Hawa Bandung nu matak bayeungyang ngarawu Jay nu kakarak kaluar ti warnet. 
Jalan metet patukang tonggong jeung beuteungna nu can dieusi nananaon ti minggu 
itu. Sora klakson mancawura kana ceulina. Barangmaen nu nemprakkeun leungeunna, 
ku manehna didilakan -- matana meh buncelik. Dititah ingkah. Jay noyod ka 
peuntas.
   
  Cung leungeun Jay ngacung, nyetop angkot. Clog manehna naek. Diuk gigireun 
lalaki tengah tuwuh nu keur nundutan. Leungeunna ngeukeuweuk koran wedalan opat 
poe ka tukang. "Seorang Pasien Kabur dari RS". Kitu ceuk HL eta koran. 
Hurup-hurupna ngajareblag, kelirna nu beureum getih matak peurih kana panon.
   
  Mangsa angkot mengkol ka kidulkeun, hate Jay ngalenyap. Manehna karak inget: 
Pesakna euweuh eusian saketip-ketip acan. Kumaha rek mayar angkot? Mayar ku 
rangsel? Atawa sasadu bae ka supirna?
   
  Angkot mumprung ka kidulkeun.
   
  MGT   
   
   
  
Ambu Bagja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  "Hoaaaaaaaaaahmmmmm....", Jay heuay kakara hudang sare. Nempo jam na
leungeunna, ngagurubug bakating ku reuwas, "Geuning geus jam 1 beurang
, uing kudu ka warnet deui nempo aksi milisi urangsunda". Ngodok saku
calana jins nu geus belel, "Ah lumayan aya sarebu perak", Jay
ngagerentes. 
Gejlig indit ka warnet, buru-buru muka e-mail. "Edas, beuki rea euy!".
"Jiga kieu mah moal mahieun atuh sarebu perak mah", Jay ngagerentes na
hatena. "Ah, aing tamba era, geus we rek ngirim e-mail, huleng heula
si Jay ngahuleng, "Naon atuh nya alesanana keur milisi urangsunda?"
"Ah aing ngaku rek ka Garut we..". Gura-giru Jay ngetik bari
tipaparetot, ayeuna mah nulisna saeutik da ngukur ka kujur, sarebu
perakeun. Geus ngetik gura-giru mencet Send. Buru-buru manehna hudang.
"Sabarahaeun Kang?". "1000 perak", ceuk nu ngajaga warnet. Jay muji
sukur ka pangeran, bari nyarita "Untung, passsss"

~ipup~


--- In urangsunda@yahoogroups.com, "ndoell" wrote:
>
> "Ha...ha....ha....", Jay seuseurian nepi keun ka reumbay cipanon.
> "Beunang siah ku aing, naaaa atuh urang Kusnét teh bararodo pisan 
> nya...",
> 

 __________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 
 __________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke