Salaimun Alaikum,
Akang Suteja anu kasep anu bageur,
Aduh matak reueus aya pejabat model akang ngiringan milist kieu,kade
ah padamelan utami bangkar.
KKO = kalahka omong.
Sabenerna jelema kieu teh hebat, sabab jalma-jalma saperti Budiman CS
anu disebut KKO umumna jalma anu pendidikana teu luhur tur para buruh leutik
anu kahirupana weurit, tapi maranehnamah masih aya kawani ngomong ka penguasa
bari nuduhkeun hal-hal anu teu bener menurut logika berfikir orang waras,
loba tindakan anu teu adil menurut ukuran standar manusia hirup, misalna
cacah kuricakanmah haying meunang duit 700 perak sabulan the kudu buburuh
nepi ka subuh jeung kuli nepi ka janari, sementara pimpinan nagaa meunang
gajih jutaan bari jeung heuay atawa molor dina sidang, maranehna samodel
Budiman teh rakyat leutik nu wani KKO bari jeung teu sieun risiko anu bakal
tumiba kana dirina sorangan, boh diteror ku kaum borjuis, atawa para pejabat
anu korup, malah teu aya motive hayang dibayar sagala.
Sakitu oge geus Alhamdulilah maranehna masih keneh daek ilu biung ku
omongan, lamun heunteu, tada teuing beuki hancurna ieu nagara, atuh cenah
kalahka omong, wajar pisan pan ngarana oge jelema dhuafa harta jeung dhuafa
ilmu, jelema teu boga, malarat kadungsang dungsang, teu boga kakawasaan nanaon,
rek ngomong, rek nulis atawa rek dahar oge menta bantuan asing melalui LSM anu
dibanguna, sabab menta bantuan kabangsana soranganmah daripada digubris
kalahka dipupuas bari jeung dilecehkeun, komo menta bantuan ka pejabatmah alah
batan dibere kalahka diulinkeun, nungguan hayang panggih rek ngadukeun nasib
rakyat sejena oge kaburu hos manten. Geus kitu lamun cenah bisa
pahareup-hareup, can ge ngong geus dijejeleh manten. Jadi KKO ieu hiji
perjuangan keur cacah kuricakan model Budiman CS-mah.
Cag sakieu heula keu nu KKO.
Ayeuna urang tinggali kalakuan sababaraha pejabat atawa intelektual anu
sanesna (selain akang tangtosna oge, margi akang Suteja mah pan pejabat anu
hebat).
Pejabatteh umumna pagawe negri nu hirupna nyasat nitipkeun beuteung
kanagara, jadi mentalna leuwih goreng ti mental buruh oge, malah kadang-kadang
mental priyayi anu justru haying dilayani, ieupan ti balik jeung tujuan
pengelola negara, dimana pejabatteh sabenerna sebagai pejabat publik anu kudu
menservis rakyat, malah kadang aya pejabat anu mentalna baramaen, nyaeta sok
punta penta kanu malarat, malah nu leuwih geundengmah sok papaling nya
motongan gajih anu leuwih leutik.
Gajihna pejabat the tergantung kana karierna anu jelas tergantung kana belas
kasihan atasan, atuh puguh maranehna loba kasieun, utamana sieun teu
dipikanyaah ku atasan, sieun teu naek pangkat, sieun jabatana leungit, sabab
lamun teu naek pangkat atawa teu boga jabatan atuh gajih nya angger we paling
gede moal leuwih ti PGPN/PGPS/PGPM (anu keur ukuran pejabat biromah teu leuwih
ti penghasilan si JAY sebagai supir angkot), para pejabatmah sieun teu dibere
SPJ kuatasanana, dimana ieuteh anu ngasasilkeun duit tambahan, sieun teu
meunang jatah kavling, pokonamah loba kasieun anu antukna pejabatmah lain KKO
(kalahka omong) tapi kalahka cicing, kalahka ngajilat jeung kalahka hees, dari
pada ngalawan atasan (sanajan atasan salah) mending cicing, aman, dapur
ngebul, pangkat naek terus, jabatan angger, bari ngadoa sing secepatna bisa
jadi pejabat anu leuwih luhur ngaganti atasanana anu didoakeun geura maot
atawa gure pensiun, buktosna kalakuan para pejabat jiga kieu
jelas pisan, puluhan tahun nagara kalahka ramijud kusabab dipimpin kunu model
kieu, hasilna pangangguran puluhan juta, kekayaan alam dikeupeul/dirampok ku
asing cicing wae, jeung loba deui nu teu perlu disebutkeun didieu da ku
sakabeh umat geus katingali (obvius).
Kusieun-sieuna pejabat leungit jabatan atawa teu naek jabatan, ulah heran
lamun manehna wani nyogok ka sasama pajabat atawa atasana supaya jabatan
minimal anger, atuh syukur lamun dinaekeunmah. Ieu obvius kang. Kulantaran
kitu sakali deui, sabenernamah pejabat teh umumna jadi jelema sieunan, sok
mangga diemut naha tiasa jalma sieunan menghasilkan produk nu hade ?
Duh waas nya waktos para pejabat DPR, Mentri jeung sajabana naraekeun
gajihna sorangan
. Dholim namina.
Cag pajabat anu kalahka cicing, kalahka ngajilat jeung saterusna.
