hehe, sunda langgeng teh kumaha maksadna? teu aya awal teu aya akhir teh
kumaha, tah? sanes pangeran nu kitu mah?

maksad wiwitan dina konteks ieu, eta, kapercayaan nu  pangheulana diagem
urang sunda. agama sunda wiwitan, hartina agama (Atawa kapercayaan) urang
sunda asalna. da ayeuna seuseurna urang sunda ngagem agama sanes,Islam,
-sebut we agama impor ti timur tengah.

ari soal teu aya awal teu aya akhir mah sifat pangeran, sanes budaya nu
ngan jieunan jelema. budaya sorangan hirup jeung dihirupan jelemana, jadi
aya robahna, jst.

mj

http://geocities.com/mangjamal


> punten.tina basa sunda wiwitan nu hartosna Sunda asal saur sim kuring
mah
> eta tos lepat. Sunda mah teu aya wiwitan (awal/asal) sareng wekasan
(akhir) kumargi Sunda mah Langgeng. Komo upami dihubungkeun soal
kepercayaan urang Sunda, teu aya kitab sareng Nabi di Sunda mah, namina
oge Budaya warisan ti Luluhur Sunda.janten ulah di samikeun sareng
dibandingkeun sareng agama, margi sunda mah asli Indonesia bagian Jawa
Barat, upami agama mah di tingal ti asalna Islam : Arab, Kristen : Roma
,
> dll.
>
>




Kirim email ke