Saparantos ngilo program anu didadarkeun ku MJ kanggo kapayuna, sim abdi
ngiring ngarojong saupami tanaga sareng emutan sim abdi diperyogikeun insya
Allah bade ngiring ngabantos sakamampu nu aya dina diri abdi.
Tapi panginten sateucana kedah aya gempungan heula kanggo matotoskeun ieu
rencan kapayuna,
mangga diantos wartos salajengna. nuhun.

"kkbm'69"
-pami kanggo ngagentos janten pupuhu mah sim abdi teu acan
sayogi.......hehehe

On 1/10/07, Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Mang J.  (ieu oge mung usul..., kaci pan..)
Kanggo Pupuhu yayasan mah sim abdi masih ngarepkeun Mang J. (kitu oge
upami Mang J.
tos teu bosen...)
Kanggo rengrengan pangurus, mangga teh teuing bade dirobih oge, mung saena
anu aranom diajak ngaheuyeuk ieu yayasan.
Sim abdi ngusulkeun (upami kaci....), tilu jalmi
1. Saderek Iim Rohimat/Boim (upami jinisna kersaeun..)
2. Saderek Nanang Sutedja/Ndoel (upami jinisna kersaeun..)
3. Neng Imas Siti Masitoh/Salma Imas (upami jinisna kersaeun...)
4. Wargi sanesna anu sukarela janten pangurus.

Kirim email ke