haha. gaya oge tah, lalaki sunda tukang nyandung. naon deui cenah? tukang korupsi teu? tukang mangga ngiringan, sareng sajabana. goreng jeung goreng we urang teh.
ari perkawis loba istri sunda narikah ka seler sejen mah, nya tingali we demografi kota bandung. didaratangan ku urang mana mendi. utamana nu sarakola, boh ka itb, upi, unpad, itenas, bohlam. enya, cilok kitu lah. cinta lokasi tea heuheu. ongkoh istri sunda mah kawentar gareulis, kuning langsat tea, jeung sajabana. eta mah tos diconton ku mang Kusno baheula. Kusno teh landihan Ibu Inggit ka Sukarno, urang wetan nu sakola di bandung, da di surabaya mah nembe jaman merdeka aya Institut tukang seuri (ITS). ongkoh deuih, ayeuna ibu2 nuju sakit hati-broken heart-raheut manah ku ayana pujaan ruhani nyandunk. ari poligami mah basic instinct purba manusa salaku 'tatangga' sato. tadi mah rek nyebut manusa teh sato oge, ngan bisi dicararekan. mj http://geocities.com/mangjamal >> Pamajikan kuring geus 8 taun ngurus gedong di kantorna ( di Bandung) nu sok dipake resepsi kawinan. Nu matak kaget, salila 8 taun >> nguruskeun gedong, ampir 80% nu kawin, awewena urang Sunda, lalakina lain urang Sunda!. Kadang kuring sok nanya ka pamajikan, kunaon eta teh, awewe Sunda loba2 teuing kawin jeung etnik sejen. Jawab >> pamajikan teh sangeunahna, " Da urang Sunda mah beuki nyandung!", kawas salakina lain urang Sunda wae. >> Enya kitu, lalaki Sunda boga bakat jadi polygamer? >> Baktos, >> WALUYA >

