Teh Elly,
Satadina mah tara panasaran maca tulisan saderek teh, sok sanaos kantos maca
sababaraha baraya kusnet anu "nyerang " ka saderek.
Ari ayeuna jadi sok jadi panasaran hayang maca sadaya tulisan saderek.
Leres pisan ampir sadaya anu ditulis ku saderek teh seueur anu obvious (
kitu saur saderek oge).Tentang Amerika, tentang ramijudna para pajabat boh
eksekutif atawa legislatif ( kawasna kitu oge pajabat yudikatifna).
Lamun aya 1000 we jalmi sapertos teh Elly di Indonesia, teras diantarana
janten lulugu di nagari ieu, teras konsisten dugi ka ahir hayat, sareng leres
tiasa damel ( sanes tiasa nganalisa sareng nulis wungkul) wah..., sim kuring
mah optimis, nagara urang teh baris hudang tina sare anu tibra jeung anu
sering ngalindur ieu.
Supados langkung anteb kana hate sim kuring, cik teh Elly pedar di ieu
millis, usaha naon wae anu atos ku teh Ely dilakonkeun dina raraga ngalelempeng
karamijudan ieu nagari sareng sagala anu pakuat pakaitna jeung kahirupan anu
kieu ayana di Indonesia ( tangtos wae salian ti teh Ely maca buku , internet ,
nganalisa , nulis deui sareng ngaguar dina ieu millis salah sawiosna).
Teu kedah ragu teh ( ulah merendahkan diri, Sapertos kieu upamina; Lah da sim
kuring mah jalmi alit jalmi laif, teu tiasa nanaon mung kieu we ayana. Ulah
kitu teh Elly mah). Oge sim kuring mah sanes naroskeun naon hasilna anu tos ku
teh Ely dilakonkeun, tapi naros teh naon anu tos dicobi dilakonkeun ku teh Elly
salami ieu. Biasana ari urang sunda mah sok handap asor atawa miboga elmu
pare. Tah kangge teh Ely mah ( sareng anu 1000 urang deui tea,upami aya )
kahayang sim kuring mah ulah miboga sifat kitu.Jual gagasan saderek,
tembongkeun kamampu saderek saterasna robih ieu karamijudan nagari janten
nagari anu maju jeung picontoeun kangge nagari sejenna ( tong tebih tebih sa
ASEAN we lah). Sok lah teh.
Upami leres teteh tiasa damel sareng palay damel, ku sim kuring teteh di
dorong jadi RI 1 . Serieus sim kuring mah. Wantun jadi tim sukses saderek lah
janten RI 1.
Sabaraha kitu yuswa. Mudah mudahan masih anom keneh , ambeh tiasa aya awahan
janten RI 1.
Anu hese di nagari ieu teh , konsistensi perjuangan kawasna. Sok sanajan
jinisna bersih , tapi lamun tos ancrub dina kanyataan hirup, pangaruh sosial,
ekonomi pilitis praktis hese dihindarina. Tapi kedahna teh Elly tiasa narabas
sagala panghalang eta.
Sok ah pedar .
Wassalam
Dudi Asgar
PS: Mung talatah ka teteh , kedah ati ati we upami nulis(nyarios) . Ulah
dugi ka sapertos Wafa Sultan. Urang Suriah tea anu ayeuna Linggih di pinggiran
Los Angeles Amerika.
Tangtos teh Elly terang saha Wafa Sultan. Ati ati we nya, lebar ku kanyaho
sareng kawani teteh.Waktos perjuangan teteh masih panjang keneh. Ayeuna kantun
ngabuktikeun yen teteh tiasa ngarobih nagari ieu janten nagari anu
bermartabat. Buktikan!!!!
ely evalita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Salaimun Alaikum,
Akang Suteja anu kasep anu bageur,
Aduh matak reueus aya pejabat model akang ngiringan milist kieu,kade ah
padamelan utami bangkar.
