leres mang, kalaman ku abdi oge. kapungkur nuju "ngoboy" keneh eta naek kareta ekonomi ti banyuwangi ka bandung (transit di surabaya) manggih dulur salembur. eta mah erek di turunkeun di stasiun selanjutnya ku kondektur pedah tengah peuting cakakak keneh tengah peuting di kareta padahal ngan opatan (kaasup saya) jadi mang singgih masih eleh keneh kituw heuheuheuheu
by batam ----- Original Message ----- From: mangsinggih To: [email protected] Sent: Friday, December 29, 2006 11:31 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Sepi Asa teu pararuguh ! Subject-na "sepi", jadi bakating ku "sepi", postingna aya kana 30 posting. Tah nu kieu artina "sepi" jang US mah. Aya nu nanya ka sim kuring: " Bah kunanon ari di NYC teu aya Kumpulan Urang Sunda? Teu jiga batur sabangsa, aya Kumpulan Minang, Kumpulan SulSel, Kawanua jeung Maesa ti Manado, PBB, sanes PBB UN ieu mah Persatuan Bangsa Batak, malah aya Cakra kumpulan urang Wetan." Nya ku sim kuring di jawab kieu: " Teu bisa aya kumpulan Urang Sinda, teu meunang ku Pulisi, da rea tatangga bule anu protes" "Nah kuanon make di protes sagala, Bah ?" " Kieu, mun urang Minang kumpul, mun urang Sulsel kumpul, mun urang Manado kumpul, atawa PBB kumpul, tara rame. Jempling wae. Da tara aya nu ngabodor, paling ge ngan hiji " ceuk sim kuring . " Ari Urang Sunda kumaha?" tanyana deui. "Urang Sunda kumpul jiga bulan katukang di bumina Pak Nana, pan aya Pak Jusuf, aya Pak Nandi. Pak Kurniadi ti Konsulat, jeung Abah. Meh we pulisi datang. Da eta ceah ribut teuing, kabeh limaanana ngabodor teu eureun-eureun seuseurian " jawab sim kuring. ' Oooh, kutan kitu Bah. Ari sugan teh US mah hese dikumpulkeunana" pokna teh. " Lain kitu, ngan sok dianggap diskriminasi, da eta cenah ngabodorna make basa Sunda. ti mimiti nepi ka bubaran. Rea nu sirik, ari US ngakakak, batur mah baralem wae. Atuda teu ngeunah ngabodor make basa Nasional mah, da nu ngumpulna ge US kabeh. Jeung aya ku rame kitu cenah. Barang ditingali ngan ukur limaan, kumaha ramena mun keuwih rea deui US ngumpul" Abah Joe __________ NOD32 1943 (20061228) Information __________ This message was checked by NOD32 antivirus system. http://www.eset.com

