Ih..... mani bisaan kang iwan mah nga analisana mani tiasa nga analisa
jangkungna, beuratna, rambutna komo mani tiasa nga analisa ukuran taeuna....
hikhikhik
sugan gaduh "elmu weruh sadurung winara" engkena tiasa jadi tukang
paranormal
Iwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Asa karunya euy ka teh Ely,
Maca email tepi ka dua satengah jam, eta geura.. make jeung nyaruakeun,
batur ge sakitu jam maca email..
Cobi ngalih nganggo gmail geura teteh, atanapi ngiringan kejar paket-A pami
palay tiasa ngebut macana..
Lamun enya teh batur hobi lila2 di internet, kapan ceuk teteh ge kapan gawe
mah cukup dua jam gawe mah, tapi panghasilan mokaha, naha bet make nyaram
batur? pan meureun matak bisa kitu ge panghasilanana geus mokaha.. positive
thinking wae atuh ceu...
Ditingal tina seratanana mah ceu Ely teh selalu ingin 'tampil beda', jigana
mah (ceuk kuring);
- jangkungna teu langkung ti 158 cm
- beuratna 38 kilo lah.. (tuangna ngan ukur baso..)
- umur 24 taun tujuh sasih
- rambut ngombak, ujungna rada bercabang, jigana mah dibonding gagal
- kacamata, kenca minus 0.75, katuhu minus 0.25 plus silinder 0.5
- raksukan paporit kaos oblong gombrang, lancingan jin standar (teu ketat)
nomer 27
- ukuran taeun 32A
- lagu paporit: SMS
rek salah rek bener kumaha urang we.. sakali2 miluan ngacapruk saraos
patuangan (--seenak perut?)....
Tapi da abdi mah moal ngewa ka teteh, terserah pami teteh bade ngewa ka abdi
mah, rido.
Pan cenah kudu nyaah kanu ngewa nya kang Mamat?
Abdi mah nyaah ka teh Ely teh, da bongan atuh daek dicandung... heuheu...
Yu-ah..
--bari susulumputan, sieun dipegat balik ngaji..
----- Original Message -----
From: Tata Noers
To: [email protected]
Sent: Wednesday, December 20, 2006 10:01 PM
Subject: Balasan: [Urang Sunda] Daramang para pangangguran
Neng Ely
( Nu nyebut cantik kadirina, sabab batur euweuh nu nyebut cantik, tangtuna
oge )
Internetna ulah ka Warnet atuh neng ! Dibumi geura /dikamar ,supados tiasa
dibuka iraha bae ari salsena.
Sual sabaraha pendapatan jeung karugian hiji hijina jalma, na make pusing,
deuk pangangguran, deuk aktip, sanes urusan eneng,
Uteuk nu miskin, nu diudag udag ngan duit,
Tapi nu jembar mah, udaganana lain duit, tapi kabagjaan lahir bathin, duit
mah pan ngan ukur alat.
Jadi ceuk kuring mah neng Ely teh " miskin" boh hate,boh pikiran, kukituna
ka sadaya warga kusnet kedah " DIMAKLUM ", keun sina ngacapang , mudah
mudahan anjeunna kahibur.
Urang sunda dijejeleh , " sieunan, euweuh kadaek, pangangguran"
Yeuh urang sunda teh teu siga eneng sadayana, sieunan bari " wani soteh "
dina milis,
Ely evalita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Wilujeng siang baraya,
Kang BOHAY, kang Waluya, teh Ika, kang Jaka, neng IVA, kum wae sadaya warga
US, wilujeng tepang deui didunia maya.
Kamari abdi ngantunkeun warnet wanci kieu, teras ka dalem kaum, ngabaso,
teras kukurilingan, uih sonten, atuh ahirna ayeuna ka warnet deui jam sakieu
oge, langsung muka milist US, tos aya 78 posting.
Abdi maca sadayana, hiji-hiji dibaca, dibaca anca, tapi dibaca wungkul,
upami saur murangkalih sakolaanmah menangkap informasi, hartosna masih
tingkat panghandapna, eta informasi heunteu diolah (dianalisa), mung dibaca
wungkul we, janten nu nempel dina pikiran mung 1% kitu oge upami nempel, teu
kairongrong acan hoyong ngadamel sintesa posting kanggo kaperyogian nga
reply.
Sabaraha jam anu diperyogikeun ?
