--- In [email protected], "Ambu Bagja" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Jay. Kudupruk awak Jay ngudupruk api-api kapiuhan. Jelema-jelema na > angkot patingkoceak komo ibu-ibu nu katindihan ku awak Jay reuwaseun. >
Ngadenge panumpang di tukang patingkoceak, reg supir ngeureunkeun mobilna. Klakson beuki raeng. Bongan ki supir teu nyisikeun heula mobilna. "Aya naon?," ceuk supir. "Iiieu. Aya budak ngadon ngajoprak. Ujug-ujug," ceuk hiji awewe -- tayohna pagawe hiji pabrik. Ngadenge klakson masih raeng, supir nyelang nyisikeun heula mobilna. "Sakalor atawa naon? Masih hirup, heunteu?," ceuk ki supir. Salah saurang panumpang hideng ngaragap leungeun kenca si Jay. Lebah peupeuteueyannana dicekel, halisna kuat ka kerung. "Masih," ceuk eta jalma bari culang-cileung, teu puguh saha nu ditempo. "Kumahakeun atuh, nya? Bawa ka rumahsakit bae kitu?," ceuk lalaki tengah tuwuh. "Saha nu rek mayarna? Ongkoh ayeuna mah ka rumah sakit teh pan kudu puguh surat-suratna, kudu puguh duitna?," ceuk awewe nu make saragam. "Cobi diparios pesakna. Manawi aya loket atanapi naon...," ceuk hiji nonoman nu make kaos oblong -- nu dihareupna ngajeblag gambar si cepot. Lalaki tengah tuwuh, nu pangdeukeutna ka si Jay, hideng ngarampaan pesak tukang calan si Jay. Katingal aya loket. Sok ku manehna dicokot. "Buka bae, nya? Moal nanaon?," ceuk si lalaki, ragu. "Teu sawios, Pa. Da ieu mah walurat. Manawi bae aya alamat atanapi namina," ceuk nonoman nu di kaos oblong. Sok si lalaki tadi mukaan eta loket. Katingal loket teh metet teu puguh. Sawatara kartu nama nu geus belel, raca ku angka -- teuing nomer telepon, teuing nomer togel. Breh aya KTP. "Ja..e..lani Ahmad Yani, 19 Juli 1980. Beu ngora keneh ieu budak teh," ceuk si lalaki. "Sumuhun. Linggihna di mana, Pa?," ceuk si nonoman. "Haur Pancuh III/897, RT 10, RW 24, Kelurahan Haur Pancuh, Kecamatan Coblong. Urang Haur Pancuh!," ceuk si lalaki. "Keun atuh ari tos jelas nami sareng alamatna mah. Urang bantun ka dokter bae. Di mana, nya dokter nu caket," ceuk si jajaka ka ki supir. "Eta palih payun, A. Caket pengkolan", ceuk supir. "Hayu urang bantu bae ka dokter," ceuk si nonoman, bari nyangkeh si Jay. MGT