Atuh ayeuna urang percayakeun we ka akang Suteja hiji pejabat anu hebat,
tong ageung-ageung teuinglah tugasna, tugaspertamamah cing pangurugkeun eta
lobang di Gedung sate anu asalna rek dipake mesdjid, sing rata deui
sabihara-bihari, mangga akang nyarios kapimpinan akang upami wantunmah. Atuh
bilih tantangan eta terlalu kecil, cing pangbereskeun daerah kumuh sapanjang
jalan suci, cicadas, cikutra anu rarujit, sumpek ku PKL anu teu merenah anu
ngakibatkeun daerah ieu leuwih butut dibanding lokasi pemukiman pengungsi,
atawa naek tingkat atuh tugasna anu rada hese cing
pangusahakeun/pandorongkeun iklim usaha di Bandung supaya para sarjana anu
jumlahna 670000 rebu anu ngalanggur (gawena hees wae kusabab prustasi) bisa
arusaha sorangan, minimal keur dirina soranganlah, lamun masih kurang gede
tantangana, cing atuh pangelingankeun eta anggauta DPR Jabar balikeun duit
kavling gate kitu, terus pake keur ngaberesihan solokan sabunderen Bandung anu
mendet supaya
daerah penduduk malarat di Bandung selatan ulah kabanjiran wae
.. jst.
Atuh cenah masih teu sanggup ngabebenah nu diluhur, berat teuing, cing
parobahkeun system ngajieun KTP, supaya 45 menit jadi, bari jeung datana
langsung disimpen dihiji database Nasional, jadi no KTP teh ngan ukur sakali
ngajieun Saumur hirup berlaku disaluruh Indonesia, diklik dimana wae hasilna
ngan hiji, kitu oge lamun ganti alamat permanent teu kudu pusing-puding,
tinggal klik dimana domisili baru, terus KTP nu lila digunting, atuh bari
jeung gratis, kan KTP-mah lain kawajiban penduduk, tapi kawajiban nagara
ngalindugan rakyatna kupengakuan sebagai warga negara.
Cag sakieu heula, wilujeng berjuang janten pejabat publik kang, kade omat
ulah janten penjahat publik.
Punten kang sanes muji, Garut selatan memang endah pisan, teu percanteun ?
sok ameng ka Bungbulang, oge ka Cilaut eureun.
Tapi kade kang salah-salah tanah Garut endah tur tumaninah dirampas ku kaum
borjuis, saperti Bandung utara ayeuna, mangga uningaan daerah Dago resort jsb,
mangga uningaan urang mana nu ngageugeuhna ayeuna.
Salam Baktos ti Ely Evalita rakyat biasa anu sanes pejabat tapi sanes
oge penjahat.
Suteja Amijaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Gaya postingan teh Ely jeung kang Irfan asana mibanda tipikal anu sarua.
Jejer ngeusi, analisa eh sawangan kuat. Ti mimiti kuring geus boga gerentes,
tah nu kieu yeuh nu ayeuna dibutuhkeun ku bangsa urang teh. Teuneung ludeung
leber wawanen suda karempan. Teu regrog najan pada ngarentogan. Teu gimir mawa
gagasan mahiwal beda jeung umum.
Asli, uing reueus najan ukur nyerangkeun bari ngahariring, "dia yang
disana.... berani tampil beda" kawih kameumeut mangsa rumaja. Nalika mimiti
derna repormasi kuring biluk ka Budiman Sujatmiko saparakanca alatan ku
kareueus model kitu. Tapi kareueus eta pupus da geuning KKO. Kalahka omong.
>>Ari bangsa urang. lah nya kitu tea, tong boro diajak perang, diajak lari 2
km oge tangtu ngajurahroh geura. kalahka beuteung we gararendut.
Ngarampa kalaipan awak sorangan, asana teu kudu bari tanggah teuing
mikaserab deungeun bari nyacampah awak sorangan. Ceuk saha bangsa urang
-bangsa,lain skala individu- moyodok? Bodo jeung elehan bisa mibanda harti anu
relatip. Bangsa Irak ge baheulana kungsi jadi puseur peradaban dunya. Berarti
lain ngan ukur kuat pisikna wungkul.
Kolot2 uing baheula wanian perang komo gelut. Ti mimita bebengok walanda
jepun nepi ka mangsana guyub pager bitis. Kuring sorangan, udud ti mimiti
kelas hiji smp nepi ka ayeuna. Indit sakola bari melenyun. Balik sakola bari
melenyun deuih. Tengah poe ereng2an latihan lumpat -sepor minangkana mah- ti
hareupeun imah nepi ka parapatan sarkanjut lemburna kang MH. Nanjak mudun
bulak balik teu eureun leuwih ti sapuluh kilo. Rute Cibiuk 10-K. Bangsa uing
-tukang beca tukang udud- ayeuna ge kuat keneh sigana.
Ceuk kuring, serab ku batur bari ngutruk awak sorangan moal jadi ubar. Ukur
jadi tamba. Tamba kawaranan, tamba elekesekeng.
Cag heula ah, bisi pajarkeun Garut sentris. Geus opatan anu mairan garut
kabeh. Garut, bisi teh Ey hilap kungsi dilandih Parijs van Java. Matak geuning
kacida endahna ceuk si teteh geulis oge.
baktos,
Teja
::pajabat nu teu kudu korupsi kadar keur nga-net. Loba duit ieuh, ngamodal we
da moal meakkeun jatah udud::
---------------------------------
Need a quick answer? Get one in minutes from people who know. Ask your question
on Yahoo! Answers.