nyaan neng Elly dugi kakituna analisa na..
akang mung tiasa ngaos bari lokcay (molohok bari ngacay..)
nyakseni neng Elly anu geulis...tewewew...

--- In [email protected], ely evalita <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Sampurasun,
>  
> Akang-akang, abah-abah anu kasep, katut teteh, ambu anu geulis, 
masih dinten minggu yeuh, wanci nu hade keur ngadongeng dina milist 
urang sunda ieu.
>  
> Ayeuna urang nengetan kahebatan Amerika di Irak.
>  
> Amerika,  "menang telak" nguasaan Irak, atawa Irak serah bongkokan 
(menyerah tanpa syarat). 
>  
> Mangga titenan. 
>  
> Keur ngurangan musuh-musuhna di jero negri Irak, Amerika geus 
hasil ngagantung Sadam Husein, bari jeung leungeun penguasa Amerika 
bersih, sabab secara hukum international. Sadam Husein digantung ku 
rakyatna sorangan alatan kejahatan manehna karakyatna sorangan. 
>  
> Tah kualatan digantungna Sadam Husein (penganut mazhab Sunni) ku 
pamarentahan Irak ayeuna (penganu mazhab Syiah), atuh perang antara 
Syiah jeung sunni  di Irak beuki maceuh, atuh korban diantara 
maranehna sorangan  beuki loba, nya beuki ngurangan warga Irak 
sorangan, jadi Amerika teu perlu ngerahkeun pasukan keur numpas 
tentara Irak.
>  
> Nepi ka iraha Sunni – Syiahperang terus ? nya nepi ka cape atawa 
beak jelemana, dan ari kurang pelorma, atuh pastina bakal aya nu 
nyuplai, pan tujuanana oge supaya ngurangan pendudukna. Oge bisa 
eureun mun Sunni jeung Syiah geus areling yen maranehna teh bodo 
katotoloyoh daek wae diadu domba.
>  
> Komo ayeuna aya jaminan ti pamarentah Irak nu anyar anu dikuasai 
Syiah tea yen sakabeh pengacau di Irak rek ditumpas, malah 
pamarentah Irak sorangan geus bewara ka mancanagara tong pipilueun 
atawa tong tatanya masalah eksekusi Sadam Husein. Ieu nunjukeun 
Amerika geus bias nguasai pamarentah boneka di Irak.
>  
> Bisa dibayangkeun atuh dina waktu anu sarua tentara Amerika jeung 
sekutu cukup lalajo we tina TV satelit dimarkasna bari udud, minum-
minum jeung sajabana kagumbiraan, malah aya nu maraen kartu sagala 
bari gogonjakan. kacida ngeunahna tentara Amerika nya ?. 
>  
> Atuh pengusaha/penguasa Amerika keur menikmati hasil pampasan 
perang (Gonimah) nyaeta lapangan minyak seluruh Irak anu ayeuna geus 
dikuasai ku maranehna dibawah kontrak international nu sah jeung 
dibawah perlindungan PBB, paling heunteu kontrakna bisa keur lima 
puluh tahun kahareup.
>  
> Lamun diitung-itung, atuh tangtuna pamarentah Amerika geus untung 
gede, sabab modal perang geus balik (Break event point terlampui), 
ieu diitung tina modal  perang, timimiti perang teluk 1991, terus 
dipancing 11 september 2001 anu ngan ngorbankeun dua gedung jeung 
sababaraha pesawat terbang anu dipake ngabom-na, atuh panumoangan 
anu ratusan urang. Total pengeluaran leutik pisan lamun dibanding 
jeung hasil pampasan perang (gonimah) tea, sabab paling heunteu 
pamarentah Amerika meunang pajak ti perusahann minyak atawa 
perusahaan kontruksi di Amerika anu nguasai lapangan minyak jeung 
ngawangun deui Irak, ieu jumlahna  bakal ngahasilkeun puluhan kali 
lipet tina biaya perang anu dikaluarkeun, komo lamun diitung jeung 
upah anu ditarima ti Arab Saudi jeung Kuwait waktu ngancurkeun Irak 
1991 (dina perang teluk, perjanjiana sakabeh senjata anu dipake 
jeung gajih tentara Amerika dibebankeun ka Kuwait, Amerika 
pengeluarana hampir NOL). Atuh tangtuna untungna gede kaliwat 
saking. 
> 
> Malahan antukna ayeuna Amerika geus boga beukeul tambahan keur 
biaya perang saterusna nyaeta keur nguasai Iran. Meureun ayeuna 
Amerika keur siap-siap ngagepur IRAN. Tinggal ngadagoan reaktorna 
IRAN jadi, serang ku F16 atawa F18, cukup 20 menit eta reaktor ancur 
total, komo mun RAPTOR STEALTH jadi mah, wah beres cukup ku opat 
sortie atuh. 
