Pi--eun--teu--ngeun... kitu kira-kirana mah kang putra. naon sabab? sabab sakabeh kajadian anu aya dialam dunya ti mimiti ragragna daun nepi ka perang nuklir, bisa jadi bahan lenyepaneun pikeun 'ulil albab', manusa anu mikir. hikmahna dicokot pikeun ngabebenah diri.
Konteks bahan lenyepaneun teh hanteu wae nyokot skala kecil kawas anu ceuk akang tea, obat-obatan tradisional. tapi oge konteks anu lega, nyangkut kahirupan bangsa, nagara, jeung dunya. masing-masing aya mangpaatna. anu conto ti akang, mangpaatna kana katahanan raga, nyageurkeun panyakit asam urat. ari bahasan teh ely, mangpaatna kana katahanan bangsa, nyageurkeun panyakit "karakter goreng". eta oge lamun daek rarobah. kitu tah kang, kurang leuwih On 1/8/07, Putera Kinasih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
abdi mah can bisa nyebut hade kana pamanggih neng ely salila eta pamanggihna mere nilai manfaat ka papada manusa jawa barat, naon manfaatna keur urang eta bahasan salian nyebarkeun kabenduan antara papada manusa. Ceuk paribasana manfaat keneh mere resep obat keur nu boga panyakit asam urat, obatan ku mangandeuh dalima diseduh caina diinum. cik analisa bahasan mana anu leuwih manfaat? ieu gambaran pola pikir ki sunda jeung pola pikir individualistis. __________________________________________________

