Wilujeng tepang deui para warga USNET,
Kumargi minggumah sok aya kegiatan hiburan (week end tea atuh), nya
maksakeun dinten saptu we silaturahmi sareng para anggauta milist USNET,
mugi-mugi we para warga nuju ngalanggur janten tiasa macaan posting sapertos
abdi ayeuna.
Abdimah pepejeuh kapara warga USNET, omat ulah muka milist dikantor,
nganggo fasilitas kantor jeung waktu kantor, etateh bibit korupsi, anu
jelasmah bakal numpuk dosa.
Kukituna, kumargi pemerintah RI, khususna pemerintahan Jabar katut
pemerintahan Bandungteh miskin pisan jeung bodo deuih teu ngartos fungsina
internet kanggo masyarakat umum, antukna teu mampu nyayogikeun internet gratis
kanggo wargana, numana ieuteh benten sareng pemerentahan Negara maju nu
ngartos yen elmu pengetahuan ayeunamah gampil pisan dikerukna lewat internet,
nya dinegara majumah dimana-mana internet gratis disayogikeun, umumna
ditempatkeun di library umum.
Atuh ka para warga USNET di Indonesia anu ngalanggur, upami palay akses
internet wayahna we ka Warnet, paling awis 5000 rupiah/jam, di Bandung nu sae
di JL Pahlawan and Jl. Malabar, aksesna cepet pisan, rupina pengusahana bodo
keneh, janten anjeuna teu acan ngartos yen mengeruk uang ti langgananteh
melalui jam pakai (elaps-time) sanes CPU time, atanapi ieuteh strategi
pemasaran supados langganan sumping teras.
Ayeuna urang teraskeun masalah kehebatan Amerika.
Penguasaan lah/daerah/territorial make kekuatan militer sabenernamah anu
paling lila kakuasaana sepanjang sejarah peradaban, nyaeta kekuatan tentara
islam sabada Rasul wafat, khususna sabada Khalifah ka 4 sahid.
Dongeng pondokna kieu.
Bada Saidina Ali pupus (sahid, ditubles waktos sholat subuh), bani
umayah anu ahli bidang tatanegara jadi nguasaan daerah Arab, malah bisa
ngancurkeun/ngusir keluarga Rasul (diantarana turunan Fatimah + Ali) ti
Madinah jsb, nya ahirna keluarga Rasul nyiruruk di IRAN, jeung di Irak, malah
incu Rasulullah SAW nu namina Husein mah dijagalna ku pasukan para sahabat
Rasulteh di Karbala (IRAK), tah kelompok anu biluk ka keluarga Rasulteh anu
terusir, jumlahna teu pati loba , kelompokna disebut ahlul bait, dijaman
kiwari disebut Syiah.
Jadi lamun urang hayang dialajar agama islam anu dibawa ku keturunan
Rasul mangga we tolabul ka ulama Syiah. Di Bandung oge aya nara sumber
ngeunaan syiah tapi tangtos wae sanes Mirza, namina Kang Jalal, nami aslina
Jalaludin Rachmat, DR (bidang komunikasi), anjeuna salah sahiji jalmi di
Indonesia anu memperkenalkeunana ahlul bait disebut mazhab ka lima, jigana
urang leuwih kenal ka mujahidna nyaeta Jafar Sidiq.
Cag urusan ahlul bait, fokusna rek nalingakeun kahebatan Amerika, tapi
urang tinggal heula kahebatan militer islam anu dipimpin ku bani umayah
(keluarga umayah), supaya urang reugreug yen Amerikamah sabenerna can nepi
kakahebatan pasukan islam.
Saenggeusna memarginalkan kekuatan Ali, ieu bani umayah ( nyaeta
katurunan Abu Sofyan, baheulanamah musuh Rasulullah anu serah bongkokan ka
Rasul waktu penaklukan Makah, nya jadi islam, duka tah islamna kapaksa atanapi
iklas) ngalebarkeun kakuasaan ku kakuatan militer nya nepi ka Afrika terus
tembus ka Andalusia di Spanyol, atuh keluarga nu lainan tembus ka Kazhakstan,
komo Bizantiummah anu harita dibawah kekuatan Kristen Ortodok sakeak dibabad
kupasukan islam, malah nepi ka daerah Monggol sagala, Gengiskan
bapak/pemersatu Monggol anu sanggup nguasai China oge islam.
