Sok tara paruguh, gantung dengeeun, tuluykeun atuh
dongengna,.............................................

Naon huluna wungkul dongeng the, teu kaci ach........

 

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of oman abdurahman
Sent: Wednesday, January 03, 2007 9:07 AM
To: [email protected]
Cc: [email protected]; [EMAIL PROTECTED];
[EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED];
[EMAIL PROTECTED]
Subject: [Urang Sunda] Antara Do'a Nabi Ibrahim as jeung Talatah Prabu
Wastukancana (1)

 

Baraya,

Minangka kakaren lebaran haji atawa 'Iedul Adha, urang ngaguar salah
sahiji do'a Nabi Ibrahim as anu kaunggel dina Al Qur'an. Saha ari Nabi
Ibrahim as? urang sadaya geus mafhum. Lalakonna anjeunna ampir
dipastikeun salawasna diguar nalika urang mapag atawa dina der pisan
mieling poean lebaran haji jeung ibadah-ibadah anu pakait di jerona.

Ayat Al Qur'an anu dipilih dina kasempetan ieu nyaeta do'a Nabi
Ibrahim anu kaunggel dina Surah Asy Syu'ara ayat 69 dugi ka 87(QS 26 :
69 - 87), khususna ayat ka 84-na. Saba'da nilik kana eusi ayat Al
Qur'an 26 : 84, tetela aya tali anu nganteng kasaruan eusining talatah
dina eta ayat jeung titinggal salah sahiji raja Sunda anu mashur,
Prabu Wastukancana sakumaha kacatet dina Prasasti Kawali. Kukituna,
pamugi kawidian ku sadayan, ieu mieling Nabi Ibrahim dina kakaren
'iedul Adha teh bade dikaitkeun sareng guaran ajen inajen anu kapendak
dina salah sahiji paninggalan sajarah Sunda, manawi nepi ka anu
dimaksud.

1. Nabi Ibrahim as jeung salah sahiji do'ana

Anjeunna kasohor atawa meunang julukan salaku "pupuhuna tauhid" atawa
"pupuhuna anu nanjeurkeun monotheisme". Eta gelaran lain seja
ngaremehkeun pancen nabi-nabi sateuacanna dina nanjeurkeun agama
Alloh. Namung, perjoangan Nabi Ibrahim as dina ngabela agama tauhid
dibanding nabi-nabi samemehna as pangpanjangna. Oge sababaraha
diantara paripolah anjeunna dina melaan katauhidan diabadikeun jadi
ibadah atawa ritual umat Islam saalam dunya nepi ka ayeuna. Hal ieu,
tangtu wae saba'da meunang pangukuhan ti nabi anu pamungkas, nyatana
kangjeng Nabi Muhammad saw.

Pondok carita, Nabi Ibrahim as nalika dina hiji kasempetan da'wah ka
ramana katut umatna anu masih musyrik, anjeunna ngadugikeun sababaraha
argumentasi ngeunaan perluna mangeranan ka Gusti Alloh anu Maha Esa.
Hal ieu kaunggel dina Al Qur'an surah Asy Syu'araa ayat 69 dugi ka
ayat 82. Runtuyan da'wah Ibrahim as dina mangsa harita, sakumaha
digambarkeun dina surah Asy Syua'ara tadi, ditutup ku rengrengan do'a
Nabi Ibrahim as (QS 26 : 83 - 87). Urang puseurkeun heula perhatian
urang kana do'ana anu luyu jeung jejer ieu tulisan, nyaeta sakumaha
do'a anjeunna anu kaunggel dina surah Asy Syu'ara ayat 83-84.

Do'a Ibrahim as sakumaha anu dimaksud (QS 26 : 83-84) teh kieu unina
(tarjamahan): "(Ibrahim ngado'a) : 'Nun Pangeran abdi, mugi Anjeun
maparinan hikmah ka abdi sareng mugi Anjeun ngajantenkeun abdi kaasup
golongan manusa-manusa anu saroleh; Jeung mugi Anjeun ngajantenkeun
abdi kacapangan anu sae pikeun jelema-jelema (anu baris datang)
saterusna'.

Tina do'a Nabi Ibrahim as, anu kaunggel saparantos padungdengan tutur
adu argumentasi anjeunna jeung ummatna ngeunaan saha satemanna anu
kudu disembah ku manusa, nyongcolang talatah salah sahiji hal anu
penting jadi eusi do'a urang. Kulantaran hakekat do'a teh diantarana
papagon pikeun laku lampah sapopoe, nya eusi eta do'a oge ngarupakeun
tuladan keur paripolah hirup sapopoe. Upama diringkeskeun, aya tilu
papagon lakulampah sapopoe anu kacangking tina eusi do'a dina dua ayat
Al Qur'an tadi. Anu 3 teh nyaeta: 1) sangkan urang salawasna neangan
hikmah dina kahirupan, 2) usaha sangkan urang kaasup golongan manusa
sholeh, 3) usaha sangkan urang jadi kacapangan (B.Ind: buah tutur yang
baik) keur generasi saterusna.

Nilik kana runtuyan amanah anu dikandung ku dua ayat Al Qur'an tadi,
bisa jadi ditarik kacindekan sarupa kieu: pikeun nyangking kalungguhan
salaku manusa anu jadi kacapangan atawa anu jadi carita hade
saterusna, hiji jalma samemehna kudu bisa nyangking hikmah, jeung
ngalakukeun amal sholeh salila hirupna. Kacindekan anu akhir bieu
upama disirorotkeun kana alam jeung kahirupan budaya Sunda mangsa
samemeh datangna pangjajah jeung sumebrana agama Islam di Tatar Sunda,
tetela nurub cupu. Hal ieu kacangking upama urang nitenan naon anu
jadi ajen-inajen poko kasundaan anu kapendak tina titinggal raja-raja
Sunda, boh naskah kunona atawa prasastina. Diantarana, prasasti
titinggal raja Sunda anu panglilana jadi raja (104 tahun), Prabu
Wastukancana (abad 13 - 14 M), sakumaha tiasa kapaluruh dina prasasti
Kawali (hiji wewengkon kacamatan anu kaasup wilayah Kabupaten Ciamis
ayeuna)

Cag heula, aya umu pareng urang teruskeun deui.

baktosna,
manAR

 

Kirim email ke