ieu mah lain mamatahan, ngan ukur maturan nu keur bingung...sugan tambah
bingung...heuheu..

sabenerna mah aturan standar hirup teh geus aya, oge soal standar
bobogohan boh di agama atawa beh dieu na moral jeung etika nu sumberna ti
agama, adat jeung sajabana. lengkep.

tapi prak2anana mah balik deui ka cara urang ngalakukeun sagalana dina
kahirupan (atawa gumantung kana kualitas kaimanan pribadi masing2). mun soal
iman jauh teuing, ka niley nu dianut masing2 we.

mayunana, gumantung ka sikep urang,
1.mun urang nyaah ka hiji  istri nu rek ditikah da urang bogoh (atawa
henteu, kawin jeung nikah teu kudu bogoh! bogoh mah urusan abg atawa budak
puber!  nu penting aya komitmen rek hirup babarengan, narima kaayaan
-utamana kakurangan masing2, jeung boga modal mangrupa kanyaah), nya kudu
bisa narima sagalana, kaasup masa laluna. Ari bogoh atawa nyaah tapi masih
berhitung soal masalaluna mah, nya ulah diteruskeun. da dina cintana oge,
ari masih noong ka masalaluna mah teu kaci. sabab ari kawin nikah jeung
ngahiji mah, kudu ancrub dua2na kana hiji wadah, teu meunang curigation
atawa ragu. komo bari dibarengan niat ibadah mah. kawin teh ibadah ngeunah
cenah. haha.

2. mun urang teu bisa narima masalaluna, nya eunggeus we beresan, da matak
peurih kana hate, cenah. cinta tapi keuheul atawa teu narima kaayaan manehna
nu baheula, sanajan bisa kaharti tapi teu fair (rada teu adil) sabab
ngahukuman masa laluna. nya wayahna da jelema mah teu sampurna.

3. mun urang teu bisa narima masa laluna, milari deui nu sanes, da asana mah
seueur keneh ieuh istri mah.
4. mun keukeuh hayang ka si eta, soal masalaluna ulah diinget-inget, da
matak teu hade. anggur mah teangan atawa rarasa we adatna nu sae bin alus,
pasti aya keneh jeung loba.
5. tah ieu jurus pamungkas ti mang juhe, taros hati leutik!


On 1/11/07, shaqses purnama <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Assalamualaikum ka sadayana....

Pribados sakedap deui bade pangantenan sareng hiji istri org bdg, namung
abi masih aya ganjelan anu matak ngabingungkeun manah. Masalahna kuring
(lalaki paling naip keur wanci kieu) jujur bae salami bobogohan sareng anu
ieu atanapi sareng nu kapengker teu pernah ciuman atanapi langkung ti kitu,
ayeuna kuring ngarasa klick sareng hiji istri cuma kuring masih kurang sreg
sareng masa lalu na anu terlalu gampangan ciuman sareng para mantana mungkin
hal ieu sepele bagi sabagian org tapi henteu bagi pribados, anu jadi
patarosan kanggo sadayana....dugi ka palih mana batasan gaya bobogohan
wanci ayeuna ? saur urang sunda sadayana Naha ciuman, pegang dada atanapi
peting itu masih kalebet wajar ?

Hatur nuhun sateuacana

Anu nuju bingung




__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com






--
geocities.com/mangjamal

Kirim email ke