Enya MJ, Museum Sribaduga pantes pisan lamun dijadikeun tempat pajemuhan
(kopdar) maneuh sadaya aktivis milist kasundaan. Teu kudu formal acarana
mah, jeung teu kudu diwajibkeun, sawilasana wae.

Anapon jejer pajemuhan oge teu kudu formal-formal teuing, ngan ari
ancer-ancer mah alus lamun disiapkeun. Usulan kang Kumi hade pisan, ngaguar
naskah-naskah kasundaan. Ngan sigana, pikeun ngaguarna, kudu aya "angel"
atawa sudut pandang anu pas jeung idek liher urang anu mindengna di dunya
maya oge kasiapan urang anu rata-rata lain ahli sajarah atawa naskah kuno.

Enya asana Hbh munggaran atawa jauhna kadua anu kungsi dilaksanakeun di aula
Sri Baduga. Nya harita, 5 taun katukang asana, mimiti pisan si kuring
patepung lawung jeung Ua Sas, Mj, Kang Maman Gantra, Kang Eddy Nugraha,
jeung nu sejenna,  anu dieuyeuban kasumpinganana pangersa Abah Surya.
Sami-sami hatur  uhun Mj.

baktos,
manAR

On 1/17/07, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

   Tah ieu, usul pikeu acara kumpul Kusnet, kaasup HBH, sae pisan mun
diayakeun di museum Sribaduga.

Museum ieu gaduh aula oge, digigireunana. Hbh nu kadua kitu, kantos di
dinya. Munggaran pendak sareng abah Surya

(HR Hidayat Suryalaga, salah saurang budayawan Sunda), nuhun ka kang Oman
nu tos ngajak anjeuna harita.



Kirim email ke