Abdi seep du jam satengah mung kanggo maca wungkul.
Ayeuna mulai permainana:
Saha jalmi anu gaduh waktos sadinteun kersa maca hiji milist dugi ka dua jam
satengah ? Pastina jalma pangangguran, atanapi nu nuju stress, atuh oge
jalmi anu teu tiasa gaul langsung (direct conversation), tangtos dina
kelompok ieu teh aya pensiunan, aya mahasiswa kuulen jsb.
Ayeuna tinjau:
Kaum profesional, mangga hoyong kelompok mana nu didamel conto, pialang,
dokter, pengacara, rekayasawan, pilot. Candak we pengacara, misalna Rohut S.
Si abang Rohut tarifna US $ 400/jam (tiga juta enam ratus ribu rupiah/jam),
upami dua jam maca posting milist US, hartosna anjeuna ical artos
kinten-kinten 7 juta/2jam/hari, upami sataun sami sareng 1,4 milyar (untuk
200 jam kerja yang hilang), atuh pamarentah Indonesia oge ical artos 30%
tina pajak Rohut. Upami macana weungi, kanggo naon ? mending dianggo
istirahat atanapi membina keluarga.
Kaum buruh, mangga kelompok mana anu bade dianggo conto, naha buruh anu
didamel dinagara nu disebat pagawe negri, atanapi buruh swasta. Candak we
dua-duana.
Misal buruh swasta, anu pang hebatna misalna teh IKA, anu tisusut
tidungdungdung, buburuh nepi kasubuh, kuli nepi ka janari hanya untuk sesuap
nasi. Cobi candak waktosna 2,5 jam kanggo maca milist, sabaraha energi +
artos nu ical, mending dianggo istirahata atuh, pasti teh IKA teu tiasa maca
milist, upami dipaksakeun pasti ngajoprak. upami teh IKA tetep maksakeun,
pasti mukana sakainget curuk mencet nu mana, replyna oge asal jadi, kadang
anu diserat tebih sareng nu aya dina fikiran, antukna sabulang bentor.
Misal buruh nagara, diantawisna guru, dosen, pagawe pemda, pagawe kecamatan.
Atosmah gajih leutik, waktosna 2,5 jam dipaksakeun maca milist, teu nalar
namina, saur pun bapamah teu nalipak maneh, mending oge dianggo mikir kumaha
tiasa usaha diluar sarengsena ngalaksanakeun tugas utama, kanggo nambih
risiko dapur. Upami maksakeun, contona kang Waluya guru fisika, atuh
hasilna oge upami nga reply pasti seueur lepatna, margi emutanana
pagunyeng-gunyeng sareng kumaha carana ngatur risiko dapur, artina daya
nalarna katutupu ku kasusah, atuh nya replyna oge sahabekna we duka kamana
arahna, anu penting aya we, anu penting kang Waluya posting, padahal sacara
teu sadar kang engke nuju ngawulang murid oge pikiranana kangganggu, dina
pikran kang Waluya nuaya ngan "kumaha carana ngareply Ely nu baong, nu
calutak". Komo pangkat dosen mah moal aya anu kersa ngaluangkeun waktos muka
atanapi maca milist model kieu, upami aya tiasa dipastikeun eta dosen nuju
prustasi atanapi bade kehilangan existensina, bahasa kerenamah menuju "Post
power sindrom"
Usahawan atau kelompok wiraswastawan, aduh akang nu karasep, teteh anu
gareulis, moal aya usahawan maksakeun muka milist, maranehnamah motona oge
"Time is money", kanggo naon muka milist nu jelas miceun artos, tukang cukur
we misalna dua jam maca milist hartosna jam 10000 rupiah ngalayang, hartosna
2 langganan kabur, komo deui usahawan tingkat Bakri atanapi Sudono Salim anu
sajamna tiasa menciptakan 2 milyar, naha kersa miceun waktos maca milist.
Penguasa, misalna direpresentasikeun ku lurah, camat, bupati, walikota,
gubernur jsb, aduh bakal ancur atuh pamarentahan upami penguasa menghabiskan
2,5 jam perhari kanggo mukaan e-mail di milist, bade kumaha ngatur
pemerintahan atuh. Malih kelompok nu kieu mah no HP na oge mung kanggo
sababaraha jalmi, untuk keluarga, untuk atasan, untuk bawahan langsung,
untuk relasi.
