Sampurasun kang Siddik.
Punten pisan, abdi teu wantun nyebat angka jalmi bodo katotoloyoh, atanapi
stupid man, komo nyebat Damn mah, tapi geuning akang ngajukeun pertanyaan.
Ceuk saha ieu teh Jang ....... ?
Punten sakali deui punten, mangga uningaan dina ahir posting kuabdi ditutup
ku "wass Ely Evalita", janten akang kedahna nalar yen sagala anu diserat teh
"CEUK ABDI" sanes ceuk ambu atawa ceuk kang Waluyo, atuh upami akang palay
uninga sumber bacaan, foto-foto perjalanan, kitu oge diskusi jeung penduduk
diditu, hartosna kedah ngalihkeun perpustakaan kana ieu posting, moal tiasa
kang, margi etamah sanes hak milist, atuh kelasna oge janten disertasi atuh
sanes wangkongan.
Punten akang anu bageur, cobi ti ayeuna diajar nalar, regepkeun. "JANGAN
LIHAT SIAPA YANG BICARA TETAPI LIHAT ISI PEMBICARAAN DAN MANFAAT SERTA MAKSUD
DARI MATERI PEMBICARAAN".
Tah upami akang menganut konsep ----- ceuk saha ----, ieu bakal
ngabalukarkeun akang katipu ku figure, hartosna Omongan orang terkenal anu
geus teu waras atawa pikun bakal dianggap bener ku akang.......... punten
kangnya.
Kang Sakieu heula, wilujeng malem mingguan, di Dago rame geura, atuh ulah
hilaf ka Dago tea house, atanapi ka Valley. Kapungkur aya cafe nu sae di
Lembang, namina Peak Cafe, hanjakal tutup.
Bangbrangkeun hate kang supaya daya nalar kembali normal.
salam baktos kanggo kang Siddik,
Ely Evalita.
Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ceuk saha ieu teh Jang....??
--< dipangneukteukkeun ku k#5 >--