<!--[if !supportEmptyParas]--> <!--[endif]-->
KKO = kalahka omong.
<!--[if !supportEmptyParas]--> <!--[endif]-->
Sabenerna jelema kieu teh hebat, sabab jalma-jalma saperti Budiman CS anu
disebut KKO umumna jalma anu pendidikana teu luhur tur para buruh leutik anu
kahirupana weurit, tapi maranehnamah masih aya kawani ngomong ka penguasa bari
nuduhkeun hal-hal anu teu bener menurut logika berfikir orang waras, loba
tindakan anu teu adil menurut ukuran standar manusia hirup, misalna cacah
kuricakanmah haying meunang duit 700 perak sabulan the kudu buburuh nepi ka
subuh jeung kuli nepi ka janari, sementara pimpinan nagaa meunang gajih jutaan
bari jeung heuay atawa molor dina sidang, maranehna samodel Budiman teh rakyat
leutik nu wani KKO bari jeung teu sieun risiko anu bakal tumiba kana dirina
sorangan, boh diteror ku kaum borjuis, atawa para pejabat anu korup, malah teu
aya motive hayang dibayar sagala.
<!--[if !supportEmptyParas]--> <!--[endif]-->
Sakitu oge geus Alhamdulilah maranehna masih keneh daek ilu biung ku omongan,
lamun heunteu, tada teuing beuki hancurna ieu nagara, atuh cenah kalahka omong,
wajar pisan pan ngarana oge jelema dhuafa harta jeung dhuafa ilmu, jelema teu
boga, malarat kadungsang dungsang, teu boga kakawasaan nanaon, rek ngomong, rek
nulis atawa rek dahar oge menta bantuan asing melalui LSM anu dibanguna, sabab
menta bantuan kabangsana soranganmah daripada digubris kalahka dipupuas bari
jeung dilecehkeun, komo menta bantuan ka pejabatmah alah batan dibere kalahka
diulinkeun, nungguan hayang panggih rek ngadukeun nasib rakyat sejena oge
kaburu hos manten. Geus kitu lamun cenah bisa pahareup-hareup, can ge ngong
geus dijejeleh manten. Jadi KKO ieu hiji perjuangan keur cacah kuricakan
model Budiman CS-mah.
<!--[if !supportEmptyParas]--> <!--[endif]-->
Cag sakieu heula keu nu KKO.
<!--[if !supportEmptyParas]--> <!--[endif]-->
Ayeuna urang tinggali kalakuan sababaraha pejabat atawa intelektual anu
sanesna (selain akang tangtosna oge, margi akang Suteja mah pan pejabat anu
hebat).
<!--[if !supportEmptyParas]--> <!--[endif]-->
Pejabatteh umumna pagawe negri nu hirupna nyasat nitipkeun beuteung kanagara,
jadi mentalna leuwih goreng ti mental buruh oge, malah kadang-kadang mental
priyayi anu justru haying dilayani, ieupan ti balik jeung tujuan pengelola
negara, dimana pejabatteh sabenerna sebagai pejabat publik anu kudu menservis
rakyat, malah kadang aya pejabat anu mentalna baramaen, nyaeta sok punta penta
kanu malarat, malah nu leuwih geundengmah sok papaling nya motongan gajih anu
leuwih leutik.
