Sampurasun!

Punten yeuh akang-akang sareng euceu-euceu sadayana, sim kuring hoyong
ngiringan di ieu milis, mung rupina moal seueur saur da rumaos balelol
nyarios basa Sunda teh :(

Atuh sakantenan, hoyong nyuhunkeun tulung manawi aya nu kagungan teks
atanapi e-book "Tanjeur na Juritan Jaya di Buana" yasana Pa Yoseph
Iskandar, disuhunkeun bantosanana supados abdi tiasa dikintunan.
Sanaos kitu, upami aya carpon sanesna oge teu sawios.

Hatur nuhun pisan sateuacanna!

Wasalam,

AA

Kirim email ke