Baraya, Lamun kabeneran poe minggu kamari nonton acara berita di TV, RCTI mun teu salah mah, salah sahiji beritana teh ngeunaan pentas seni anu ricuh. Pentas seni anu diayakeun di deukeut lapangan tenis indoor senayan teh ahirna rusuh. Acara eta teh mangrupakeun acara pentas seni (pensi) anu diayakeun ku SMU 44 Jakarta.
Kuring hadir dina acara eta sabab band babaturan kuring, Molenvliet ( www.friendster.com/molenvliet) kapeto jadi salah sahiji band pengisi acara. Acara anu dilaksanakeun malem minggu kamari teh meureun keur apes, sabab bentrok jeung acara pertandingan sepak bola. tah anu ngamimitian karusuhan teh nyaeta supporter bola teuing ti mana anu maksa hayang asup gratis. padahal lamun hayang asup kudu meuli tiket anu hargana Rp. 25,000,- Band Molenvliet manggung kira-kira jam 730 peuting. ngabawakeun 3 lagu. harita kaayaan masih cukup terkendali. ari band-band kokojo na anu rek manggung teh diantarana, Netral, The Upstairs, jeung Trio Macan !!!. he..he..he.. Tah kaayaan mulai panas waktu Trio macan manggung, ngabawakeun 4 lagu. kabehanana dinyanyikeun ku trio macan make gaya striptease. ngan pedah teu ditaranjang hungkul. atuh puguh penonton beuki panas. malahan mah aya anu nyawer Kondom sagala ka trio macan. tah waktu trio macan keur goyang mesum, jalma anu dilaluar anu teu bisa asup, pada maksa hayang asup. Tiket box anu dijaga ku gabungan Satpol PP jeung Brimob, beak diduruk. Ari satpol PP jeung Brimobna kusabab eleh jumlah, teu walakaya. Pager beusi anu ngawatesan lapangan, jebol. Ninggali kondisi kitu, Barudak Molenvliet mutuskeun baralik, sabab beuki peuting tangtu kaayaan bakal beuki harengheng. komo deui band kokojona dua deui acan tampil. ahirna kira-kira jam 10, kuring sabatur-batur balik. Waktu nepi ka tempat parkir motor, kuring ningali barudak ting kulinting di parkiran motor, aya anu mariksa kaayaan motor, aya anu neneangan helm jsb. Siganamah, waktu tadi aya kaributan di hareupeun tiket box, kaributan eta ngarembet ka tempat parkir motor. helm loba anu laleungitan, busi motor, jrrd. malahan babaturan kuring, vokalis Molenvliet, kaleungitan helm anu hargana Rp. 325,000,- !. Alhamdulillah Motor kuring mah walagri, teu naon-naon. helm oge jejeg. waktu ngaliwatan tempat parkir mobil, walah-walah, aya mobil Mitsubishi Lancer anu ancur. kacana beak, kap jeung bagasi penyok, spion leungit, ancur we lah pokonamah. aya deui sababaraha hiji beus anu di coretan ku pilox Garelo jelema ten, ceuk kuring na hate, mobil batur anu teu tuah teu dosa jadi korban. Isukna poe minggu, waktu kuring sabatur-batur rame ngobrolkeun kajadian peuting tadi, dina acara berita di RCTI, aya liputannana. pentas seni teh ahirna ricuh cenah, mobil anu diruksak beuki loba, stand makanan jeung bazar dijarah. peralantan panggung oge dijarah. Untung tadi peuting gura-giru balik, lamun telat jeung nungguan acara nepi ka anggeus, duka teuing naon anu bakal kajadian. Kuring jadi ngangres, naha kieu kitu kaayaan jalma urang ayeuna teh. balik deui jadi bangsa barbar anu teu make uteuk. ngandelkeun jumlah. lamun jumlah loba, asa kuat, bebas ngalakku naon wae sanajan ngarugikeun batur. *** Auto Band, "You", long time not see, what a nice rendezvous. It was a sweetest night i've ever had. When will we meet again?