Gajihna pejabat the tergantung kana karierna anu jelas tergantung kana belas
kasihan atasan, atuh puguh maranehna loba kasieun, utamana sieun teu
dipikanyaah ku atasan, sieun teu naek pangkat, sieun jabatana leungit, sabab
lamun teu naek pangkat atawa teu boga jabatan atuh gajih nya angger we paling
gede moal leuwih ti PGPN/PGPS/PGPM (anu keur ukuran pejabat biromah teu leuwih
ti penghasilan si JAY sebagai supir angkot), para pejabatmah sieun teu dibere
SPJ kuatasanana, dimana ieuteh anu ngasasilkeun duit tambahan, sieun teu
meunang jatah kavling, pokonamah loba kasieun anu antukna pejabatmah lain KKO
(kalahka omong) tapi kalahka cicing, kalahka ngajilat jeung kalahka hees, dari
pada ngalawan atasan (sanajan atasan salah) mending cicing, aman, dapur
ngebul, pangkat naek terus, jabatan angger, bari ngadoa sing secepatna bisa
jadi pejabat anu leuwih luhur ngaganti atasanana anu didoakeun geura maot
atawa gure pensiun, buktosna kalakuan para pejabat jiga kieu jelas pisan,
puluhan tahun nagara kalahka ramijud kusabab dipimpin kunu model kieu, hasilna
pangangguran puluhan juta, kekayaan alam dikeupeul/dirampok ku asing cicing
wae, jeung loba deui nu teu perlu disebutkeun didieu da ku sakabeh umat geus
katingali (obvius).
Kusieun-sieuna pejabat leungit jabatan atawa teu naek jabatan, ulah heran lamun
manehna wani nyogok ka sasama pajabat atawa atasana supaya jabatan minimal
anger, atuh syukur lamun dinaekeunmah. Ieu obvius kang. Kulantaran kitu sakali
deui, sabenernamah pejabat teh umumna jadi jelema sieunan, sok mangga diemut
naha tiasa jalma sieunan menghasilkan produk nu hade ?
<!--[if !supportEmptyParas]--> <!--[endif]-->
Duh waas nya waktos para pejabat DPR, Mentri jeung sajabana naraekeun gajihna
sorangan
. Dholim namina.
<!--[if !supportEmptyParas]--> <!--[endif]-->
Cag pajabat anu kalahka cicing, kalahka ngajilat jeung saterusna.
<!--[if !supportEmptyParas]--> <!--[endif]-->
Atuh ayeuna urang percayakeun we ka akang Suteja hiji pejabat anu hebat, tong
ageung-ageung teuinglah tugasna, tugaspertamamah cing pangurugkeun eta lobang
di Gedung sate anu asalna rek dipake mesdjid, sing rata deui sabihara-bihari,
mangga akang nyarios kapimpinan akang upami wantunmah. Atuh bilih tantangan eta
terlalu kecil, cing pangbereskeun daerah kumuh sapanjang jalan suci, cicadas,
cikutra anu rarujit, sumpek ku PKL anu teu merenah anu ngakibatkeun daerah ieu
leuwih butut dibanding lokasi pemukiman pengungsi, atawa naek tingkat atuh
tugasna anu rada hese cing pangusahakeun/pandorongkeun iklim usaha di Bandung
supaya para sarjana anu jumlahna 670000 rebu anu ngalanggur (gawena hees wae
kusabab prustasi) bisa arusaha sorangan, minimal keur dirina soranganlah,
lamun masih kurang gede tantangana, cing atuh pangelingankeun eta anggauta DPR
Jabar balikeun duit kavling gate kitu, terus pake keur ngaberesihan solokan
sabunderen Bandung anu mendet supaya daerah penduduk
malarat di Bandung selatan ulah kabanjiran wae
.. jst.
<!--[if !supportEmptyParas]--> <!--[endif]-->
Atuh cenah masih teu sanggup ngabebenah nu diluhur, berat teuing, cing
parobahkeun system ngajieun KTP, supaya 45 menit jadi, bari jeung datana
langsung disimpen dihiji database Nasional, jadi no KTP teh ngan ukur sakali
ngajieun Saumur hirup berlaku disaluruh Indonesia, diklik dimana wae hasilna
ngan hiji, kitu oge lamun ganti alamat permanent teu kudu pusing-puding,
tinggal klik dimana domisili baru, terus KTP nu lila digunting, atuh bari jeung
gratis, kan KTP-mah lain kawajiban penduduk, tapi kawajiban nagara ngalindugan
rakyatna kupengakuan sebagai warga negara.
