Punten ah...
assalamu'alaikum
ari kitumah Amerika teh lain hebat atuh...
terang teu ari anu pamikiran kitu nyaeta jalama-jalma anu tingkatan paling
rendah...maenya hoyong kabengharkeun sorangan ngadudombakeun negara
batur...ngancur-ngancurkeun negara batur...Berarti ari kitu mah bangsa Amerika
teh bangsa anu ngadzolimi bangsa jg rahayat batur lain di pemerintahan wae jg
rakyat amerikana oge geus miluan ngadzolimi bangsa jg rahayat batur...Berarti
eta negara teh lain hebat negara anu pang rendahna...cobi di pikirkeun..loba
nagara hancur...perang saudara..miskin akibat saha etateh...mun hebatmah lain
kitu carana...mun hebatmah mun dunia ieu damai...euweuh perang..negara miskin
ngurangan tah eta hebat...
wassalam
ely evalita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sampurasun,
Akang-akang, abah-abah anu kasep, katut teteh, ambu anu geulis, masih dinten
minggu yeuh, wanci nu hade keur ngadongeng dina milist urang sunda ieu.
Ayeuna urang nengetan kahebatan Amerika di Irak.
Amerika, “menang telak” nguasaan Irak, atawa Irak serah bongkokan (menyerah
tanpa syarat).
Mangga titenan.
Keur ngurangan musuh-musuhna di jero negri Irak, Amerika geus hasil
ngagantung Sadam Husein, bari jeung leungeun penguasa Amerika bersih, sabab
secara hukum international. Sadam Husein digantung ku rakyatna sorangan alatan
kejahatan manehna karakyatna sorangan.
Tah kualatan digantungna Sadam Husein (penganut mazhab Sunni) ku pamarentahan
Irak ayeuna (penganu mazhab Syiah), atuh perang antara Syiah jeung sunni di
Irak beuki maceuh, atuh korban diantara maranehna sorangan beuki loba, nya
beuki ngurangan warga Irak sorangan, jadi Amerika teu perlu ngerahkeun pasukan
keur numpas tentara Irak.
Nepi ka iraha Sunni – Syiahperang terus ? nya nepi ka cape atawa beak
jelemana, dan ari kurang pelorma, atuh pastina bakal aya nu nyuplai, pan
tujuanana oge supaya ngurangan pendudukna. Oge bisa eureun mun Sunni jeung
Syiah geus areling yen maranehna teh bodo katotoloyoh daek wae diadu domba.
Komo ayeuna aya jaminan ti pamarentah Irak nu anyar anu dikuasai Syiah tea
yen sakabeh pengacau di Irak rek ditumpas, malah pamarentah Irak sorangan geus
bewara ka mancanagara tong pipilueun atawa tong tatanya masalah eksekusi Sadam
Husein. Ieu nunjukeun Amerika geus bias nguasai pamarentah boneka di Irak.
Bisa dibayangkeun atuh dina waktu anu sarua tentara Amerika jeung sekutu
cukup lalajo we tina TV satelit dimarkasna bari udud, minum-minum jeung
sajabana kagumbiraan, malah aya nu maraen kartu sagala bari gogonjakan. kacida
ngeunahna tentara Amerika nya ?.
Atuh pengusaha/penguasa Amerika keur menikmati hasil pampasan perang
(Gonimah) nyaeta lapangan minyak seluruh Irak anu ayeuna geus dikuasai ku
maranehna dibawah kontrak international nu sah jeung dibawah perlindungan PBB,
paling heunteu kontrakna bisa keur lima puluh tahun kahareup.
Lamun diitung-itung, atuh tangtuna pamarentah Amerika geus untung gede, sabab
modal perang geus balik (Break event point terlampui), ieu diitung tina modal
perang, timimiti perang teluk 1991, terus dipancing 11 september 2001 anu ngan
ngorbankeun dua gedung jeung sababaraha pesawat terbang anu dipake ngabom-na,
atuh panumoangan anu ratusan urang. Total pengeluaran leutik pisan lamun
dibanding jeung hasil pampasan perang (gonimah) tea, sabab paling heunteu
pamarentah Amerika meunang pajak ti perusahann minyak atawa perusahaan
kontruksi di Amerika anu nguasai lapangan minyak jeung ngawangun deui Irak, ieu
jumlahna bakal ngahasilkeun puluhan kali lipet tina biaya perang anu
dikaluarkeun, komo lamun diitung jeung upah anu ditarima ti Arab Saudi jeung
Kuwait waktu ngancurkeun Irak 1991 (dina perang teluk, perjanjiana sakabeh
senjata anu dipake jeung gajih tentara Amerika dibebankeun ka Kuwait, Amerika
pengeluarana hampir NOL). Atuh tangtuna untungna gede kaliwat saking.
