Sumuhun Kang, abdi oge kamari aya nu naros kitu :-)
Abdi teu pati apal oge, abdi ngajawab sakeunana;
Cekeng teh kecap alus we biasana keur anu dipikahormat ku masyarakat sapertos
gegeden atawa ajengan. Abdi nyaruakeun sareng kecap Pangeresa oge Juragan :-)
Tapi pan ayeuna mah kecap juragan sok satengah dianggo heureuy atanapi
supados langkung wanoh?! Ceuk pamanggih abdi langkung sae...hartina kecap
juragan ngalegaan dina makena jeung ngaleungitkeun geutah feodalna(?,!)
Benten sareng kecap "bibi" anu asa ngaheureutan...panginten kitu oge :-)
baktos,
porenges,
Gunawan Yusuf Miarsadireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kecap "gamparan" teh dianggo keur saha ?, naha ayeuna
jarang kakuping ?, teu dianggo deui ?
__________________________________________________________
Cheap talk?
Check out Yahoo! Messenger's low PC-to-Phone call rates.
http://voice.yahoo.com
---------------------------------
Any questions? Get answers on any topic at Yahoo! Answers. Try it now.