Alhamdulillah Gusti nu maha Agung.........
Hatur nuhun sim kuring teu di wawuhkeun sareng istri nu model 
kieu.................
Teh ely, aya email 78 maca na sampe 2 jam, eta ngarana belet alias di eja tur 
belegug hese ngarti na......
terus nulis sakitu panjang na, berarti didinya anu pagangguran euweuh 
gadag......
ieuh, nulis mah singkat tapi jelas, jang naon nyaritakeun batur, caritakeun weh 
diri sorangan......
aki sim kuring ge meunang duit sapoe na $200 juta ....ceuk nu munjung ka nenek 
lampir ( ely )teu sombong lah........
huahuahuahua............kagok ngawadul,,,,,,,,tembalan deui ku heureuy weh lah 
ka awewe anu tara ngahargaan batur mah......lamun didinya nyebut K Nata awam / 
bodo / panggaguran.......rek di jawab memang sayah bodo alias
teu loba elmu........tapi aya tapi na.............K Nata mah teu siga didinya, 
boga elmu saeutik oge tara 
nyinggung / ngagogoreng / ngarendahkeun batur, jadi sim kuring mah elmu saeutik 
oge di gunakeun kana
jalan anu mangfa'at, dari pada luhur elmu di jieun alat korupsi, atawa nipu 
batur.......boa2 ely salah sahiji na...??????

K Nata

  ----- Original Message ----- 
  From: ely evalita 
  To: [email protected] 
  Sent: Wednesday, December 20, 2006 5:46 PM
  Subject: [Urang Sunda] Daramang para pangangguran



  Wilujeng siang baraya,

  Kang BOHAY, kang Waluya, teh Ika, kang Jaka,  neng IVA, kum wae sadaya warga 
US,  wilujeng tepang deui didunia maya.

  Kamari abdi ngantunkeun warnet wanci kieu, teras ka dalem kaum, ngabaso, 
teras kukurilingan, uih sonten, atuh ahirna ayeuna ka warnet deui jam sakieu 
oge, langsung muka milist US, tos aya 78 posting.

  Abdi maca sadayana, hiji-hiji dibaca, dibaca anca, tapi dibaca wungkul, upami 
saur murangkalih  sakolaanmah menangkap informasi, hartosna  masih tingkat 
panghandapna, eta informasi heunteu diolah (dianalisa), mung dibaca wungkul we, 
janten nu nempel dina pikiran mung 1% kitu oge upami nempel, teu kairongrong 
acan hoyong ngadamel sintesa posting kanggo kaperyogian nga reply. 

  Sabaraha jam anu diperyogikeun ?

  Abdi seep du jam satengah mung kanggo maca wungkul.

  Ayeuna mulai permainana:

  Saha jalmi anu gaduh waktos sadinteun kersa maca hiji milist dugi ka dua jam 
satengah ? Pastina jalma pangangguran, atanapi nu nuju stress, atuh oge jalmi 
anu teu tiasa gaul langsung (direct conversation), tangtos dina kelompok ieu 
teh aya pensiunan, aya mahasiswa kuulen jsb.

  Ayeuna tinjau:

  Kaum profesional,  mangga hoyong kelompok mana nu didamel conto, pialang, 
dokter, pengacara, rekayasawan, pilot. Candak we pengacara, misalna Rohut S. Si 
abang Rohut tarifna US $ 400/jam (tiga juta enam ratus ribu rupiah/jam), upami 
dua jam maca posting milist US, hartosna anjeuna ical artos kinten-kinten 7 
juta/2jam/hari, upami sataun sami sareng 1,4 milyar (untuk 200 jam kerja yang 
hilang), atuh pamarentah Indonesia oge ical artos 30% tina pajak Rohut. Upami 
macana weungi, kanggo naon ? mending dianggo istirahat atanapi membina keluarga.

  Kaum buruh, mangga kelompok mana anu bade dianggo conto, naha buruh anu 
didamel dinagara nu disebat pagawe negri, atanapi buruh swasta. Candak we 
dua-duana.

  Misal buruh swasta, anu pang hebatna misalna teh IKA, anu tisusut 
tidungdungdung, buburuh nepi kasubuh, kuli nepi ka janari hanya untuk sesuap 
nasi. Cobi candak waktosna 2,5 jam kanggo maca milist, sabaraha energi + artos 
nu ical, mending dianggo istirahata atuh, pasti teh IKA teu tiasa maca milist, 
upami dipaksakeun pasti ngajoprak. upami teh IKA tetep maksakeun, pasti mukana 
sakainget curuk mencet nu mana, replyna oge asal jadi, kadang anu diserat tebih 
sareng nu aya dina fikiran, antukna sabulang bentor.

  Misal buruh nagara, diantawisna guru, dosen, pagawe pemda, pagawe kecamatan. 
Atosmah gajih leutik, waktosna 2,5 jam dipaksakeun maca milist, teu nalar 
namina, saur pun bapamah teu nalipak maneh, mending oge dianggo mikir kumaha 
tiasa usaha diluar sarengsena ngalaksanakeun tugas utama, kanggo nambih risiko 
dapur. Upami maksakeun, contona  kang Waluya guru fisika, atuh hasilna oge 
upami nga reply pasti seueur lepatna, margi emutanana pagunyeng-gunyeng sareng 
kumaha carana ngatur risiko dapur, artina daya nalarna katutupu ku kasusah, 
atuh nya replyna oge sahabekna we duka kamana arahna, anu penting aya we, anu 
penting kang Waluya posting, padahal sacara teu sadar kang engke nuju ngawulang 
murid oge pikiranana kangganggu, dina pikran kang Waluya nuaya ngan "kumaha 
carana ngareply Ely nu baong, nu calutak". Komo pangkat dosen mah moal aya anu 
kersa ngaluangkeun waktos muka atanapi maca milist model kieu, upami aya tiasa 
dipastikeun eta dosen nuju prustasi atanapi bade kehilangan existensina, bahasa 
kerenamah menuju "Post power sindrom"

  Usahawan atau kelompok wiraswastawan, aduh akang nu karasep, teteh anu 
gareulis, moal aya usahawan maksakeun muka milist, maranehnamah motona oge 
"Time is money", kanggo naon muka milist nu jelas miceun artos, tukang cukur we 
misalna dua jam maca milist hartosna jam 10000 rupiah ngalayang, hartosna 2 
langganan kabur, komo deui usahawan tingkat Bakri atanapi Sudono Salim anu 
sajamna tiasa menciptakan 2 milyar, naha kersa miceun waktos maca milist.

