Museum Negri Sribaduga, iklana aya dina 
jilid majalah Mangle nu palih pengker.
unina kieu :

Balai Pengelolaan Museum Negri Sri Baduga
Jl.B.K.R. No.185 Telp. (022) 5210976 Fax. (022) 5223214 Bandung 40243
Buka : saban dinten tabuh 07.30 - 15.00 WIB

"Nyoreang alam ka tukang
nyawang mangsa nu datang
hayu urang teang
Sri Baduga museum urang"

yu..urang teang yuu...


-dul-
tukangteuing

--- In [email protected], "oman abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Enya MJ, Museum Sribaduga pantes pisan lamun dijadikeun tempat 
pajemuhan
> (kopdar) maneuh sadaya aktivis milist kasundaan. Teu kudu formal 
acarana
> mah, jeung teu kudu diwajibkeun, sawilasana wae.
> 
> Anapon jejer pajemuhan oge teu kudu formal-formal teuing, ngan ari
> ancer-ancer mah alus lamun disiapkeun. Usulan kang Kumi hade 
pisan, ngaguar
> naskah-naskah kasundaan. Ngan sigana, pikeun ngaguarna, kudu 
aya "angel"
> atawa sudut pandang anu pas jeung idek liher urang anu mindengna 
di dunya
> maya oge kasiapan urang anu rata-rata lain ahli sajarah atawa 
naskah kuno.
> 
> Enya asana Hbh munggaran atawa jauhna kadua anu kungsi 
dilaksanakeun di aula
> Sri Baduga. Nya harita, 5 taun katukang asana, mimiti pisan si 
kuring
> patepung lawung jeung Ua Sas, Mj, Kang Maman Gantra, Kang Eddy 
Nugraha,
> jeung nu sejenna,  anu dieuyeuban kasumpinganana pangersa Abah 
Surya.
> Sami-sami hatur  uhun Mj.
> 
> baktos,
> manAR
> 
> On 1/17/07, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >    Tah ieu, usul pikeu acara kumpul Kusnet, kaasup HBH, sae 
pisan mun
> > diayakeun di museum Sribaduga.
> >
> > Museum ieu gaduh aula oge, digigireunana. Hbh nu kadua kitu, 
kantos di
> > dinya. Munggaran pendak sareng abah Surya
> >
> > (HR Hidayat Suryalaga, salah saurang budayawan Sunda), nuhun ka 
kang Oman
> > nu tos ngajak anjeuna harita.
> >
> > 
> >
>


Kirim email ke