Para Mahasiswa, ieu teh calon pemimpin bangsa atanapi calaon penganggur oge,
maranehna boga tugas utama belajar supaya duit ti kolotna manfaat. Maenya
teu karunya ka ema ka bapa, nu kuli macul ngabedug, atawa dagang bongsang,
atawa tani kacang panjang, ari pek duitna ku siujang kalahka dipakai macaan
milist, waktu keur diajar dipakai mukaan milist. Komo kang BOHAY mah nu
sakolana adiministrasi (tata tuliuis) diluar negri LN anu tangtu duitna lain
saeutik, komo lamun make beasiswa ti nagara mah, duh lebar teuing waktuna
dipake mukaan milist, komo dipake ngareply ka Ely bari hayang kapuji pedah
sakola di LN, sing karunya kanu mere biaya atuh kang, atuh lamun maksakeun
oge mukaan milist bisa, ngan hasilna engke jadi BOHAY MBA (Master Bari
Andekak) da mukaan milistna bari andekak.
Para penganggur, pensiunan. Tah ieu anu paling cocok, sabab killing time
namina, waktu terasa cepat, teu karaos nganggur, teu karaos pensiun, terang
terang tos bade maot weh. Cobi upami penganggur teu aktif kana milist, dua
setengah jam itu terasa setahun, upami sabar teu nanaon, upami teu sabar
lumpatna kana DUGEM, kana nyepet, malah bisa-bisa gogodeg sorangan jsb,
kitu oge pensiunan atuh bisa ngalamun wae gawena mikiran nasib .....
Berapa waktu yang terbuang ?
Upami anggauta milist US 1500, sadayana maca (wungkul) heunteu ngareply,
ditaksir 3000 jam/hari energi warga sunda ngalayang.
Tapi kanggo abdi anu nuju nganggur meuni asa katulungan yeuh ku milist US
teh, "Killing time" tea atuh. Tuh geuning teu karaos tos opat jam di Warnet,
janten 20000 rupiah eun yeuh.
Tah kitu akang, ceuceu ngacaprukan Ely teh.
Tapi Elly-mah resep gaul jeung sasama sunda teh, sababna karasa urang sunda
mah gede hampura, tara neuteuli, ngambek teh ngambek nyaah, janten upami
ayena Ely dibenduan ku sadaya anggauta milist teh Ely mah bungah, hartosna
para warga masih nyaah ka Ely.
Tapi abdi sebagai urang sundateh ngaraos heran, kunaon dididik sieunan, jadi
we bodo, buktosna urang sunda bodo teh teu bisa milih pimpinan, buktosna
hasilna dimana-mana di tatar sunda seueur pimpinan hasil pilihan rakyat mun
teu korupsi eh kalakuanana ka arah dzolim. Padahal mun urang dididik pinter,
engkena bisa kritis, bisa wani nuduhkeun ka pimpinan yen tindakana salah,
ari ayeunamah pan heunteu !
Tah ayeunamah sebagai tantangan pertama, kumaha upami urang
Galakeun/embarkeun/iklankeun Yen nu kudu diajenan/dipieling ku urang sunda
teh IBU DEWI SARTIKA, urang ayakeun tiap tahun hari Dewi Sartika dengan
meriah ..... sok deur ah.
Sakieu heula atuh ti Ely, ieu patuangan tos kukurubukan, bade ka "SAWIOS"
heula, hayu kang BOHAY, teh IKA, Kang Waluyo ka sadayana di Antos jam 02.30
di SAWIOS.
Sok kang Waluya, kang Bohay seuseulan deui Ely, awas mun heunteu, hartosna
teu nyaah ka Ely wew........
Insya Allah, sanes waktos Ely bade nyobi sadaya posting dibaca, dianalisa,
disintesa teras di reply, mung bade ngayaktoskeun yeun milist teh ageung
pisan gunana kanggo jalmi pangangguranmah.
salam
Ely Evalita nu geulis tea.
Note:
Posting selanjutnya Ely ingin membahas isi posting milist kebanyakan tak
mengarah, amburadul, asal-asalan dll, karena ditulis oleh orang awam atau
orang yang bukan ahlinya, bahkan orang iseng.
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
__________________________________________________
Apakah Anda Yahoo!?
Lelah menerima spam? Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap
spam
http://id.mail.yahoo.com
wassalam:
Rusdi Yunus
Rakyat SUBANG gotong royong subang maju
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com