  Penguasa, misalna direpresentasikeun ku lurah, camat, bupati, walikota, 
gubernur jsb, aduh bakal ancur atuh pamarentahan upami penguasa menghabiskan 
2,5 jam perhari kanggo mukaan e-mail di milist, bade kumaha ngatur pemerintahan 
atuh. Malih kelompok nu kieu mah no HP na oge mung kanggo sababaraha jalmi, 
untuk keluarga, untuk atasan, untuk bawahan langsung, untuk relasi.

  Para Mahasiswa, ieu teh calon pemimpin bangsa atanapi calaon penganggur oge, 
maranehna boga tugas utama belajar supaya duit ti kolotna manfaat. Maenya teu 
karunya ka ema ka bapa, nu kuli macul ngabedug, atawa dagang bongsang, atawa 
tani kacang panjang, ari pek duitna ku siujang kalahka dipakai macaan milist, 
waktu keur diajar dipakai mukaan milist. Komo kang BOHAY mah nu sakolana 
adiministrasi (tata tuliuis) diluar negri LN anu tangtu duitna lain saeutik, 
komo lamun make beasiswa ti nagara mah, duh lebar teuing waktuna dipake mukaan 
milist, komo dipake ngareply ka Ely bari hayang kapuji pedah sakola di LN, sing 
karunya kanu mere biaya atuh kang, atuh lamun maksakeun oge mukaan milist bisa, 
ngan hasilna engke jadi BOHAY MBA (Master Bari Andekak) da mukaan milistna bari 
andekak.

  Para penganggur, pensiunan. Tah ieu anu paling cocok, sabab killing time 
namina, waktu terasa cepat, teu karaos nganggur, teu karaos pensiun, terang 
terang tos bade maot weh. Cobi upami penganggur teu aktif kana milist, dua 
setengah jam itu terasa setahun, upami sabar teu nanaon, upami teu sabar 
lumpatna kana DUGEM, kana nyepet, malah bisa-bisa gogodeg sorangan  jsb, kitu 
oge pensiunan atuh bisa ngalamun wae gawena mikiran nasib .....

  Berapa waktu yang terbuang ?

  Upami anggauta milist US 1500, sadayana maca (wungkul) heunteu ngareply, 
ditaksir 3000 jam/hari energi warga sunda ngalayang.

  Tapi kanggo abdi  anu nuju nganggur meuni asa katulungan yeuh ku milist US 
teh, "Killing time" tea atuh. Tuh geuning teu karaos tos opat jam di Warnet, 
janten 20000 rupiah eun yeuh.

  Tah kitu akang, ceuceu ngacaprukan Ely teh.

  Tapi Elly-mah resep gaul jeung sasama sunda teh, sababna karasa urang sunda 
mah gede hampura, tara neuteuli, ngambek teh ngambek nyaah, janten upami ayena 
Ely dibenduan ku sadaya anggauta milist teh Ely mah bungah, hartosna para warga 
masih nyaah ka Ely.

  Tapi abdi sebagai urang sundateh ngaraos heran, kunaon dididik sieunan, jadi 
we bodo, buktosna urang sunda bodo teh teu bisa milih pimpinan, buktosna 
hasilna dimana-mana di tatar sunda seueur pimpinan hasil pilihan rakyat mun teu 
korupsi eh kalakuanana ka arah dzolim. Padahal mun urang dididik pinter, 
engkena bisa kritis, bisa wani nuduhkeun ka pimpinan yen tindakana salah, ari 
ayeunamah pan heunteu !

  Tah ayeunamah sebagai tantangan pertama, kumaha upami urang 
Galakeun/embarkeun/iklankeun Yen nu kudu diajenan/dipieling ku urang sunda teh 
IBU DEWI SARTIKA, urang ayakeun tiap tahun hari Dewi Sartika dengan meriah 
..... sok deur ah.

  Sakieu heula atuh ti Ely, ieu patuangan tos kukurubukan, bade ka "SAWIOS" 
heula, hayu kang BOHAY, teh IKA, Kang Waluyo ka sadayana di Antos jam 02.30 di 
SAWIOS.

  Sok kang Waluya, kang Bohay seuseulan deui Ely, awas mun heunteu, hartosna 
teu nyaah ka Ely wew........

  Insya Allah, sanes waktos Ely bade nyobi sadaya posting dibaca, dianalisa, 
disintesa teras di reply, mung bade ngayaktoskeun yeun milist teh ageung pisan 
gunana kanggo jalmi pangangguranmah.

  salam
  Ely Evalita nu geulis tea.

  Note: 
  Posting selanjutnya Ely ingin membahas isi posting milist kebanyakan tak 
mengarah, amburadul, asal-asalan dll, karena ditulis oleh orang awam atau orang 
yang bukan ahlinya, bahkan orang iseng.


  __________________________________________________
  Do You Yahoo!?
  Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around 
  http://mail.yahoo.com 

   

Kirim email ke