4. Kuring boga sobat rada ahéng. Kamamana teu weléh nganggé sarung tangan. Tadina mah, disangka kagungan panyawat dina panangan atanapi ramona. Badé ditaroskeun teu wantun da bilih bendu. Tapi lami-lami mah teu tahan, bari jeung pupuntenan, ahirna ditaroskeun ogé:"alesan pangna sok nganganggo sarung tangan téh". Diluar dugaan, jawabanana téh aya patula-patalina sareng urusan nyandung. Kieu kang cenah :"abdi teh kantos di ramal tina dampal panangan" Saur tukang ramal : sok sanaos teu diniatan ogé, dina guratan panangan téh jelas pisan.................. pasti bakal nyandung................. Tah tiharita pisan abdi ngusahakeun tara gawé anu kira-kira bakal ngaleungitkeun atanapi ngipisan gurat leungeun: sabangsa nimba, nyeuseuh atawa ngangkat anu beurat. Kabéhdieunakeun ngarah langkung reugreug, utamina pami tumpak motor atanapi nyetiran, nya sok nganganggé sarung tangan ...............
__________________________________________________ Do You Yahoo!? En finir avec le spam? Yahoo! Mail vous offre la meilleure protection possible contre les messages non sollicités http://mail.yahoo.fr Yahoo! Mail