Malahan antukna ayeuna Amerika geus boga beukeul tambahan keur biaya perang
saterusna nyaeta keur nguasai Iran. Meureun ayeuna Amerika keur siap-siap
ngagepur IRAN. Tinggal ngadagoan reaktorna IRAN jadi, serang ku F16 atawa F18,
cukup 20 menit eta reaktor ancur total, komo mun RAPTOR STEALTH jadi mah, wah
beres cukup ku opat sortie atuh.
Kauntungan lain oge sabenernamah tina pengembangan senjata, nepi ka keluaran
tahun 1995 senjata buatan Amerika, geus diuji coba dilapangan langsung di medan
perang Irak, anu sukses besar, dimana ngan cukup 22 poe ngancurkeun sakabeh
instalasi militer Irak anu dibangun dua puluh tahun ku Sadam Husein, tanpa
perlawanan anu berarti.
Ari rakyat Amerika kumaha ? Jelas meunang kauntungan gede, sabab lamun
pamarentahna meunang pemasukan tina pajak minyak/perusahaan, artina Amerika
beuki beunghar, artina di Amerika ekonomi bisa bergulir otomatis, industri
beuki maju, komo industri perangmah, malah senjata anu dipake ngacurkeun Irak
jeung Agfansitan oge rek dipensiunkeun diganti kunu anyar, tangtu wae ieuteh
sarua jeung lapangan kerja terbuka lebar keur rakyat Amerika.
Tah didieu kahebatan pemikir Amerika, ciri jelema unggul, ahli strategi ti
Para usahawan, ekonom, jeung jagoan perang Amerika anu sapajodog keur nguasaan
sumber daya alam disaluruh dunya, atuh rakyat Amerika beuki ngarasa reueus boga
pamimpin hebat..
Masih rakyat Amerika, nyatana rakyat Amerika ngadukung kana kabijakan
pamimpina anu hayang nguasai sumber alam disaluruh dunya kujalana kumaha wae,
boh lemes boh kasar, buktina angaran perang Amerika terus naik jeung ieu
diatujuan ku kongres, malah tiap presiden anyar pasti aya nagara diluar Amerika
anu diintimidasi kudu nurut, teu nurut pasti digempur tuntas.
Kunaon rakyat Amerika satuju kabijakan ieu ? Jelas teu perlu difikir deui,
sabab satiap perang anu dimenangkeun ku Amerika sarua jeung ngahasilkeun
penghasilan keur rakyat Amerika, atuh antukna rakyat Amerika beuki sejahtera.
Lamun ditung-itung dinagara anu rek dkuasai euweuh pihasileun nya mending
ditinggalkeun, contona di Vietnam, Amerika lain eleh perang tapi ngahaja
nyingkah sabab di Vietnam euweuh nanaon, kitu oge Amerika moal nyusahkeun maneh
ngirim pasukan ka Afrika nu jelas can aya irongeunana, boh minyakna, boh intana
boh uraniumna jeung sajabana. Lamun ngirim kanagara miskin tujuana jelas pasti
neangan sumber alam.
Hebat tah para pemikir di Amerika.
Ari rakyat Irak kumaha ?
Ah et amah soal gampang atuh, maranehnanamah cukupan we daharna jeung pakena,
tinggal ngirim we lewat PBB anu make istilah penjualan minyak untuk pangan,
rakyat pasti jempe, tangtu wae rakyat dibodokeun, atuh rakyat Irak oge beuki
kadieu beuki saeutik jumlahna sabab dikurangan terus tiap ku perang diantara
maranehna sorangan, jadi anu kudu disuplai oge beuki saeutik, artina
pengeluaran beuki leutik
Kumaha cara Amerika nguasai sumber alam di Indonesia ? nyatana gampang pisan,
biayana murah. Cukup diotak-atik Timor-Timur, Aceh goyang saeutik, Papua
panasan, gerakeun masa didalam negri di tahun 1997 digalakeun, lengserkeun
Suharto anu geus wani ngalawan kusabab ngabedokeun balnaja F16, atuh Habibie
anu sok jago hayang mandiri jeung condong ka Europa dikanvaskeun, hasilna luar
biasa. Tanpa pengiriman militer ka Indonesia, Faktana ayeuna sakabeh sumber
alam (minyak bumi, tambang emah, nickel jeung sajabana) ditatar Nusantara geus
aya dina keupeulan perusahaan usahawan Amerika nepi ka tahun 2040.
Hebat, emang hebat Amerika !
Tapi kehebatan Amerika can bisa ngelehkeun Israel. Israelmah cukup saminggu
ngancurkeun liga Arab dina perang Zipur, padahal Israel ngan dipimpin ku awewe
haritateh. Israel cukup opat jam ngancurkeun angkatan udara Mesir, cukup sajam
nyerang Libia, cukup 25 menit ngabebaskeun sandera di Uganda, komo ngancurkeun
reactor Nuklir Irakmah cukup 20 menit ku dua pesawat. Irak teu bisa nanaon
pisan.
