sim kuring oge ti ciamis.. muhun sami sareng wargi sanesna, meni sok sono ka 
ciamis teh.. atuda timimiti orok dugi ka sakola SMA di ciamis, rek teu apet 
kumaha ka ciamis...
  Mung masalah pangwangunan satuju sareng wargi lianna, kunaon atuh nya meni 
asa teu aya kamajuan nu signifikan di ciamis teh.. nu katingal ku sim kuring 
mah (duka kamajuan duka kamunduran) ayeuna teh meni rea pisan unggal sore 
barudak ngora  nongkrong di alun2..atawa cenah unggal peuting eta jalan di 
hareupeun kantor bupati teh dijadikeun "track track" an balap motor.... tapi 
ari pangwangunan ekonomi, teknologi, pendidikan, kasejahteraan masarakat asa 
teu aya kamajuan... Atawa kudu rada digebrag ambeh hudang?? Meni beda jeung 
pangwangunan tatanggana, kota tasik... Hayu atuh babarengan cuang ngageuingkeun 
ciamis tatar galuh... Sim kuring yakin, SDM orang ciamis sabenerna mah aralus, 
tapi sok poho ka lembur sorangan ari geus sukses di lembur batur teh.. (kaasup 
sim kuring meureun nya', anu ngumbara di lembur batur...ari sukses na mah 
acan,,hehehe)  hayu atuh cuang babarengan ningkatkeun pangwangunan ciamis....

Narayana Adipranata <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Nepangkeun ah sim kuring oge ti Ciamisw. enya pisan
eta teh teu dimana teu dimana, ngan sok inget wae ka
Ciamis. mani betah mun geus di ciamis teh.mun teu
inget kana kawajiban kudu gawe mah asana teh teu
hayang balik deui ka lembur batur...
--- wawan darmawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> UPAMI HOYONG NGAROJONG KANA PANGWANGUNAN HAYU URANG
> KEPUNG ETA BEURIT BEURIT... NA. NU GEUS
> BARUTIKEUK...!!!!!
> TRIMS
> 
> 
> Yuliadi <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
> asyik euy
> simkuring oge ti ciamis
> heuheu
> -----Original Message-----
> From: dide sunda [mailto:[EMAIL PROTECTED]
> Sent: Friday, November 17, 2006 8:28 AM
> To: [email protected]
> Subject: [Urang Sunda] Ciamis manis manjing digebrag
> 
> 
> Mang jamal, kang budhi, teh evi, tur baraya
> sadaya!
> Haha, geuning euyeub oge nya urang Ciamis teh
> (Moal kitu engke mah ngadamel millis urang-ciamis
> mah? hehe). Kuring padumukan mah di Cimari Cikoneng
> mung getih mah ti Panumbangan. Kumargi kuring nyaah
> ka lemah cai (atawa teu betah di lembur batur? duka
> tah) nya ayeuna ge teu dimana teu dimana, alias
> tetep betah di ciamis. Kitu tah!
> Cikan urang gebrag atuh Ciamis teh ku urang-urang.
> Salami nyunyuhun hulu, pangwangunan ciamis teh asa
> cicing wae. Kumaha carana nya?
> 
> 
> 
> 
> ---------------------------------
> Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail
> beta. 
> 
> 
> 
> 
> 
> __________________________________________________
> Apakah Anda Yahoo!?
> Lelah menerima spam? Surat Yahoo! memiliki
> perlindungan terbaik terhadap spam 
> http://id.mail.yahoo.com 

__________________________________________________
Apakah Anda Yahoo!?
Lelah menerima spam? Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap spam 
http://id.mail.yahoo.com 


         

 __________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke