geocities.com/prabu_siliwangi http://geocities.com/lodaya_9 http://siliwangi.blogs.friendster.com