Tapi anu penting dipelajari, naon sababna Amerika unggul ?
Sabenerna puluhan sabab, tapi salah sahiji sababna Amerika boga rebuan ahli
sejarah bangsa-bangsa didunia, anu mempelajari ngenaan karakter bangsa (Past
human behaviour). Tah salah sahijina keur ngancurkeun Irakteh, nya tina sejarah
bangsa Irak, aya fakta yen karakter bangsa anu ngawangun Irakteh bangsana
salawasna perang diantara bangsana sorangan, jeung didinya aya dua mazhab islam
anu salila ieu paling gampang diadu-adu (nyaeta sunni jeung syiah). Nya atuh
prak we digarap, tinggal mancing Suku Kurdi supaya daek berontak (janjian
merdeka bila perlu), bere duit, atuh kaum Syiah panasan yen Sadam anu sunni teh
dzolim, saterusna pancing/provokasi Sadam sina nyerang Kuwait, hasilna luar
biasa Sadam kapancing, karak ge cop Sadam asup ka Kuwait, langsung Amerika
ngerahkeun pasukan ka Teluk, tidinya tinggal itung-itungan anu cukup. kumaha
supaya nguasai Irak bari jeung disatujuan dunya, hasilna para warga sadaya
uninga ayeuna Sadam geus teu diperlukeun deui, der gantung.
Mirip ka Indonesia, Suharto geus teu diperlukeun deui, lengserkeun, ganti ku
anu bisa diatur, utamana anu daek mikeun kontrak pengelolaan sumber alam ka
manehna. Atuh anu ribut waemah jiga Amin Rais tinggal dibungkem, malah teu
dibungkem oge capeum sorangan jeung modalna keur ngomong kaditu kadieu geus
ledis.
Akang, Teteh, Abah, ambu. Kumaha hebat henteu Amerikateh?
Kumaha ambu, bade ngomentaran moal ? Sok atuh ambu ngalih kuadran, ulah
dongeng JAY wae, dongeng etamah moal ngageuing warga sunda anu katalangsara
jaradi pejuang/penguasa, paling oge rumahuh sabar jeung sabar.
Kang Bohay kamana ? Naha masih andekak macaan pelajaran administrasi ? Sok
atuh posting deui anu rada rame. Omat kang upami rengse diajar administrasi
ngalih kuadran, ulah buburuh nepi ka subuh, kuli nepi ka Janari, dicobi usaha
mandiri nya kang !
Omat.
Ka para warga US anu janten buruh/kuli/pagawe BUMN/Negri golongan rendah ulah
e-mail e-mailan nganggo waktos jeung fasilitas kantor (korupsi namina).
Ka para pajabat/usahawan mah moal nyarios da moal aya pajabat atawa
wiraswastawan ulubiung milist nu kieu.
Ka para pensiunan/penganggur mah saena sing sering mukaan milist ieu, margi ieu
teh sae pisan keur killing time, moal karaos geura, terang-terang tos sonten we.
Ngawitan senin enjing para Mahasiswa libur, atuh mahiswa anu kuulen bakal
beuki tumaninah nga-alokan atawa ngawadul dina milis ieu.
Sakieu heula, Insya Allah minggu payun upami abdi nganggur disambung ku
dongeng anu sanes.
Punten yeuh topikna rada ningkat sakeudik, maenya atuh postingna ngan urusan
ngawayuh atawa heureuy wadul wungkul.
Salam
Ely nu geulis tea.
----- Original Message ----
From: Agus Wirabudiman <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Thursday, January 4, 2007 9:38:12 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Link Video Saddam Husein Di Eksekusi
Tambihan Situs Download Video Eksekusi Saddam Husen, Sumber
http://hidayatullah .com/index. php?option=
com_joomlaboard&func=view&id=25869&catid=5 :
http://www.arrahmah .com
http://www.alrafdea n-news.net/ Dec,2006/ Shaaaheed_ IRAQ_Sdaaam. 3gp
http://www.zippyvid eos.com/93022486 86475086/ shaaaheed_ iraq_sdaaam/
----- Original Message -----
From: Aldo Desatura
To: [EMAIL PROTECTED] or.id ; [EMAIL PROTECTED] ups.com
Sent: Wednesday, January 03, 2007 12:25 PM
Subject: [Urang Sunda] Link Video Saddam Husein Di Eksekusi
ti babaturan... pang jabrikeun ka uing euy.....nuhun ah
Buat yang nggak kuat nonton - jangan nonton yaaa...
Video ini berisi detik-detik saddam husein di eksekusi
Klik disini dan telusuri di link lain-lain
.
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
__________________________________________________
Apakah Anda Yahoo!?
Lelah menerima spam? Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap spam
http://id.mail.yahoo.com