Ngobrolkeun perkara gurat dampal panangan, asa kaingetan ku hiji tulisan dina majalah nasional sababaraha taun ka tukang. Ceuk ahli garis dampal panangan, ayeuna geus dimekarkeun konsep bari prak dipraktekeun cara-carana "ngarobah" nasib ku cara ngarobah garis dampal panangan. Maksudna, upama samemehna "nasib" nu baris kaalaman teh "given" kumaha ceuk garis dampal panangan (lamun percaya kitu oge), tah ku eta ahli mah dibalikkeun teorina, nyieun garis dampal panangan anu kumaha anu dipikahayang luyu jeung watek eta gambar garis dampal panangan kalawan kayakinan eta garis sakumaha watekna ceuk ramalan-ramalan dina teori gurat dampal panangan. Upamana wae, lamun, garis dampal panangan anu nunjukeun aya bakat nyandung teh disisi panangan katuhu, aya tilu garis ngajajar, laju aya jalmi anu hoyong nyandung tapi teu dina dampal pananganana aya eta garis siga kitu, nya matak naon, dijieun wae, ceuk eta ahli. Carana? nya sarupa nato (nyieun tato). Anu bangga wae siga tato bisa, na make teu bisa nyieun garis tangan anu dipikahayang? Tambahna, negeskeun.
(gura-giru nyumput bisi loba anu naroskeun alamat eta ahli daris dampal panangan). baktos, manAR On 12/29/06, Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
4. Kuring boga sobat rada ahéng. Kamamana teu weléh nganggé sarung tangan. Tadina mah, disangka kagungan panyawat dina panangan atanapi ramona. Badé ditaroskeun teu wantun da bilih bendu. Tapi lami-lami mah teu tahan, bari jeung pupuntenan, ahirna ditaroskeun ogé:"alesan pangna sok nganganggo sarung tangan téh". Diluar dugaan, jawabanana téh aya patula-patalina sareng urusan nyandung. Kieu kang cenah :"abdi teh kantos di ramal tina dampal panangan" Saur tukang ramal : sok sanaos teu diniatan ogé, dina guratan panangan téh jelas pisan.................. pasti bakal nyandung................. Tah tiharita pisan abdi ngusahakeun tara gawé anu kira-kira bakal ngaleungitkeun atanapi ngipisan gurat leungeun: sabangsa nimba, nyeuseuh atawa ngangkat anu beurat. Kabéhdieunakeun ngarah langkung reugreug, utamina pami tumpak motor atanapi nyetiran, nya sok nganganggé sarung tangan ............... __________________________________________________ Do You Yahoo!? En finir avec le spam? Yahoo! Mail vous offre la meilleure protection possible contre les messages non sollicités http://mail.yahoo.fr Yahoo! Mail

