Nambihan ah, tadi kalangkung.. 
Tos sabaraha lami operasi sectiona? biasana pami istri tos
ngalahirkeun, aya istilah baby blues, kahoyongna teh nangis, bari teu
puguh naon alesanana. Kuciwa, emosional, tapi abdi mah ngalaman kitu
teh mung 2 dintenan. Jigana ku cape tea ngurus budak, gugah wengi,
sareng kaganggu kulem. Aya kasus ceuk dina majalah, aya ibu-ibu nu
ngalaman baby blues eta dugi ka 4-6 sasih sabada ngalahirkeun.
Gumantung jalmina oge saleresnamah, ari dinikmati mah, ikhlas ngurus
budak, moal geura. Malihmah jadi langkung enjoy sareng nyaah ka budak
teh. :)

Kanggo langkung uninga mah, tiasa ngagaleuh buku judulna Pemulihan
Pascaoperasi Caesar, Penerbitna Erlangga.

~indungna si Bagja~

--- In [email protected], Putera Kinasih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Sareng bade tumaros, ari pasca operasi sectio aya pakaitna sareng
perobahan perilaku istri -uring-uringan-....
>   Hatur nuhun 


Kirim email ke