Dina TEMPO 7 January  urang Taiwan tos "ngajarah " Cina Benteng gadis Cina 
Kampung Belakang Kamal Kalideres jeung Cina benteng Tangerang.Kulantaran cenah 
salah sahijina teh di Taiwan hese neangan wanoja pijodoeun. Kapayunna  mah 
tangtos pemuda Cina daratanna oge bakal ngiringan.
  Aduh ..naha dina pikiran kuring bet  inggis  kapayunna Indonesia jadi 
exportir wanoja Cina Benteng ka Nagri Cina/ Taiwan.Margi di Nagari urang 
penomena kawin "sangjitan" Cina Benteng sapertos di Kampung Belakang teh bakal 
langkung melebar. Misalna ka Singkawang, Labuan batu Medan, Bangka dll anu 
seueur  Cina Bentengna. Effek globalisasi kitu?
   
  Atuda pamarentah Cina ngalarang  kulawarga boga budak leuwih ti hiji. Papada 
kulawarga  mihayang boga anak hiji hijina teh lalaki. Puguh we dina sajeroning 
puluhan taun mah bakal kaleuwihan pamudana tibatan wanojana.
  Sigana kahareupna mah batasan budak di Cina moal hiji, tapi dua , ambeh bisa 
sapasang.
  Kaleuwihan pamuda ayeuna , gampang sina parerang we ambeh jadi saimbang deui 
mah. He..he..he.
   
  Salam
  Dudi.M Asgar
   
  

waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Cilaka, ceuk beja dina detik.com dinten ieu, Cina (RRC) bakal 
kakurangan awewe. 13 taun deui, Cina bakal kaleuwihan lalaki nu 
meujeuhna kawin, 30 juta urang. Kitu cenah ceuk koran Walanda 
Volkstrant nu nyutat ti koran-koran Cina, nu sumberna ti Biro 
kependudukan nagara Cina. Ieu masalah cenah, bisa ngarusak stabilitas 
tatanan sosial jeung harmoni. 

Gawat .... bisa ngaranjah ka lembur urang jiga kieu mah, maklum 
deukeut!

Baktos,
WALUYA



         

 
---------------------------------
Be a PS3 game guru.
Get your game face on with the latest PS3 news and previews at Yahoo! Games.

Kirim email ke