Wa'alaikumsalaam w. w.

Kang Purnama, ari ceuk kuring mah masalah wajar/teu wajar mah geus bae
tinggalkeun, sabab nu kitu mah sipatna bisa relatip pisan, bisa digiring ka
ditu ka dieu. Cukupkeun bae ku naon prinsip anu dicepeng ku urang. Pan aya
aturan agama, atawa adat (misalna mun aya), atawa ukuran sorangan sugan? Eta
teh pakeeun urang pribadi sapopoe. Masalah calon pamajikan, rek beureum rek
hideung ge ceuk cenah eta mah geus kaliwat. Kaputusan aya di salira. Upami
kersa nampi kana naon rupi anu aya di calon garwa, nya tampi. Upami teu
panuju, sarta sakirana nu geus kaliwat eta bakal terus ngajungjurigan hirup
salira, ngahihileudan kana kahirupan rumah tangga salira ka payunna, nya
tangtuna salira ge uninga kaputusan anu kumaha anu kedah dicandak.

Sing panceg. Kuring narima atawa teu narima kana sagala rupana. Mun keukeuh
wae bingung atawa ringrang, saur cenah mah rasa ringrang teh kudu
ditinggalkeun. Ari maksud ninggalkeun karingrang teh ku jalan ninggalkeun
manehna atawa nampa manehna? Duka atuh, kuring ge bingung... Heuheu...

kumincir.blogspot.com -- du ringrang du rangring

On 1/11/07, shaqses purnama <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Assalamualaikum ka sadayana....

Pribados sakedap deui bade pangantenan sareng hiji istri org bdg, namung
abi masih aya ganjelan anu matak ngabingungkeun manah. Masalahna kuring
(lalaki paling naip keur wanci kieu) jujur bae salami bobogohan sareng anu
ieu atanapi sareng nu kapengker teu pernah ciuman atanapi langkung ti kitu,
ayeuna kuring ngarasa klick sareng hiji istri cuma kuring masih kurang sreg
sareng masa lalu na anu terlalu gampangan ciuman sareng para mantana mungkin
hal ieu sepele bagi sabagian org tapi henteu bagi pribados, anu jadi
patarosan kanggo sadayana....dugi ka palih mana batasan gaya bobogohan
wanci ayeuna ? saur urang sunda sadayana Naha ciuman, pegang dada atanapi
peting itu masih kalebet wajar ?

Kirim email ke