Baraya,

Sababara poe katukang Apih ngadugikeun prakira (ramalam) kaayaan alam
taun 2007 numutkeun ahli-ahli ti Korea. Baris leuwih panas kusabab El
Nino manggung deui jeung leehna es di kutub, saurna. Eta ramalan atawa
prediksi para ahli iklim teh dinten ieu dikuatkeun deui ku para ahli
di Amerika jeung Eropa sakumaha dina:
http://news.yahoo.com/s/ap/20070104/ap_on_sc/britain_global_warming ,
dinten ieu. Naon akibat gorengna anu bisa dirarampa ayeuna keur
jaga-jaga ka hareup? Jeung naon tarekah urang pikeun nyinglarkeunana?

Kaayaan alam anu tambah panas jeung El Nino bisa ngabalukarkeun leehna
es di kutub, akibat leuwuh jauhna: beungeut cai laut naek. Kaayaan ieu
dibarung ku El Nino bisa jadi ngakibatkeun hujan gede tur banjir dina
tungtung taun atawa awal taun hareupna deui. Samemehna, kusabab
kaayaan alam anu panas, hawa sapopoe baris leuwih tarik panasna,
halodo diperkirakeun bari leuwih panjang, dangdangrat kakurangan cai
dimana-mana wuwuh tambah rosa, jero taun 2007.

Narekahanana? taya lian ti balik deui kana miara kabuyutan. Leuweung
kudu dijaga, sabisa-bisa ulah aya anu nuar kakaianana, palemburan
jeung kota-kota kudu leuwih dihejokeun ti ayeuna, walungan-walungan
kudu leuwih dipiara meh teu mendet dina waktuna hujan gede datang. Aya
hadena, rahayat anu didasi nu maling kai ti leuweung kudu dihukuman
masing beurat. Kajahatan ngaruksak leuweung kudu disaruakeun jeung
kajahatan gede sejenna, kayaning korupsi, narkoba, jst. Sabab, geus
kabuktian, kualatan leuweung diruksak, musibah banjir dimana-mana, ti
anu leutik nepi ka anu badag anu teu saeutik mawa korban jiwa.

Anapon rahayat leutik anu maling kai ti leuweung - biasana jumlahna
teu sapira, tapi cukup lega karuksakan anu ditimbulkeunana upama
dijumlahkeun - kudu diatik jeung didik sarta dibere jalan kaluar
pangupahjiwana sangkan henteu deui-deui ngaruksak leuweung. PR
Pamarentah jeung para pamuka masyarakat nambahan deui, wayahna kusabab
pancen.

Program Pamarentah ka hareup (2007 jst) kudu bener-bener multifungsi
anu nyata. Disagigireun ngaronjatkeun paekonomian rahayat, oge dina
waktu anu bareng kudu aya manfaatna pikeun ngaronjatkeun kualitas
lingkungan. Kusabab kitu, program-program saperti hutan karahayatan,
miara jeung ngalegaan leuweung adat (kabuyutan), nyalindungan sirah
cai jeung wewengkon seserepan caina kudu dilegaan ambahanana.

Melak tatangkalan di gunung jeung pasir anu buligir oge di pakampungan
jeung dikota-kota kudu jadi prirotas program, boh di Pamarentahan
atawa LSM-LSM. Lain ukur formalitas ritual melakna anu kudu digedekeun
teh, tapi kumaha nitenana (monitoring), sangkan naon anu dipelak
jaradi tur ngabadagan sakumaha mistina. Anu diperlukeun ku rahayat
lain seminar-seminar pentingna melak tatangkalan, lain upacara
seromonial dina derna ngahejokeun leuweung, balikta lahan anu gundul
balik deui sakumaha asalna: jadi leuweung anu pepek ku tatangkalan
hejo ngemploh, sirah cai cur-cor dimana-mana.

Satemenna, indikator lumangsung henteuna program ngahejokeun leuweung
teh  gampang kacida nitenana. Ceuk paribasana, ku rahayat biasa oge
baris langsung katangen. Upamana wae, gunung sakuriling Bandung rek
dihejokeun ku Pamarentah ngaliwatan dinas kehutanan satempat,
indikatorna: dina jero 6 bulan, upamana, eta pasir atawa gunung-gunung
anu aya di Bandung teh geus kudu mimiti katembong hejo. Lamun gundul
wae, siga salah sahiji gunungkalereun Rancaekek, Bandung, eta hartina
Pamarentah teu bener-bener ngalaksanakeun programna. Upama kitu, eta
Pamarentah geus sulaya ngalaksanakeun amanah rahayatna. Lamun kitu
kajadianana, talatah karuhun pikeun miara kabuyutan teh geus
disapirakeun; pon kitu deui, amanah agama sangkan jadi rahmat keur
alam geus dirempag.

Usaha sejenna, anu rada panjang, pikeun narekahan sangkan alam ulah
panas teuing nyaeta: ngurangan emisi gar karbon ka angkasa jeung
program-program pikeun ngalawan panas akibat "gas rumah kaca" (grk)
tea. GRK teh akibat loba teuing gas-gas anu ngahalangan balikna
radiasi panonpoe nepi ka alam jadi panas. Alam atawa bumi anu
katalingkung ku GRK jadi tambah panas ngaakibatkeun, diantarana, hawa
sapanjan taun panas leuwih ti biasana jeung es di kutub jadi leeh.
Akibatna, sakumaha geus ditatan tadi, El Nino, halodo panjang, jeung
banjir rongkah dina mangsana usum hujan datang.

Anapon program keur narekahan akibat GRK anu geus kajadian diantarana:
ngabajoangkeun protokol Kyoto (utamana ngadesek sangkan Amerika
daekeun nandatangan eta protokol). Ieu memang tugas Pamarentah, tapi
rahayat oge bisa mantuan. Upamana, ngaliwatan kampanye atawa demo
tartib keur progra, ngurangan GRK. Usaha sejen, siga anu keur dipaju
ku Kang Dadang (Ir. Dadang Muhamad, urang Malangbong, alumni IPB anu
sukses jadi "pangebon" kalawan tara nginjeum ka bank), prak migawean
program CDM (clean development mechanism), diantarana: ngahejokeun
leuweung kalawan beaya nya ti pihak donatur. Na bisa sarupa kitu?
Puguh wae bisa pisan ari geus nyangking elmu jeung praktekna siga Kang
Dadang mah.

Cag heula, bisi panjang teuing, jeung...ngahaja, sangkan jadi tulisan
anu ...teu kaci....hehehe. Hapunten anu akhir eta mah heureuy.

baktos,
manAR

Kirim email ke