Kakuatan militer bani umayah ngajajah di Spanyol bertahan 800 tahun,
tapi saterusna dibabad nepi ka akar-akarna ku pasukan ti Europa, nya bersih
pisan diabad 15, paribasana teu nyesa sapotong-potong acan orang islam di
Andalusia Spanyol, jaman haritamah sederhana pisan, islam digantung, atawa
dipenggal, atawa kabur atawa ninggalkeun islam. Titinggal kahebatan islam di
Spanyol aya oge diantarana benteng Toledo (pertahan terahir dimana pasukan
islam ditumpas habis, di gereja di Toledo dipajang pedang Jabal El Tarik orang
islam anu naklukeun Andalusia), General Life dan Alhambra istana Endah di
Sevilla (baca Sepija), jeung mesjid Cordoba (mangga geura amengan kaditu
atuh). Kitu oge di Bizantium Turki kakuasaan militer islam diahiri di 1921,
antukna nepi ayeuna Turki jadi Negara sekuler. Di Monggol teuong tinggal
sabaraha ese islamna.
Pesan anu penting didieu, sabenernamah sakumaha hebat militer menduduki
territorial nagara sejen awal ahir memang bakal terusir, sabab penduduk
satempat pasti teu suka, nya bakal terus ngalawan pendudukan.
Nepi ka tahun 1953 mah jelas pisan pengusaan lahan/territorial tetep
make kakuatan militer, contona Europa dikeukeusek ku Jerman, Asia dikeukeuseuk
ku Jepang. Ahirna fakta ngabuktikeun yen Amerika jeung sekutu sebagai
pemenangna atawa penaklukna, malah nepi kakiwari di Jerman, Jepang, Filipina,
Korea, Arab jsb pasukan Amerika teu bias digomeng-gomeng. Luar biasa hebatna
ieu nagara nu ngan dihuni 300 juta manusateh, bisa ngawasa dunia.
Tujuan utama penguasaan territorial (ngajajah) sabenernamah saderhana
pisan nyaeta ngarebut/keur nguasaan sumber alamna, tangtuna keur kasejahteraan
pengusaha, penguasa jeung rakyat nagara penjajah, lain keur kasejahteraan
rakyat anu dijajah, Satiap penjajahma pasti teu paduli kanu dijajah.
Kusabab fakta sejarah ngabuktikeun penguasaan territorial ku milter awal
ahir ancur oge sabab beuki lila rakyat anu dijajah beuki teu suka, jeung deuih
dijaman modernmah ngajajah nagara batur anu loba sumber alamna kukakuatan
militerteh jadi teu popular deui, nya dirubah taktik atuh.
Tah faktana ti mulai tahun 1960 an Amerika beralih taktik, anu leuwih
luwes, nguasaan sumber alam disaluruh dunya teu langsung make kukakuatan
militer, tapi make hubungan sosio-budaya-perdagangan-teknologi jsb nu langsung
nyentuh kahirupan manusia, carana nyaeta Meng-Amerikakan daerah anu rek
dikuasaina. Carana asupkeun cara hidup Amerika supaya segala sesuatuna jadi
tergantung ka Amerika, hasilna luar biasa, hampir duapertilu dunya geus ngilu
pola hirup amerika, Cocacola, KFC, Holiwood movie, American idol dengan nama
lain, Microsoft software jsb, produk pertanian, alat tempur jsb di
Amerikakeun. Tah nyatana taktik ieu sukses, antukna masyarakatna jadi asa
gagah lamun bias hirup cara Amerika. Duit ngalir ka Amerika, contona:
satetes Cocacola anu dijieun di Rancaekek terus diinum kuurang Limbangan
Garut, tetep Amerika menang untung (fee). Kitu oge, sapotong hayam KFC anu
paduli hayamna diingu di Purwakarta, terus KFC-na dilegleg ku JAY di Sekeloa
Bandung, Amerika meunang Frachise Fee-na.
