Hehehe nguras toren saminggu sakali...teu kabayang...jigana matak nyareri awak.
Kang Firman, cingan kuring rek nanya heula : Kahiji, naha eusi tangki (toren) saringan teh sarua jeung nu aya di sasaungan kuring nu hartina aya keusik, koral, injuk jeung areng batok kalapa...?!Mana komposisina nu panglobana...?!Keusik sanes...?! Kadua, keusik nu dianggo ku Kang Firman kanggo media saringan jenis/teksturna kumaha...?!Keusik kali atanapi keusik tambang...?! Katilu, diayak heula teu eta keusik teh sateuacan dilebetkeun kana tangki (toren)...?!Bisi keusik nu dianggo ku Kang Firman ukuranna lembut (leutik) teuing. Sanes ku nanaon, aya kasus, nganggo saringan keusik lain nambahan bersih cai teh, tapi kalah ka nambahan TDS-na. Eta teh lantaran keusik nu dianggona lalembut teuing, campur jeung taneuh... Ngeunaan teknik ngaherangkeun cai... Sakanyaho kuring mah, teknologi tradisional mung saringan keusik wungkul. Mun teknologina canggih atawa rada canggih mah rea. Tapi, umumna eta teknologi ngaherangkeun cai nganggo media mangrupa membran. Misalna bae teknologi Reverse Osmosis (RO), Ultrafiltrasi jsb. Aya oge nu rada motekar saeutik, komponen aktif tina keusik, areng batok kalapa atawa tawas jsb. diala, terus dijieun, dimodifikasi jadi mangrupa granul (butiran). Eta granul sarua dianggo pikeun ngaherangkeun cai jiga saringan keusik nu tradisional... Aya dosen kuring di ITB, Bu Susi sareng Pak Wenten, aranjeunna ahli membran. Waktu bencana tsunami di Aceh, hiji-hijina teknologi nu bisa diaplikasikeun di Aceh pikeun nedunan kabutuh cai bersih nyaeta membran ultrafiltrasi (oge RO)-na Pak Wenten. Cenah eta oge. Baktos, OTA Pangalaman kuring mah Cai teh pas mimiti ngocormah herang tapi lamun geus disimpen we sapeuting bleg we jadi koneeeeeennnngggg (supaya anteb) make saringan anu model Kang Ono kitu pernah dicoba ngan teu nyugemakeun najan ngurangan tetep rada koneng jeung kudu nguras saminggu sakali (da dedekna loba pisan) akhirna make tawas jadi herang rang rang rang jeung cai jadi karasa leuwih tiis ngan oge kudu nampung terus mere tawas unggal poe tapi nguras bisa rada anggang waktuna (2 minggu atawa 3 minggu) leuwih cape tapi hasil leuwih herang meungpeung aya nu leuwih pangalaman yeuh aya tehnik lain deui teu ngaherangkeun cai teh ? On 1/17/07, [EMAIL PROTECTED] <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Tipeureu...?! Tipeureu teh naon nya Kang...?! Senyawa beusi oksida nu kumalayang dina cai warnana koneng sanes...?!Meureun ketang... Baktos, OTA *** Era aing mah sok sanajan urang sunda tapi rea kecap sunda nu teu apal heuheu...

