Tadi enjing kirang langkung tabuh 07.00 (waktos Korea), TV-MBC Korea 
ngawartakeun,
  pangaruh El-Nino dina taun 2007, duka kenging nyutat timana, mung anu 
kabandungan aya
  3 perkawis ;
  1. Dina usum panas anu bade dongkap, es di kutub bakal seueur anu leeh/leyur 
janten cai.
  2. Usum panas anu bade dongkap bakal langkung panas ti usum panas nu 
atos-atos.
  3. Ieu anu langkung penting, margi aya patalina sareng kahirupan di lemah 
cai, sanggem 
      eta bewara, Indonesia baris nyorang usum katiga/halodo anu pohara.
   
  Ieu bewara di alungkeun ka lembur, taya sanes supados urang sadaya, khususna 
anu dilembur supados taki-taki mayunan eta katiga.
  Sukur-sukur eta bewara nyalahan.
   
  Pihatur,
  ssw 


http://cikundul3.multiply.com
  Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
  Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda

Kirim email ke