prakprakanana kieu... irung dipengék sing tarik ku leungeun kénca, leungeun katuhu nyokot barangna nu ngajadikeun kabeureuyan téa; atawa genggerong dirojok ku curuk ngarah utah; atawa dada disarandékeun kana sisi méja tuluy diketig2 ku leungeun handapeun beuheung.
lamun barang bangsa leutik atawa duit asup ka jero beuteung, geuwat nginum kastroli. Tapi, mun barangna bangsa barang seukeut, saperti jarum atawa panitih, mimitina kudu dahar hui kumeli heula, roti jeung kapas nu beresih, tuluy nginum kastroli. lamun kabeureuyan bangsa cucuk lauk atawa tulang, geuwat nginum zoutzuur, atawa ramo diasupkeun kana genggerong supaya utah. tilu jurus di luhur teh disalin tina Volksalmanak Soenda taun 1919 kaca 50. pangalaman kuring sorangan, mun kabeureuyan ku cucuk, cukup ku neureuy buleud endog asin (atawa kulub endog). Mun teu manggih nu buleud, nya wios neureuy endog lonyod ge... Mun endogna kalah nyangked dina genggerong, mangga enggal2 tepangan dokter. heuheu... -- sikandar kumincir.blogspot.com