<!--[if !supportEmptyParas]--> <!--[endif]-->
Cag sakieu heula, wilujeng berjuang janten pejabat publik kang, kade omat
ulah janten penjahat publik.
<!--[if !supportEmptyParas]-->
Punten kang sanes muji, Garut selatan memang endah pisan, teu percanteun ? sok
ameng ka Bungbulang, oge ka Cilaut eureun.
Tapi kade kang salah-salah tanah Garut endah tur tumaninah dirampas ku kaum
borjuis, saperti Bandung utara ayeuna, mangga uningaan daerah Dago resort jsb,
mangga uningaan urang mana nu ngageugeuhna ayeuna.
<!--[endif]-->
Salam Baktos ti Ely Evalita rakyat biasa anu sanes pejabat tapi sanes oge
penjahat.
<!--[if !supportEmptyParas]--> <!--[endif]-->
<!--[if !supportEmptyParas]--> <!--[endif]-->
Suteja Amijaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Gaya postingan teh Ely jeung kang Irfan asana mibanda tipikal anu sarua.
Jejer ngeusi, analisa eh sawangan kuat. Ti mimiti kuring geus boga gerentes,
tah nu kieu yeuh nu ayeuna dibutuhkeun ku bangsa urang teh. Teuneung ludeung
leber wawanen suda karempan. Teu regrog najan pada ngarentogan. Teu gimir mawa
gagasan mahiwal beda jeung umum.
Asli, uing reueus najan ukur nyerangkeun bari ngahariring, "dia yang
disana.... berani tampil beda" kawih kameumeut mangsa rumaja. Nalika mimiti
derna repormasi kuring biluk ka Budiman Sujatmiko saparakanca alatan ku
kareueus model kitu. Tapi kareueus eta pupus da geuning KKO. Kalahka omong.
>>Ari bangsa urang. lah nya kitu tea, tong boro diajak perang, diajak lari 2
km oge tangtu ngajurahroh geura. kalahka beuteung we gararendut.
Ngarampa kalaipan awak sorangan, asana teu kudu bari tanggah teuing mikaserab
deungeun bari nyacampah awak sorangan. Ceuk saha bangsa urang -bangsa,lain
skala individu- moyodok? Bodo jeung elehan bisa mibanda harti anu relatip.
Bangsa Irak ge baheulana kungsi jadi puseur peradaban dunya. Berarti lain ngan
ukur kuat pisikna wungkul.
Kolot2 uing baheula wanian perang komo gelut. Ti mimita bebengok walanda
jepun nepi ka mangsana guyub pager bitis. Kuring sorangan, udud ti mimiti kelas
hiji smp nepi ka ayeuna. Indit sakola bari melenyun. Balik sakola bari melenyun
deuih. Tengah poe ereng2an latihan lumpat -sepor minangkana mah- ti hareupeun
imah nepi ka parapatan sarkanjut lemburna kang MH. Nanjak mudun bulak balik teu
eureun leuwih ti sapuluh kilo. Rute Cibiuk 10-K. Bangsa uing -tukang beca
tukang udud- ayeuna ge kuat keneh sigana.
Ceuk kuring, serab ku batur bari ngutruk awak sorangan moal jadi ubar. Ukur
jadi tamba. Tamba kawaranan, tamba elekesekeng.
Cag heula ah, bisi pajarkeun Garut sentris. Geus opatan anu mairan garut
kabeh. Garut, bisi teh Ey hilap kungsi dilandih Parijs van Java. Matak geuning
kacida endahna ceuk si teteh geulis oge.
baktos,
Teja
::pajabat nu teu kudu korupsi kadar keur nga-net. Loba duit ieuh, ngamodal we
da moal meakkeun jatah udud::
---------------------------------
Need a quick answer? Get one in minutes from people who know. Ask your
question on Yahoo! Answers.
---------------------------------
Looking for earth-friendly autos?
Browse Top Cars by "Green Rating" at Yahoo! Autos' Green Center.