>  
> Kauntungan lain oge sabenernamah tina pengembangan senjata, nepi 
ka keluaran tahun 1995 senjata buatan Amerika, geus diuji coba 
dilapangan langsung di medan perang Irak, anu sukses besar, dimana 
ngan cukup 22 poe ngancurkeun sakabeh instalasi militer Irak anu 
dibangun dua puluh tahun ku Sadam Husein, tanpa perlawanan anu 
berarti.
>  
> Ari rakyat Amerika kumaha ? Jelas meunang kauntungan gede, sabab 
lamun pamarentahna meunang pemasukan tina pajak minyak/perusahaan, 
artina Amerika beuki beunghar, artina di Amerika ekonomi bisa 
bergulir otomatis, industri beuki maju, komo industri perangmah, 
malah senjata anu dipake ngacurkeun Irak jeung Agfansitan oge rek 
dipensiunkeun diganti kunu anyar, tangtu wae ieuteh sarua jeung 
lapangan kerja terbuka lebar keur rakyat Amerika.
> 
> Tah didieu kahebatan pemikir Amerika, ciri jelema unggul,  ahli 
strategi ti Para usahawan, ekonom, jeung jagoan perang Amerika anu 
sapajodog keur nguasaan sumber daya alam disaluruh dunya, atuh 
rakyat Amerika beuki ngarasa reueus boga pamimpin hebat..
>  
> Masih  rakyat Amerika, nyatana rakyat Amerika ngadukung kana 
kabijakan pamimpina anu hayang nguasai sumber alam disaluruh dunya 
kujalana kumaha wae, boh lemes boh kasar, buktina angaran perang 
Amerika terus naik jeung ieu diatujuan ku kongres, malah tiap 
presiden anyar pasti aya nagara diluar Amerika anu diintimidasi kudu 
nurut, teu nurut pasti digempur tuntas. 
>  
> Kunaon rakyat Amerika satuju kabijakan ieu ? Jelas teu perlu 
difikir deui, sabab satiap perang anu dimenangkeun ku Amerika sarua 
jeung ngahasilkeun penghasilan keur rakyat Amerika, atuh antukna 
rakyat Amerika beuki sejahtera. Lamun ditung-itung dinagara anu rek 
dkuasai euweuh pihasileun nya mending ditinggalkeun, contona di 
Vietnam, Amerika lain eleh perang tapi ngahaja nyingkah sabab di 
Vietnam euweuh nanaon, kitu oge Amerika moal nyusahkeun maneh ngirim 
pasukan ka Afrika nu jelas can aya irongeunana, boh minyakna, boh 
intana boh uraniumna jeung sajabana. Lamun ngirim kanagara miskin 
tujuana jelas pasti neangan sumber alam.
>  
> Hebat tah para pemikir di Amerika.
>  
> Ari rakyat Irak kumaha ? 
>  
> Ah et amah soal gampang atuh, maranehnanamah cukupan we daharna 
jeung pakena, tinggal ngirim we lewat PBB anu make istilah penjualan 
minyak untuk pangan, rakyat pasti jempe, tangtu wae rakyat 
dibodokeun, atuh rakyat Irak oge beuki kadieu beuki saeutik jumlahna 
sabab dikurangan terus tiap ku perang diantara maranehna sorangan, 
jadi anu kudu disuplai oge beuki saeutik, artina pengeluaran beuki 
leutik
>  
> Kumaha cara Amerika nguasai sumber alam di Indonesia ? nyatana 
gampang pisan, biayana murah. Cukup diotak-atik Timor-Timur, Aceh 
goyang saeutik, Papua panasan, gerakeun masa didalam negri di tahun 
1997 digalakeun, lengserkeun Suharto anu geus wani ngalawan kusabab 
ngabedokeun balnaja F16, atuh Habibie anu sok jago hayang mandiri 
jeung condong ka Europa dikanvaskeun, hasilna luar biasa. Tanpa 
pengiriman militer ka Indonesia, Faktana ayeuna sakabeh sumber alam 
(minyak bumi, tambang emah, nickel jeung sajabana) ditatar Nusantara 
geus aya dina keupeulan perusahaan usahawan Amerika nepi ka tahun 
2040. 
>  
> Hebat, emang hebat Amerika !
>  
> Tapi kehebatan Amerika can bisa ngelehkeun Israel. Israelmah cukup 
saminggu ngancurkeun liga Arab dina perang Zipur, padahal Israel 
ngan dipimpin ku awewe haritateh. Israel cukup opat jam ngancurkeun 
angkatan udara Mesir, cukup sajam nyerang Libia, cukup 25 menit 
ngabebaskeun sandera di Uganda, komo ngancurkeun reactor Nuklir 
Irakmah cukup 20 menit ku dua pesawat. Irak teu bisa nanaon pisan.
>  
> Tapi anu penting dipelajari, naon sababna Amerika  unggul ?
