Ari persis mah heunteu
Malih mah ngangge batu beureum sagala (gantina koral sawareh)
Areng na areng sate Kang
Keusikna diayak da sieun mengpet

Memang di daerah eta geus kawentar caina goreng pisan

Tapi sumpeh nguras saminggu sakali he he he he .....
siga nu bedas nya kang, padahal lain toren da ......
dreum palastik anu biru jangkungna sacangkeng
caina ngan ukur diliwatkeun wae pan, terus tampung kana ember atawa bak




On 1/18/07, [EMAIL PROTECTED] <[EMAIL PROTECTED]> wrote:


Hehehe nguras toren saminggu sakali...teu kabayang...jigana matak nyareri
awak.

Kang Firman, cingan kuring rek nanya heula :

Kahiji, naha eusi tangki (toren) saringan teh sarua jeung nu aya di
sasaungan kuring nu hartina aya keusik, koral, injuk jeung areng batok
kalapa...?!Mana komposisina nu panglobana...?!Keusik sanes...?!
Kadua, keusik nu dianggo ku Kang Firman kanggo media saringan
jenis/teksturna kumaha...?!Keusik kali atanapi keusik tambang...?!
Katilu, diayak heula teu eta keusik teh sateuacan dilebetkeun kana tangki
(toren)...?!Bisi keusik nu dianggo ku Kang Firman ukuranna lembut (leutik)
teuing.

Sanes ku nanaon, aya kasus, nganggo saringan keusik lain nambahan bersih
cai teh, tapi kalah ka nambahan TDS-na. Eta teh lantaran keusik nu dianggona
lalembut teuing, campur jeung taneuh...

Ngeunaan teknik ngaherangkeun cai...
Sakanyaho kuring mah, teknologi tradisional mung saringan keusik wungkul.
Mun teknologina canggih atawa rada canggih mah rea. Tapi, umumna eta
teknologi ngaherangkeun cai nganggo media mangrupa membran. Misalna bae
teknologi Reverse Osmosis (RO), Ultrafiltrasi jsb. Aya oge nu rada motekar
saeutik, komponen aktif tina keusik, areng batok kalapa atawa tawas jsb.
diala, terus dijieun, dimodifikasi jadi mangrupa granul (butiran). Eta
granul sarua dianggo pikeun ngaherangkeun cai jiga saringan keusik nu
tradisional...

Aya dosen kuring di ITB, Bu Susi sareng Pak Wenten, aranjeunna ahli
membran. Waktu bencana tsunami di Aceh, hiji-hijina teknologi nu bisa
diaplikasikeun di Aceh pikeun nedunan kabutuh cai bersih nyaeta membran
ultrafiltrasi (oge RO)-na Pak Wenten. Cenah eta oge.



Baktos,
OTA



Kirim email ke