KERIS TANGGUH PAJAJARAN
euweuh saung anu nangtung
euweuh kandang tinggal papalang
euweuh leuit anu kari
euweuh imah anu hanteu kalentah
euweuh kamurang anu garonjang
euweuh danau anu garedog
euweuh pangpang sora katincak
euweuh areuy tapak muranteng
---------------------------------------
papay, tapi ulah sapapay papayna
cukcruk, tapi ulah sacukcrukna
teang, tapi ulah sateang-teangna
tapi siar, kupikiran anu panjang
kupangdeuleu anu jauh
ejeung hate anu rancage
sabab, lacak pajajaran nyieun sasar
kusakabeh, nu nyalarna tanpa dadas
nu maraksa uga sina ngawaruga
nu harayang disebut loba kaweruh
bari ngaku-ngaku, yen ragana
padahal ngalodjokeun batur-batur ku ilapat anu salah
Lamun maca-maca ngeunaan keris, dina hiji buku disebatkeun yen jaman keris
teh dimimitian ku jaman samemeh pajajaran. Di jaman ieu jamanna kajayaan Hindu
jeung Budha. Mimiti abad 10 aya caritaan ngeunaan keris, samodel Keris Empu
Gandring.Ceuk Ki Darmosoegito tea mah dina bukuna nu judulna dhuwung jaman na
Sang Prabu Maha Dewa Buda. Tapi mun ceuk Jaman na Purwacarita atawa jaman entah
berantah mah aya hiji Empu Ramajati nu sok nyieunan sanjata samodel Pasopati,
Sarotama, Trisula, Keris jrrd. Empu ieu nurunkeun silsilah Empu nu lainna
nyaeta Empu Bromokedhali nu ngaran kerisna Keris Tundung-Mungsuh jeung Keris
Kyai Kader, Empu Cakang nu nyieun Keris Manglar.
Jaman kadua jamanna Pajajaran, ceuk carita-carita Babad,Empu anu kakoncara
teh nyaeta Empu Keleng nu nyieun Keris Kyai Kopek, nyaeta keris lempeng, dapur
tilam upih, pamor tambal; wesi kawas batutulis(lumer). Eta keris ayeuna
dipimilik ku R.M.A Widodo Sontodipuro, Surakarta. Aya deui Empu Nyi Sombro nu
nyieun Keris Kopek, nyaeta keris lempeng Dapur Kebo Lajer, Pamor Sanah, gagang
atawa ukiran na kawas patung awewe. Jaman-jaman keris teh dituluykeun deui ku
jaman majapahit nu aya dina babad sok disebat Majalengka, jaman Demak jamanna
para Wali, jaman Pajang , jaman mataram, jeung jaman yogya-solo.
Keris oge aya nu ngaranna keris sakti, dina hiji wawacan Sumpena Kanagan aya
nu disebat keris tunggal naga nu dibogaan ku Raden Sumpena pamere Embah Gurita
Sagara. Di wawacan Jaka Paringga aya nu disebut keris setan kubur nu dibogaan
ku raja jaka paringga. Dinu naskah Cerbon ge disebutkeun aya hiji keris nu
ngaranna keris Kalamanggeng nu di bogaan Raden Sahid hiji bentuk jelmaan
Babakaur nu kalur ti larangan Nyi Kidul ratu nagara Kandari. Keris Sakti nu
lainna oge disebutkeun dinu Babad Gebang, Wawacan Suryaningrat, Wawacan
Suryakanta, Wawacan Rangga Wulung, Wawacan Abdullah, Wawacan Achmad Muhamad,
jeung Wawacan Danumaya
.......... Nyambung ka bagean ka dua
Mapag Seren Taun Guru Bumi
Kampung Sindang Barang Desa Pasir Eurih,Kecamatan Taman Sari Kabupaten Bogor
3-4 Febuari 2007
http://geocities.com/serentaunsindangbarang
http://serentaunsbr.multiply.com
cag ach.
Pun Yayan
Moal kacipta ku pujangga
Moal kagambar ku tukang ngarang
Moal katepi ku tukang mikir
Moal kacatur ku juru pantun
---------------------------------
New Yahoo! Mail is the ultimate force in competitive emailing. Find out more
at the Yahoo! Mail Championships. Plus: play games and win prizes.