Halodo kamari we sababaraha wewengkon di Indonesia ngalaman krisis cai 
bersih anu lumayan rohaka, kalebet Bandung. Komo pami usum halodo nu baris 
dongkap langkung tinu kamari heuheuheu duka kumaha tah. Nu pasti jigana 
krisis cai bersih langkung rohaka deui.

Mung untung we es di kutub seueur anu leeh janten cai heuheuheu. Logika 
na, laut bakal ngalegaan. Teknologi ultrafiltrasi pikeun ngolah cai laut 
janten cai bersih (=air minum) tos wancina makalangan di tatar rahayat 
leutik. Minangka hiji solusi alternatif pikeun mayunan krisis cai bersih 
nu rohaka eta.



Baktos,
OTA
*** Hukum Thermodinamika I : Materi oge energi di alam dunya ieu teu 
ngurangan dina jumlahna.
 


Tadi enjing kirang langkung tabuh 07.00 (waktos Korea), TV-MBC Korea 
ngawartakeun,
pangaruh El-Nino dina taun 2007, duka kenging nyutat timana, mung anu 
kabandungan aya
3 perkawis ;
1. Dina usum panas anu bade dongkap, es di kutub bakal seueur anu 
leeh/leyur janten cai.
2. Usum panas anu bade dongkap bakal langkung panas ti usum panas nu 
atos-atos.
3. Ieu anu langkung penting, margi aya patalina sareng kahirupan di lemah 
cai, sanggem 
    eta bewara, Indonesia baris nyorang usum katiga/halodo anu pohara.
 
Ieu bewara di alungkeun ka lembur, taya sanes supados urang sadaya, 
khususna anu dilembur supados taki-taki mayunan eta katiga.
Sukur-sukur eta bewara nyalahan.
 
Pihatur,
ssw 


http://cikundul3.multiply.com
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda___ 

Kirim email ke