>  
> Sabenerna puluhan sabab, tapi salah sahiji sababna Amerika boga 
rebuan ahli sejarah bangsa-bangsa didunia, anu mempelajari ngenaan 
karakter bangsa (Past human behaviour). Tah salah sahijina keur 
ngancurkeun Irakteh, nya tina sejarah bangsa Irak, aya fakta yen 
karakter bangsa anu ngawangun Irakteh bangsana salawasna perang 
diantara bangsana sorangan, jeung didinya aya dua mazhab islam anu 
salila ieu paling gampang diadu-adu (nyaeta sunni jeung syiah). Nya 
atuh prak we digarap, tinggal mancing Suku Kurdi supaya daek 
berontak (janjian merdeka bila perlu), bere duit, atuh kaum Syiah 
panasan yen Sadam anu sunni teh dzolim, saterusna pancing/provokasi 
Sadam sina nyerang Kuwait, hasilna luar biasa Sadam kapancing, karak 
ge cop Sadam asup ka Kuwait, langsung Amerika ngerahkeun pasukan ka 
Teluk, tidinya tinggal itung-itungan anu cukup. kumaha supaya 
nguasai Irak bari jeung disatujuan dunya, hasilna para warga sadaya 
uninga ayeuna Sadam geus teu diperlukeun deui, der gantung.
> 
> Mirip ka Indonesia, Suharto geus teu diperlukeun deui, 
lengserkeun, ganti ku anu bisa diatur, utamana anu daek mikeun 
kontrak pengelolaan sumber alam ka manehna. Atuh anu ribut waemah 
jiga Amin Rais tinggal dibungkem, malah teu dibungkem oge capeum 
sorangan jeung modalna keur ngomong kaditu kadieu geus ledis.
>  
> Akang, Teteh, Abah, ambu. Kumaha hebat henteu Amerikateh?
>  
> Kumaha ambu, bade ngomentaran moal ? Sok atuh ambu ngalih kuadran, 
ulah dongeng JAY wae, dongeng etamah moal ngageuing warga sunda anu 
katalangsara jaradi pejuang/penguasa, paling oge rumahuh sabar jeung 
sabar.
>  
> Kang Bohay kamana ? Naha masih andekak macaan pelajaran 
administrasi ? Sok atuh posting deui anu rada rame. Omat kang upami 
rengse diajar administrasi ngalih kuadran, ulah  buburuh nepi ka 
subuh, kuli nepi ka Janari, dicobi usaha mandiri nya kang !
>  
> Omat.
>  
> Ka para warga US anu janten buruh/kuli/pagawe BUMN/Negri golongan 
rendah ulah e-mail e-mailan nganggo waktos jeung fasilitas kantor 
(korupsi namina).
>  
> Ka para pajabat/usahawan mah moal nyarios da moal aya pajabat 
atawa wiraswastawan ulubiung milist nu kieu.
> 
> Ka para pensiunan/penganggur mah saena sing sering mukaan milist 
ieu, margi ieu teh sae pisan keur killing time, moal karaos geura, 
terang-terang tos sonten we.
> 
> Ngawitan senin enjing para Mahasiswa libur, atuh mahiswa anu 
kuulen bakal beuki tumaninah nga-alokan atawa ngawadul dina milis 
ieu. 
>  
> Sakieu heula, Insya Allah minggu payun upami abdi nganggur 
disambung ku dongeng anu sanes. 
>  
> Punten yeuh topikna rada ningkat sakeudik, maenya atuh postingna 
ngan urusan ngawayuh atawa heureuy wadul wungkul.
>  
> Salam
> Ely nu geulis tea.
>  
>  
>  
> 
> 
> 
> ----- Original Message ----
> From: Agus Wirabudiman <[EMAIL PROTECTED]>
> To: [email protected]
> Sent: Thursday, January 4, 2007 9:38:12 AM
> Subject: Re: [Urang Sunda] Link Video Saddam Husein Di Eksekusi
> 
> Tambihan Situs Download Video Eksekusi Saddam Husen, Sumber 
http://hidayatullah .com/index. php?option= 
com_joomlaboard&func=view&id=25869&catid=5 :
>  
> http://www.arrahmah .com
> 
> http://www.alrafdea n-news.net/ Dec,2006/ Shaaaheed_ IRAQ_Sdaaam. 
3gp
> 
> http://www.zippyvid eos.com/93022486 86475086/ shaaaheed_ 
iraq_sdaaam/ 
>  
> ----- Original Message ----- 
> From: Aldo Desatura 
> To: [EMAIL PROTECTED] or.id ; [EMAIL PROTECTED] ups.com 
> Sent: Wednesday, January 03, 2007 12:25 PM
> Subject: [Urang Sunda] Link Video Saddam Husein Di Eksekusi
> 
> 
> ti babaturan... pang jabrikeun ka uing euy.....nuhun ah
> Buat yang nggak kuat nonton - jangan nonton yaaa...
> 
> Video ini berisi detik-detik saddam husein di eksekusi
> 
> Klik disini dan telusuri di link lain-lain
> .
>  
> 
> 
> 
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
> http://mail.yahoo.com
>


Kirim email ke