SMU 44, Klender ?, abdi kantos ngawulang di dieu basa
taun 1990-1994
--- irpan rispandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Baraya,
> Lamun kabeneran poe minggu kamari nonton acara
> berita di TV, RCTI mun teu
> salah mah, salah sahiji beritana teh ngeunaan pentas
> seni anu ricuh. Pentas
> seni anu diayakeun di deukeut lapangan tenis indoor
> senayan teh ahirna
> rusuh.
> Acara eta teh mangrupakeun acara pentas seni (pensi)
> anu diayakeun ku SMU 44
> Jakarta.
> 
> Kuring hadir dina acara eta sabab band babaturan
> kuring, Molenvliet (
> www.friendster.com/molenvliet) kapeto jadi salah
> sahiji band pengisi acara.
> 
> Acara anu dilaksanakeun malem minggu kamari teh
> meureun keur apes, sabab
> bentrok jeung acara pertandingan sepak bola. tah anu
> ngamimitian karusuhan
> teh nyaeta supporter bola teuing ti mana anu maksa
> hayang asup gratis.
> padahal lamun hayang asup kudu meuli tiket anu
> hargana Rp. 25,000,-
> 
> Band Molenvliet manggung kira-kira jam 730 peuting.
> ngabawakeun 3 lagu.
> harita kaayaan masih cukup terkendali. ari band-band
> kokojo na anu rek
> manggung teh diantarana, Netral, The Upstairs, jeung
> Trio Macan !!!.
> he..he..he..
> 
> Tah kaayaan mulai panas waktu Trio macan manggung,
> ngabawakeun 4 lagu.
> kabehanana dinyanyikeun ku trio macan make gaya
> striptease. ngan pedah teu
> ditaranjang hungkul. atuh puguh penonton beuki
> panas. malahan mah aya anu
> nyawer Kondom sagala ka trio macan.
> 
> tah waktu trio macan keur goyang mesum, jalma anu
> dilaluar anu teu bisa
> asup, pada maksa hayang asup. Tiket box anu dijaga
> ku gabungan Satpol PP
> jeung Brimob, beak diduruk. Ari satpol PP jeung
> Brimobna kusabab eleh
> jumlah, teu walakaya.
> Pager beusi anu ngawatesan lapangan, jebol.
> 
> Ninggali kondisi kitu, Barudak Molenvliet mutuskeun
> baralik, sabab beuki
> peuting tangtu kaayaan bakal beuki harengheng. komo
> deui band kokojona dua
> deui acan tampil. ahirna kira-kira jam 10, kuring
> sabatur-batur balik.
> 
> Waktu nepi ka tempat parkir motor, kuring ningali
> barudak ting kulinting di
> parkiran motor, aya anu mariksa kaayaan motor, aya
> anu neneangan helm jsb.
> Siganamah, waktu tadi aya kaributan di hareupeun
> tiket box, kaributan eta
> ngarembet ka tempat parkir motor. helm loba anu
> laleungitan, busi motor,
> jrrd.
> malahan babaturan kuring, vokalis Molenvliet,
> kaleungitan helm  anu hargana
> Rp. 325,000,- !.
> Alhamdulillah Motor kuring mah walagri, teu
> naon-naon. helm oge jejeg.
> 
> waktu ngaliwatan tempat parkir mobil, walah-walah,
> aya mobil Mitsubishi
> Lancer anu ancur. kacana beak, kap jeung bagasi
> penyok, spion leungit, ancur
> we lah pokonamah.
> aya deui sababaraha hiji beus anu di coretan ku
> pilox
> 
> Garelo jelema ten, ceuk kuring na hate, mobil batur
> anu teu tuah teu dosa
> jadi korban.
> 
> Isukna poe minggu, waktu kuring sabatur-batur rame
> ngobrolkeun kajadian
> peuting tadi, dina acara berita di RCTI, aya
> liputannana. pentas seni teh
> ahirna ricuh cenah, mobil anu diruksak beuki loba,
> stand makanan jeung bazar
> dijarah. peralantan panggung oge dijarah.
> 
> Untung tadi peuting gura-giru balik, lamun telat
> jeung nungguan acara nepi
> ka anggeus, duka teuing naon anu bakal kajadian.
> 
> Kuring jadi ngangres, naha kieu kitu kaayaan jalma
> urang ayeuna teh. balik
> deui jadi bangsa barbar anu teu make uteuk.
> ngandelkeun jumlah. lamun jumlah
> loba, asa kuat, bebas ngalakku naon wae sanajan
> ngarugikeun batur.
> 
> *** Auto Band, "You", long time not see, what a nice
> rendezvous. It was a
> sweetest night i've ever had. When will we meet
> again?
> 



 
____________________________________________________________________________________
8:00? 8:25? 8:40? Find a flick in no time 
with the Yahoo! Search movie showtime shortcut.
http://tools.search.yahoo.com/shortcuts/#news

Kirim email ke