Nu paling tragis sabenernamah katergantungan terus kana produk canggih
Amerika samodel software, pesawat, alat pertahanan jsb, anu ngakibatkeun
Negara anu dikuasaina teu bias berkutik anu ahirna rakyatna beuki bodo (paling
bisana ngan tapi make wungkul). Keur Indonesiamah karasa pisan, contona lamun
bidang komunikasi di jam ku Amerika Indonesiamah teu bias nanaon pisan (telpon
parareum), kitu oge pesawat teu dibere sukucadang we nya jadi besi tua,
alhasil Indonesiamah bener-bener jadi sapi perahan Amerika, sabab sakabeh
kanikmatan nu ayeuna ayateh sabenerna ditukeuran ku hasil tambang nu aya di
Nusantara (dengan kata lain, sabenernamah sumber alam di Nusantara nepi ka
tahun 2040 geus milik usahawan Amerika dibawah kontrak resmi).
Kiwari kahebatan Amaerika dina sagala segi memang luar biasa bari jeung
euweuh anu bias ngalawan, cikenehwe Somalia dibom saratus sipil tewas, nagar
sadunia teu bias nanaon, Europa oge teu bias berkutik waktu di WTO keun
persoalan Airbus A380, kitu oge bidang sience Amerikamah wahana angkasa luarna
geus nepi ka mars.
Ari Irak kunaon atuh dikuasai kukakuatan Militer ? ah ieumah teu kudu
difikir panjang, sabab ti 1991 Sadam geus dititah turun tapi mumul, akibatna
produk Amerika teu bisa asup, dollar teu diberlakukan di Irak, sedangkeun
minyak Irak dijual ka Jerman, nya hiji-hijina jalan, ambil alih paksa we
kukakuatan militer, hasilna sukses bari jeung korban nyawa jumlahna saeutik,
Finalna Sadam digantung ku rakyatna sorangan, anu jelas ayeuna cocacola, KFC
geus aya di Irak bari jeung duit nu laku dollar, artina lamun urang irak boga
duit Irak sakoper paling dipake berguna keur siduru.
Waas pisan, kecerdasan ahli perang Amerika memang luar biasa, keur
ngancurkeun Irak cukup ku pilot pesawat tempur jeung rudal ti kapal induk,
perang ngancurkeun hiji nagara cukup ngan ku sabaraha urang, hebat pisan tah
Amerika, anu leuwih waas, ahli perang Amerika make ahli sejarah
(sosia-budaya), dimana fakta sejarah mere info yen musuh bubuyutan Arabteh
Israel, supaya pemboman ku pesawat hasilna sugema, atuh pilotana anu dipilih
nya etnis Israel, jadi semangat ngancurkeun irak salaput hulu, paribasanamah
dititah ngancurkeun saluruh Irak unggal isuk wae daek..
Cag nepi kadieu heula,
Kanyataana Amerikamah ayeuna teu bisa dilawan, sabab manehnamah
hiji-hijina nagara didunya nu bisa mandiri (bisa hirup sorangan).
Keur Indonesiamah anu perluteh kudu soson-sosonteh mempersiapkan diri
supaya mandiri, sabab Amerikamah ngacir lamun sumber alam Indonesia geus
garing. atuh sagala suplay ti manehna oge bakal eureun sorangan. Tangtu ieuteh
jadi tanggung jawab bangsa Indonesia.
Tapi sakali deui anu kudu difikir ku urangmah lain ngalawan hegemoni
Amerika atawa mempertahankan budaya adat, hamper teu aya gunana, sabab
manusamah maju kahareup budaya adat baheula anu teu praktis bakal otomatis
leungit, atuh niat ngalestarikeunmah hade keur sasakali pagelaran we. Nu
pentingmah justru urangteh kudu ngabangkitkeun semangat nguasai Science and
Technologi, paling heunteu keur nyanghareupan hirup kahareup Indonesia supaya
bisa mandiri lamun kanikmatan ayeuna hasil belas kasihan Negara maju di cabut.
Contona lamun fasilitas Yahoo, Google dicabut ku Amerika, cing bade kamana
anggauta USNET ngawadulna !
Omat, para pensiunan katut pengangguran, daripada pikiran kamana-mana
mending macaan posting dimilist model kieu, anggapwe ubar bosen, lumayan keur
killing time. Tapi ka para buruh (karyawan pabrik/pegawai negri) atawa
mahasiswa nu pinter tur bageur jangan habiskan waktu untuk lihat posting,
cukup sejam-dua jam dina samingguteh, kitu oge lamun kapaksa kusabab euweuh
kagiatan lain anu leuwih berguna.
Wilujeng malem mingguan.para warga USNET.
Salam baktos
Ely Evalita.
---------------------------------
Bored stiff? Loosen up...
Download and play hundreds of games for free on Yahoo! Games.